“Teu salah Perebu, kami sasieureun hayang milu meuseuh cantrik Olot Kaya,” ceuk Olot Kaya.
“Sugan teh rek milu jeung kami,” ceuk Maharaja Sakti.
“Hampura Perebu, kami hayang nyingkur. Ngan di mana Perebu merelukeun tanaga kami, kami iraha wae sanggup.”
“Ditarima, Lot. Kami oge reugreug, paguron di Cikupa dijejeran ku dia, cantrik-cantrikna bisa leuwih masagi, kawas jaman Sanjaya,” ceuk Maharaja Sakti. “Rek iraha ka Cikupa?”
“Kami mah kumaha Aki Jaya,” tembal Olot Kaya.
“Deuk tumpak deui si belang?” ceuk Aki Jaya ka Olot Kaya.
“Mending leumpang, hayang nyaho kaayaan di dieu,” tembal Olot Kaya.
“Lain paur tumpak si belang? Geuning basa nganteurkeun Putri oge mani tipepereket kana cangkeng kula,” ceuk Aki Jaya.
Olot Kaya ngabelehem. Ari nu sejen sareuri, kitu deui Maharaja Sakti.
“Ari batur dia, sarua milu ka Cikupa?” ceuk Maharaja Sakti deui, maksudna mah Bena jeung Rait. “Cicing wae atuh di Karaton, baturan kula.”