Sajak Sunda Karya Siswa SD

11 September 2023, 10:03 WIB
Ilustrasi Bulan. /

 

Bulan Moronyoy

Oh bulan...
Anjeun téh sapertos dina hukum tajwid baé.
Muhun geuning Alif lam Qomariyah.
Janten Alif elam Qomariyah.
Ku margi cékas jelas katingalna kantenan nuju purnama.
Waktos abdi sono hoyong neuteup baé.

Abdi kapincut ku moronyoyna, waktos wengi caang mabra.
Ku hoyong teuing hiber nepangan anjeun.

Hiji mangsa mah tangtosna abdi Kedah tiasa hiber nepangan.
Atuda raraosan téh anjeun ngagentraan baé.
Sok sanaos abdi nutupan Soca sinareng dua cepil.

Tetep baé pikalucueun,
Melong baé ka abdi nu Sono.
Bulan téh marahmay. Anteng nyaangan dunya.

Sajak karya: Kanaya. RH Kls. VI SDN Sapan 01 SDN 01 Sapan RT10/05 Désa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung


Bulan Endah Bulan Berkah

Sapertos méga anu diparéndé kakangen bumi.
Sakeclak citangis sok dipasihkeun baé.
Minangka cariosan anu disimpen rapih.
Sasih Romadon kalangkung, tetep suci.

Sajadah ngampar
Ngagelar
Ngaicalkeun paraosan ingkar.
Neras tafakur sok sanaos sapertos digugusur.
Kedah sadar, nampi kodar.

Dapuran eurih aroyag ngibing dina gebrét hujan.
Dangdaunan plakpluk diendagkeun angin garing.

Abdi muji ka Gusti
Abdi muja ka Nu Kawasa
Mugia sapertos cinta langit ka marcapada.

Enggal dongkap, Sob. Dina lebet rohang sasih suci.
Dina kakawasaan Rabb,
Salebeteun rangkulan nasuha, Nun Gusti...
Abdi teras-terasan ngantos
Dina tasbéh anu nanceb ngarandakah.


Sajak karya: Aprilia Listiani. Kls VI SDN. 01 Sapan RW 10/05 Desa Tegalluar Kecamatan Bojongsoang Kabupaten Bandung Jabar

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Sajak Étti RS

Sajak Cecep Ks.

Sajak Sunda Karya Siswa SD

Sajak Emha Ubaidillah

Sajak Emha Ubaidillah

Terpopuler