Sahur On The Road di Pusat Kuliner Sate Maranggi

- 5 April 2023, 03:00 WIB
Tukang sate di pusat sate maranggi di Plered Purwakarta ngaladenan nu rek saur, Rebo janari (05/04/2023).
Tukang sate di pusat sate maranggi di Plered Purwakarta ngaladenan nu rek saur, Rebo janari (05/04/2023). /Nanang S/Galura

Ditempo, di pusat sate maranggi rea nu buka. Sababaraha kandaraan pribadi jeung motor ngabagug di tempat parkir. Ku sabab peuting keneh, ngoreleng heula ka masjid Baeturohim Plered, gigireun kantor Kecamatan Plered, kaheuleutan ku jalan.

Kasampak di buruan masjid sababaraha santri keur nyieun panggung. Saptu, 8 April 2023, digelar acara panutupan pasantren Ramadhan nu diayakeun ku Masjid Baeturohim. Panto masjid oge dibuka keneh. Ari lain bulan Ramadhan mah ti sarengsena solat isya oge geus dikoncian. Dibukana deui rek solat subuh.

Jam dua janari muru pusat sate maranggi. Kasampak loba nu masih keneh buka. Mobil jeung motor loba nu diparkir. Ngan ari nu ngadon saur mah tacan aya. Sigana ngadagoan waktu ahir saur. Loba nu ngadon kukurilingan heula.

Jam tilu janari narungtutan daratang nu rek ngadon saur teh. Dariuk dina bangku jongko. Tukang sate hideng mangmeuleumkeun sate terus diwadahan kana piring. Sanguna sangu timbel, dibungkus ku daun cau meunang ngaleumpeuh.

Baca Juga: Ulin ka Tempat Wisata De Castello Subang bet Inget ka Dewi Persik

Salahsaurang tukang sate nyebutkeun nu ngadon saur di pusat sate maranggi rata-rata urang luar Plered nu ngahaja ka Plered rek saur. Teu saeutik deuih nu nyarimpang di satengahing lalampahan.

Bulan Suci Ramadhan najan ti beurang mah tutup tukang sate maranggi di Plered angger rek konsumenna. Malah nambahan, babakuna ku nu buka bersama: rombongan kulawarga, batur sapagawean, hatur ulin, batur sakola jeung sajabana. Nu matak deukeut ka waktu buka puasa tempat parkir pinuh ku kandaraan.

Anu baruka bersama geus baralik, nungtutan daratang nu rek dalahar, tepi ka wanci saur. Teu saeutik nu ngahaja saur di pusat sate maranggi. "Sakali-kali saur di luar, sanes mung ukur buka," ceuk Lala, urang Pasawahan Purwakarta nu ngahaja jeung kulawargana saur di pusat sate maranggi di Plered.***

 

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah