Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

24 Januari 2023, 10:00 WIB
Mang Ayi juru pantun ti Subang keur pagelaran. Hareupeunana sasajen. Pantun teh seni nu leubeut ku mistik. /

GALURA -Anu dianjangan teh keur ngadaweung di tepas imahna, bari nyonyo kacapi kameumeutna nu dingaranan Nyi Mas Pohaci Rinukasih. Imah Mang Ayi Ruhyat di tengah sawah di wewengkon Subang Kidul.

Nyi Mas Pohaci Rinukasih teh kacapi warisan ti bapana. “Umur kacapina tos puluhan taun,” ceuk Mang Ayi bari mamérkeun kacapi siter, anu biasa di paké mantun ku dirina.

Mang Ayi, juru pantun nu kaasup moyan, nétélakeun asal-usul kacapi pantun. Ceuk béja nu katarima ku dirina, kacapi pantun téh téh warugana Nyi Mas Pohaci Rinukasih.

Baca Juga: Nénéng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Unggal bagian kacapi téh cenah mah gambaran tina jirimna Pohaci atawa mun di Jawa mah Dewi Sri, lambang kasuburan bumi.

“Parungpung diangken tangtung, galang diangken létah, caruk nu diangken gelung, susuna diangken inang, pureut diangken panangan, kawat diangken urat,” ceuk Mang Ayi.

Pantun dijadikeun média dina upacara nginebkeun, ampih paré, jeung hajat lembur.

Kecap pantun, ceuk Mang Ayi wancahan tina patutunggalan. "Anu dimaksud patutunggalan lain hartina ngadu kasakten, tapi nu dipaénkeun ku saurang, atawa pamaénna tunggal,” ceuk Mang Ayi.

Arthur S. Nalan, dina bukuna Anatomi Téater Daérah, nyebutkeun kecap pantun téh asalna tina kecap “paharé” atawa paré. Ieu dumasar kana raketna pantun jeung ritual kasuburan.

Keur ngahormat Dewi Sri Rumbiyang Jati atawa Nyi Pohaci, saban mitembeyan panen atawa nyalin teu weléh dijajap ku jentréngna seni pantun.

Ceuk Mang Ayi, carita pantun téh pikeun ngahormat Déwi Sri nyaéta Buyut Matao: anu gaduh Gunung Padang, Paré Gumulung, Gumilang, anu gelar ngagulung di gunung Padang, anu ngadamel pacul jeung arit. Anu ngawujud jadi paré bodas, paré beureum, paré konéng jeung paré hideung.

Baca Juga: Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

Di luar konteks ritual Déwi Sri, umumna carita pantun nyaritakeun para putra Prabu Siliwangi raja Pajajaran anu keur ngalalana keur ngalegaan wilayah Karajaan Pajajaran.

Di antarana wae Munding Laya Dikusumah nu nyaritakeun putra mahkota Pajajaran ngala layang salaka domas. Carita pantun Munding Laya Dikusumah kaasup sakral.

Carita pantun sejenna anu dikaramatkeun ku juru pantun, ceuk Jakob Sumarjo dina buku Simbol-Simbol Artepak Budaya Sunda, salain ti Munding Laya Dikusuma: Lutung Kasarung, Ciung wanara, Mundinglaya jeung Nyai Sumur Bandung.

Henteu sakabéh juru pantun ludeung mantunkeun carita pantun bieu. Juru pantun nu geus kahot nu wanieun ngadadarkeunana.

Juru pantun anu wanieun mintonkeunana leuwih ti heula kudu tirakat atawa meresihan diri dina sagala rereged hirup, jeung salila mantun kudu manteng ka Nu Maha Kawasa.

Baca Juga: Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

Carita pantun anu dikaramatkeun mah teu asal kitu wae pagelaranana, susuguh atawa sasajen oge kumplit, kaasup parupuyan keur meuleum menyan.

Seni pantun dipintonkeun dina acara ngaruat lembur, ngaruat ngadegkeun imah, numbal tempat, ampih paré, nginebkeun, wuku taun, sérén taun, salametan 40 poé anu geus ngalahirkeun, ngawinkeun, jeung nyunatan.

Teu kawas kana pagelaran seni sejenna, pantun mah kudu bener-bener dibandunganana.

Saméméh ngagelar seni pantun, juru pantun nyiapkeun sasajén, kayaning parupuyan, pangradinan (alat-alat keur hias diri jeung dangdan), parawanten (kadaharan) jeung panyinglar bala (daun caringin, tiwu, jeung hanjuang).

Malah mah memeh prung oge juru pantun kudu mujasmedi heula, manteng ka Nu Maha Kawasa.

Parawanten nu kudu disiapkeun sarupaning kupat leupeut tangtang angin, cau raja bulu sasikat, endog, béas, duit kencring, bakakak, congcot, surutu, kopi pait, kopi amis, jeung rurujakan.

Raracik keur kaperluan ngaruat nu kudu disuguhkeun teh cobék hayam atah, cai ti tujuh muara atawa sungapan, haur konéng jeung hanjuang.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler