Carnyam Sastra Sunda Putri Anjungsari (101, tamat), Dua Raja Mikahayang Putri Pajajaran, Bakal Perang Campuh?

- 29 April 2023, 06:00 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

KUMAHA atuh Maharaja Sakti? Meureun aya saengan? Aki Kanta ngahuleng. Lain nanaon bisi aya kajadian patelak parebut Putri Anjungsari nu tangtu matak ngabengkahkeun hubungan Kawali jeung Dayeuhluhur, ngabeungkahkeun duduluran. Masing kumaha wae oge raja Dayeuhluhur jeung Maharaja Sakti teh sarundayan.

Aki Kanta miharep anu dipikahariwangna henteu kajadian. Ngan ku Aki Kanta kahariwangna bieu moal ditembrakeun ka saha wae oge. Kituna teh lantaran karek wangwangan wungkul, euweuh bukti keur nguatkeunana. Soal Maharaja Sakti jeung Putri Anjungsari basa di Pakuan Pajajaran geus hahadean oge eta mah saukur beja.

Aki Kanta ngusap beungeutna. Panonna mencrong ka luar, ka lebah tempat mujasmedi. Ki Tambaga oge pipilueun nempo ka luar, ngan panonna manco ka lebah runggunukna tatangkalan di Linggahyang. Gingin ngareret ka lebah hawu, katempo Suba keur nyicikeun cai ngebul kana bekong sarta ngawadahan cau sasikat.

“Naha euweuh nu pantes jadi prameswari di Dayeuhluhur?”

“Lain euweuh. Raja kami, sakumaha ku kula tadi disebutkeun hayang mulangkeun deui rundayanana kana sungapanana, hayangeun deukeut  deui jeung sungapanana.”

“Tujuan nu hade pisan,” tembal Aki Kanta.

“Ceuk kula oge kitu…. Kumaha kira-kirana Putri Pajajaran teh?” ceuk semah bari neuteup Aki Kanta.”

“Maksud Ki Silah?”

“Kana pantes jeung tegep mah moal hamham. Ngan eta naha tacan aya nu nyangcang?”

“Kami teu nyaho. Kami teu wani tunyu-tanya.”

“Katempona kumaha?”

“Nu kieu mah teu bisa ukur nempo saliwat.”

“Enya bener. Ayeuna cicing di mana?”

“Di Panjalu, di karaton Panjalu.”

“Atuh kami mun hayang maluruh kudu ka Panjalu, ngadeuheus Raja Panjalu?”

“Enya, kitu. Langsung wae tanyakeun. Ulah tunyu-tanya ka nu sejen. Komo deuih apan ituna oge  karek datang ti Pajajaran,” tembal Aki Kanta.

“Enya, atuh. Kami rek langsung ka Panjalu, saacan meunang parelean nu jentre moal waka mulang ka Dayeuhluhur.”

“Make naeun ka Panjaluna?”

“Badarat wae, ambeh tereh. Tumpak kuda mah lila,” ceuk semah.

Aki Kanta seuri. “Ongkoh bisi disangka urang Carbon tumpak kuda mah,” pokna.

Semah mencrong ka Aki Kanta.

“Loba nu kadarieu urang Carbon, kitu?” pokna.

“Bera mah henteu. Ngan sok aya wae unggal poe oge, tumpak kuda. Aya nu balantik, aya oge nu laha-loho wungkul,” tembal Aki Kanta.

“Perjurit?”

“Kula teu bisa mastikeun.”

“Meureun bisa kateguh dina ringkangna?”

“Pan bisa nyamur. Nyumput di nu caang,” tembal Aki Kanta. “Aeh, Ba, mana keur nyuguhan?”

“Keun wae, ke hanaang mah nyokot sorangan,” ceuk semah.

Teu lila Suba ngurunyung, mawa cai haneut jeung lalawuhna. Song disodorkeun.

“Sok Ka,” ceuk Suba ka Gingin.

“Matur nuwun,” tembal Gingin.

Aki Kanta jeung semah bari dadahar teh ngobrol ngaler ngidul. Nyaritakeun kaayaan Kawali, Pajajaran jeung Dayeuhluhur. Duanana sapamadegan, Pajajaran moal lila deui umurna. Ilangna Pajajaran geus waktuna, geus mangsana nu moal bisa disinglar. Najan kitu, duana oge sapamadegan, beuki hengkerna Pajajaran dilantarankeun ti jero Pajajaran sorangan.

Diangkatna Surawisesa jadi raja Pajajaran ngabalukarkeun baruntakna raja-raja wilayah, kaasup Kawali. Surawisesa dianggap  lain hakna jadi raja Pajajaran teh, aya keneh nu leuwih hak. Surawisesa oge apan tepi ka ngirimkeun pasukanana pikeun mareuman baruntakna Kawali, puseur dayeuh karajaan Kawali oge tepi ka dipindahkeun.

Perang campuh teu kajadian lantaran direrema ku pinisepuh Kawali. Masing kumaha wae oge Kawali jeung Pajajaran teh masih keneh kandel hubunganana. Bapana Surawisesa apan dilahirkeun digedekeun jeung dipeuseuh di Kawali. Diatik ku Prabu Wastukancana. Piraku Surawisesa kelu ngagempur bali geusan ngajadi bapana.

Pasosore Ki Tambaga jeung Gingin amitan. Turun ti Pasir Raksa Bumi mah leumpang biasa. Ngan ti sisi Situ Sipatahunan mah ngabelesat lumpat teu bisa dituturkeun ku panon, sukuna siga nu henteu napak dina lemah. Suba nu turun bareng jeung semah, colohok. Hatena hayangeun pisan boga elmu saperti kitu, ngarah teu hese indit-inditan.

Wanci sareureuh budak, Aki Kanta kasemahan deui, ngan lain urang luar. Aki Kanta oge geus wanoheun. Semah teh kapercayaanana Maharaja Sakti. Aki Kanta ngaduga peuting-peuting nyemah diutus ku Maharaja Sakti, biasana oge  kitu. Mun aya kaperluan ka Aki Kanta,  Maharaja Sakti sok nitah kapercayaanana nepungan dirina.

“Puguh kami ka dieu teh ngahaja, aya perlu,” ceuk semah sanggeus diuk pahareup-hareup jeung Aki Kanta.

“Ke, aya naeun? Penting?” tembal Aki Kanta.

“Nya penting dibelaan peuting-peuting ka dieu oge,” tembal semah bari seuri.

“Cik caritakeun!” Aki Kanta teu sabar. Da kitu Aki Kanta mah, sok hayang buru-buru apal kana maksud ku sakur nu nepungan dirina.

“Kieu, kami teh pageto dijurung lumaku ku Maharaja Sakti… Ka Panjalu… Kami hayang dibareng ku dia…,” ceuk semang.

“Rek ka saha ka Panjalu?”

“Ngadeuheus raja Panjalu.”

“Kaperluanana?”

“Maripih Putri…. Maharaja hayang mileuleuheungkeun Putri keur prameswarina,” tembal semah.

Aki Kanta mencrong ka kapercayaan Maharaja Sakti. Ras inget ka semah tadi beurang, jurungan raja Dayeuhluhur, nu sarua rek nepungan raja Panjalu, nepikeun pamaksudan raja Dayeuhluhur. Dua raja nu sarua rundayan Kawali, rundayan Pajajaran, mikahayang Putri Anjungsari. Kana kieu mah matak bingung raja Panjalu, gerentes Aki Kanta.

“Kumaha, Ki, saged marengan kula?” ceuk semah basa nempo Aki Kanta ngahuleng.

“Tangtu wae,” tembal Aki Kanta. Ari ingetanana mah angger kumalayang jeung nyipta-nyipta kana kabingung raja Panjalu. Bingung milih pibojoeun Putri Anjungsari. Duanana raja, duanana teureuh Pajajaran, teureuh Kawali. Moga  wae taya kajadian nu matak ngabengkahkeun rundayan Pajajaran, ceuk Aki Kanta dina hatena.*** Tamat

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah