Sastra Sunda Carnyam Putri Anjungsari (85), Urang Pajajaran Katajieun ku Tukang Nyadap nu Nyieun Gula Beureum

- 13 April 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

KAMI ti heula,” ceuk Olot Kaya ka Aki Jaya.

“Kami oge miang deui ayeuna,” tembal Aki Jaya.

Harita teh geus rek tengah peuting. Reureuh di saung tukang nyadap rada kamalinaan, bari ngawangkong, nginum legen, jeung make ngulub sampeu dina legen nu keur ditaheur. Ongkoh bari nempokeun cara nyieun gula beureum, ti mimiti legen di kana katel badagkeun, mepes jeung ngaduga, sarta dicitakna dina nyiru.

Putri Anjungsari, Ranah mah mani bangun pogot nempokeunana teh. Malah Putri Anjungsari milu ngalungkeun kalapa nu dikeureutan laleutik keur pamepes kana katel. Mepes teh sangkan legen nu geus rada kintel sarta ngagolak henteu maluncrat teuing, nya diasupan kalapa meunang ngeureutan, mun teu ku kalapa ku suuk.

Lamun teu dipepes mah maluncratna matak panas kana leungeun lantaran pigulaeun kudu diguis bisi asakna teu rata jeung bisi tutung. Pikeun nganyahokeun gulana geus meujeuhna dijait, tukang nyadap ngawadahan cai herang kana batok kalapa nu beresih. Make sosodok kai, legen panas dina katel teh dikeclakeun kana eta batok.

Gula teh jadi kimpel. Ku Ramona gula nu kimpel teh diragap. Ceuk tukang nyadap eta teh ngaranna ngaduga, neang-neang naha geus meujeuhna dijait pikeun dicitak atawa acan. Tukang nyadap nyokot batok deui nu beresih, dicaian ku ciherang, dikeclakan legen panas nu geus rada kimpel jeung angger ngagolak, song diasongkeun ka Putri Ajungsari.

Tukang nyadap nitah sangkan Putri Anjungsari ngasaan. Bari teu siga ham-ham Putri Anjungsari nampanan batok, gula nu kimpel dina cai batok, dicokot sarta diicip-icip. Belenyeh seuri sarta ngasongkeun deui batok ka tukang nyadap, menta deui lantaran rasana beda jeung gula nu geus teuas, seungit deuih.

Antukna sarerea milu ngasaan. Ari Aki Jaya, Atus, jeung Asmita mah ukur sakali ngasaanana da keur arinyana mah ngagula geus teu aneh deui. Ari nu sejen mah tepi ka tilu kalina ngasaanana, kaasup Gingin. Sanggeus gula dicitak, dina sisi katel narapel gula sesa-sesa panyiukan waktu gula rek dicitak. Haneut keneh laju ku tukang sadap make batok, dikurudan, diwadahan kana batok deui.

Song diasongkeun ka semah, keur Putri Anjungsari mah batokna misah. Kurudan gula bari jeung haneut keneh oge ni’mat pisan didaharna teh, nginumna cihaneut. Eukeur mah hawa tiris. Ari kulub sampeuna mah rek dibawa keur bekel di jalan. Olot Kaya moal reureuh deui rek terus bangblas ka Kawali, ambe tereh tepi, ambeh tereh tutas ngalaksanakeun pancen.

Sanggeus nganuhunkeun Olot Kaya jeung Aki Jaya amitan. Ku tukang sadap dibekelan deui gula sababaraha gandu. Leuwih ti satengahna meunang naheur dibahankeun. Gingin hideng ngasongkeun duit perak. Tukang nyadap kekepehan, tapi ku Gingin duitna diasupkeun kana saku baju tukang sadap.

Rait oge ngusiwelkeun duit perak ka tukang nyadap, najan sarua ka Rait oge kekepehan, basana teh manehna mah lain ngajual gula tapi mahanan. Keur urang dinya mah mahanan ka semah teh geus kabiasaan, lamun keur aya bahankeuneunna mah. Ceuk pangrasa tukang nyadap, duit perak ti Gingin jeung ti Rait mangtikel-tikel tina harga gula sareunjangan.

*

PUTRI Anjungsari, Olot Kaya, Bena jeung Rait ngalumpatkeun kudana teu gancang teuing, kawantu ti peuting. Ari Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin mah leumpangna nyalse, ongkoh bari ngadagoan Suba. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin oge moal sumarimpang heula, rek terus ka Kawali.

Aki Jaya yakineun Olot Kaya sabatur-batur teh anu ku dirina sina dijaga sakumaha parentah Maharaja Kawali. Ceuk panempo Aki Jaya, boh panempo lahir boh panempo batin, wanoja nu bareng jeung Olot Kaya ngora lain somahan, beda tagogna, beda daweungna, beda sorot panonna, beda heabna.

Leuwih-leuwih waktu nyeueung kumaha perhatianana Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah ka eta wanoja. Olot Kaya jeung nu tiluan siga teu wanieun neuteup panon eta wanoja. Dirina oge ngarasa teu wasa. Nu matak Olot Kaya yakineun eta wanoja teh nu dianti-anti datangna ku Maharaja Kawali, tepi nitah mapagkeun.

“Ki, saha nya nu tadi, tilu kali jeung ayeuna tepung, satujuan deuih,” ceuk Asmita.

“Kami oge teu nyaho, tapi engke oge apal, pasti,” tembal Olot Kaya.

“Rek ka Kawali kitu? Rek nepungan saha? Da arinyana mah lain urang Kawali, kawasna,” ceuk Asmita deui.

“Bener, lain urang Kawali, beda tina lentong jeung tagogna,“ Atus mairan. “Eta cawene nu saurang, asa beda rarasaan teh.”

“Beda kumaha?” ceuk Aki Jaya.

“Lain somahan beda jeung baturna,” tembal Atus.

“Seukeut tah, rarasaan teh,” ceuk Aki Jaya bari seuri. “Aki sarua nyangka kitu.”

“Moal kitu urang karaton mah,” ceuk Gingin nembrong.

“Karaton ti mana?” ceuk Asmita bari ngalieuk ka Gingin nu leumpang tukangeunana.

“Pajajaran.”

“Naha make los-los ka Kawali?”

“Nya meureun hayang apaleun ka tanah luluhurna. Atawa bisa jadi hayang tumetep di Kawali lantaran di Pajajaran mah keur bangreung,” ceuk Gingin.

“Ngarejat ti Pajajaran, nyah? Piraku ninggalkeun urang Pajajaran nu keur dikepung ku musuh…” ceuk Atus.

“Ari tugas ti raja mah kudu ditohonan, najan upamana hatena teu mikeun kudu ninggalkeun Pajajaran,” ceuk Aki Jaya.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah