Kabayan Ngalanglang Jaman (18) : Lalakon Ki Udi alias Oidipus

- 21 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

LENG, sajongjongan Oidipus ngahuleng.

Bener-bener lieur gunem catur jeung jalma anyar pinanggih mah, ceuk pikirna. Lieur ngabandunganana. Lieur ngéngklokanana.    

"Ké heula, jalma anyar pinanggih...," pokna, bari semu nu mikir. "Bieu disabit-sabit, andika wawuh ka kaula téh tina buku mitologi Yunani, tina literatur-literatur, tina sakumna karya seni, kaasup seni sastra..."

"Enya, kitu pisan!"

"Naha teu salah?"

"Lebah mana salahna?" Profésor Kabayan kalah malik nanya.

"Anu jadi kehémeng kaula, piraku kahirupan kaula nu sagemblengna aya anu nganyahoankeun, tuluy ujug-ujug baé aya ngadokuméntasikeun bari kaulana teu kungsi apal..."

Baca Juga: Galura edisi cetak Minggu III Mei 2023, Ngaprak ka Gandrungmangu Cilacap, Kapamingpin Zaman Pajajaran

"Apan ku kami gé tadi geus disebutkeun, kami duaan téh datang ti abad nu bakal datang, abad jaganing jaga ti nu mangsa nu ayeuna. Kami duaan téh hirup dina jaman anu béda jeung andika!"

"Abad nu béda jeung kaula? Kumaha bisa tepi ka kitu?"

"Duh, ulah bulak-balik deui ka dinya atuh nanyana. Matak lieur ngajawabna!" omong Profésor Kabayan, garo-garo teu ateul.

"Justru kaula nu leuwih lieur mah. Lieur mikiranana!"

"Heueuh, supaya ulah lieur mah, ulah nanya-nanya nu matak pilieureun jawabanana..."

Ayeuna mah Oidipus nu garo-garo teu ateul téh. Bener-bener lieur sugan mah jalma anyar pinanggih téh!

"Kieu wé ayeuna mah...," omong Oidipus tuluyna. "Anggap wé enya andika wawuh ka ngaran kaula! Anggap nyaho kana kahirupan kaula..."

"Lain anggap wé. Puguh enya!" témpas Profésor Kabayan.

"Enya, pokona mah kitu wé, lah... Tah, cing ayeuna kaula hayang nyaho, naha bener andika téh nyaho gembleng kana kahirupan kaula atawa henteu..."

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

"Lamun nyaho?"

"Tangtu kaula bakal percaya kana sakur omongan andika..."

"Lamun henteu?"

"Kaula moal rék percaya kana naon anu ku andika diomongkeun!"

"Nya heueuh atuh logikana bakal kitu!"

"Cing, ayeuna dadarkeun, tepi ka mana kanyaho andika ngeunaan kaula?!"

"Ah, pokona mah kabéh wé."

"Kabéh?"

"Kabéh!"

"Andika yakin?"

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (16) : Duh, Cilaka, Sangkuriang!

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (15) : Ramalan Orakel Apolo di Delfi

"Yakin!"

"Pisan?"

"Pisan-pisan!"

"Pisan-pisan kumaha maksud andika?"

"Enya, yakin leuwih-leuwih ti yakin!"

"Cing, kumaha?"

"Kieu..."

Derekdek baé Profésor Kabayan ngadongéngkeun lalakon Oidipus sajalantrahna, sakumaha anu geus dipikanyaho ku manéhna  tina buku mitologi Yunani, tina literatur-literatur, tina sakumna karya seni, kaasup seni sastra jeung seni drama karangan Sophokles, bujangga kawéntar urang Yunani.

Méh kabéh taya nu kaliwat, tepi ka bubuk-leutikna...

**

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (14) : Oidipus, Nanggung Dosa ti nu Jadi Bapa

DEUI-DEUI Oidipus teu ngarti naon anu dicaritakeun ku Profésor Kabayan téh.

Teu ngarti, lantaran dirina ngarasa hémeng ku kajadian anu tumiba ka manéhna, kaasup hémeng ku kanyaho Profésor Kabayan anu sakitu nyaho ngeunaan dirina tepi ka bubuk leutikna.

"Hémeng! Hémeng pisan kaula mah, Ki Silah!"

"Ulah hémeng, Lur. Da kitu kabuktianana. Di dunya mah moal aya nu teu mungkin," témbal Profésor Kabayan, teu riuk-riuk.

Sangkuriang anu ti tatadi teu lemék, tuluyna milu nyarita.

"Ké heula, Ki Kabayan... Kaula ulah dianggap tunggul anu bisana ngan ngabigeu saendeng-endengna. Cing, dongéngkeun deui leuwih écés, kaula hayang nyaho, lalakon Ki Udi anu saenyana téh kumaha!"

"Si!" Profésor Kabayan ngadelék. "Oidipus, kituh!"

"Enya, tah éta! Mani ku hésé atuh nyebutna gé. Piraku kaula kudu nyebut Empus mah, ku araranéh, jiga ka ucing baé. Geus wé Ki Udi, nya?"

"Ulah ka kami ménta idinna. Ka jinisna wé langsung," témbal Profésor Kabayan bari mencrong ka Oidipus. Sangkuriang gé milu mencrong.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (13): Cape Haté, Capé Pipikiran

"Meunang lamun kaula nyebut ngaran andika ku sesebutan Ki Udi?" ceuk Sangkuriang bari angger mencrong ka Oidipus.

"Pék baé rék nyebut naon, rék nyebut naon gé. Da ngaran Oidipus gé lain ku kolot dingarananana, tapi ku batur," témbal Oidipus teu némbongkeun semu nanaon.

"Har, naha?" Sangkuriang kerung.

"Apan tadi geus didongéngkeun sajalantrahna ku kami, piraku can kaharti kénéh baé?!" Profésor Kabayan nyureng ka Sangkuriang.

"Wuah, matak lieur ngabandunganana. Kaula mah hayang ngadéngé langsung ti jinisna."

"Cumah atuh kami ngadongéng ari kitu mah!"

"Apan andika mah ngadongéng téh keur ngayakinkeun ka Ki Udi, yén andika nyaho sajalantrahna ngeunaan lalakon hirupna Ki Udi. Jadi lain ngadongéng ka kami."

"Beu, mani diwilah-wilah kitu. Apan andika gé boga ceuli, piraku teu milu ngadedéngékeun?!"

"Enya ari boga ceuli téa mah, tapi kaula kudu gugon kana papagah karuhun. Cenah, ceuk karuhun, montong saténjo-ténjona lamun lain ténjoeunana, montong sadéngé-déngéna lamun lain déngékeunana. Kitu!"

"Beu, andika mah teu bisa improvisasi!"

"Naon?"

"Teu bisa ngigelan hirup!"*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (12): Teu Lipur tina Kasedih

 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah