Kabayan Ngalanglang Jaman (11) : Sapu Nyéré Pegat Simpay

- 12 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA /

PIKEUN Profésor Kabayan mah teu biasa lalampahan kawas kitu téh, béda jeung Sangkuriang katut badégana anu duaan.

"Tuh, geuning… geus aya hareupeun!" ceuk Profésor Kabayan, bari nunjuk ka lebah jugrugna mesin waktu. "Gancangan, ah, leumpangna!"   

Sangkuriang ngagedig nuturkeun léngkah Profésor Kabayan anu tadina rada nyalsé tuluy jadi rurusuhan.

Kitu deui badéga nu duaan, ngagaredig tukangeunana.

"Ambuing, ieu téh barang naon, Ki Kabayan? Mani ahéng kieu?!" ceuk Ki Amuksaketi sanggeus opatanana aya hareupeun mesin waktu. Sungutna mani calangap-calangap baé. Hookeun tayohna.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (10): Cinta jeung Pangorbanan

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (9): Mantuan Sangkuriang, Néangan Dayang Sumbi

"Kapan ieu téh mesin waktu nu dicaritakeun téa." 

"Baruk? Ieu téh mesin waktu téa? Meunang kaula nyabak?" omong Ki Amuksalaksa.

Teu nunggu jawaban ti Profésor Kabayan, Ki Amuksalaksa rumpu-rampa kana bungkuleukanana mesin waktu.

Profésor Kabayan teu ieuh opénan. 

"Teu sangka, Ki Kabayan, sugan téh andika ngawadul," Sangkuriang teu eureun-eureun gogodeg, bari tuluyna mah pipilueun nyabakan mesin nu ngajugrug di hareupeunana.

"Saumur nyunyuhun hulu, kakara ayeuna kaula manggihan barang model kieu," pokna deui bari teu weléh cuk-crek jeung gogodeg.

"Ké heula, Ki Kabayan… Lamun kaula milu jeung andika kana ieu barang, eu… maksud téh kana ieu mesin waktu…, naha andika bisa ngajamin yén kaula bisa balik deui ka ieu jaman jeung ka ieu tempat?"

Ngadéngé pananya kitu, Profésor Kabayan sajongjongan ngahuleng.

"Nya, muga-muga wé…," pokna semu ngagerendeng.

"Haaar? Naha muga-muga?" Sangkuriang kerung.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (7): Nyasar ka Jaman Sangkuriang

"Saenyana mah, ieu mesin waktu téh can sampurna naker, lantaran can dilengkepan ku alat pengendali taun jeung tempatna. Jadi, lamun ieu mesin waktu dipaké bari jeung can aya alat pengendali taun jeung tempatna, urang teu bisa ngadalikeunana sakumaha nu dipikahayang ku urang..." 

"Jadi, kumaha karep mesin waktuna sorangan atuh ari kitu mah, nya?" 

"Enya. Kami los-los ka jaman arandika gé, sasatna mah nyasar téa apanan. Nyasar, lantaran lain kahayang kami ngalanglang ka dieu, lain kahayang kami ngalanglang ka ieu jaman. Tapi sasatna mah kumaha nu mawana, kumaha karep mesin waktuna sorangan…" 

"Har, teu puguh atuh ari kitu mah?!"

"Ari bieu, naon maksudna atuh andika nyebut muga-muga?" Ki Amuksaketi anu ti tatadi ngabandungan obrolan Profésor Kabayan jeung dununganana, ahirna milu nyoara.

"Enya, bari teu yakin deuih nyebut muga-mugana gé!" Ki Amuksalaksa ngéngklokan.   "Sugan baé engké mun rinéh, kami rék nganggeuskeun alat pengendali waktu jeung tempatna. Kari saeutik deui da."

"Aya pakakas keur nyieunna, kitu?" Sangkuriang nanya. 

"Kabeneran aya. Ngahaja dibarawa ti imah, bisi aya naon-naon di satengahing lalampahan."  "Atuh ayeuna wé nyieunna!" Sangkuriang ngadesek.

"His, ulah! Ayeuna mah kamina gé keur teu mood. Engké wé, da perlu waktu nu rinéh." "Naon ‘emud’ téh?"

"Keur teu meréan haté. Keur teu pas suasanana. Da ngaréngsékeun pagawéan mah, lian ti  perlu waktu nu rinéh téh perlu ogé kasaluyuan haté."

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (6): Nu Tunggara Manah, Midangdam Katresna

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (5): Leungiteun nu Dipikaasih

"Heug atuh ari kitu mah. Tapi dijamin moal nyasar?"

"Muga-muga moal. Muga-muga di tempat séjén kami bisa ngaréngsékeunana…"

"Kumaha sual kaula duaan téh, bisa milu?" Ki Amuksaketi nyela obrolan.  

"Aéh enya asa diingetan…," omong Profésor Kabayan ka badéga nu duaan, "ilikan tuh tempat diukna, kabuktian pan ku arandika, ieu mesin waktu téh ngan cukup keur duaneun. Taya tempat kosong.”

Ki Amuksaketi alak-ilik mariksaan ka jero mesin waktu.

Ki Amuksalaksa gé embung tinggaleun, pipilueun baturna.

“Tuh, sidik pan, kami teu ngabohong?” omong Profesor Kabayan ka nu duaan. “Jadi, sakali deui hampura, lain kami embung diiluan ku arandika, tapi mémang tempatna gé euweuh deui."

"Nya ari kitu mah kami teu bisa maksa, Ki Kabayan. Kami mah kumaha ceuk Anom baé. Lamun ceuk Anom milu, nya kami milu. Tapi lamun ceuk Anom ulah milu, nya kami gé moal milu," témbal Ki Amuksaketi bari melong ka dununganana, ménta kamandang.

"Hih, ku aya-aya baé ari andika!" Sangkuriang ngagebés. "Apan bieu geus disebutkeun ku Ki Kabayan, jeung apan geus diilikan deuih ku arandika duaan, ieu mesin waktu téh ngan cukup keur duaaneun. Nyasat atuh kaula dipénta kamandang mah, da moal aya gunana!" 

"Enya! Mun seug Sangkuriang méré kamandang supaya arandika milu gé, cumah, da arandika moal bisa milu! Urang teu bisa milih hiji di antara dua: kudu milu atawa ulah. Da pilihanna ngan éta-étana, nyaéta… ulah milu wé!"

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (4): Ka Mana Salaki Aing?

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (3): Lain Mesin Samanéa

Dikitukeun ku Sangkuriang jeung Profésor Kabayan, duanana teu bisa kukumaha deui. Duanana ngabaretem.

Duanana ngabarigeu.  

"Geus wé arandika duaan mah tungguan di dieu. Sugan Nyi Dayang Sumbi aya ngalanto deui ka dieu. Lamun panggih jeung manéhna, béjakeun, kaula teu weléh nénéangan manéhna, kituh. Sakalian béjakeun ogé, yén kaula téh tepi ka gering nangtung ngalanglayung mikiran manéhna. Béjakeun deuih, kaula tepi ka milu kana mesin waktu jeung Ki Kabayan téh, sasatna demi néangan manéhna, lain rék pelesir saukur ngabeberah haté."

"Dawuh timbalan, Anom," témbal Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa méh bareng, bari tikorona mah rada seuseut rék nyoara téh, bubuhan aya rasa sedih rék ditinggalkeun ku dunungan. 

"Henam atuh, Ki Kabayan!" omong Sangkuriang bangun nu teu maliré kana kasedih badégana, padahal mah haténa milu sedih ogé.   

"Ki Kabayan! Kadé, nya…, mihapé Anom!"

"Enya, Ki Kabayan! Mihapé Anom, ulah caliweura!"

"Sing percaya wé ka kami!" témbal Profésor Kabayan ngayakinkeun ka Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (2): Nu Paséa Ngaributkeun Hak

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (1): Kabayan Jadi Profesor

Sanggeus sasalaman jeung éta badéga nu duaan, kalacat baé Profésor Kabayan unggah kana mesin waktuna. 

"Anom… sapu nyéré pegat simpay…,” ceuk Ki Amuksaketi, kawas aya nu nyelek dina tikorona. Mun kongang mah da hayang harita kénéh léwéh.  

“Anom… paturay patepang deui, nya…,” Ki Amuksalaksa gé biwirna liway-liwey baé rék léwéh.

“Anom, kahadé… ati-ati!" 

"Kahadé ati-ati, Anom!"  

"Heug!” témbal Sangkuriang. Sorana diteger-tegerkeun supaya teu kabawakeun ku kasedih nu jadi badégana.

“Salila ditinggalkeun ku kaula, omat… andika duaan gé sing mawas diri!" pokna deui ka badégana nu duaan.

"Diéstokeun pisan, Anom!"

"Pisan diéstokeunana gé, Anom!"

Geus silirangkul mah, kalacat Sangkuriang unggah kana mesin waktu. Gék diuk merenahkeun diri di gigireun Profésor Kabayan anu ti tatadi teu kawawa kabawakeun suasana “paturay tineung”na Sangkuriang jeung badégana.

Sanggeus kitu mah, gap Profésor Kabayan kana remote control. Cetrék mencét kenop Starter.

Teu lila, sora mesin waktu ngagerung, tuluy ngaguruh.

Ngaguruh tarik naker, tepi ka Ki Amuksaketi jeung Ki Amuksalaksa mah meungpeukan liang ceuli bakating ku katorékan.

Geuwat baé duanana nyingkah ngajauhan, bari tuluy gugupay ka nu aya di jero mesin waktu.*** (Lajengkeuneun) 

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (12): Teu Lipur tina Kasedih

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah