Putri Anjungsari (75), Urang Pajajaran jeung Urang Kawali Patepung Deui

- 3 April 2023, 03:00 WIB
Bebegig Sukamantri, kungsi dipake keur ngajaga kaamanan, di antarana keur ngajaga tapekl wates  Kawali jeung Talaga, bisi pasukan Cirebon ngarurug Kawali.
Bebegig Sukamantri, kungsi dipake keur ngajaga kaamanan, di antarana keur ngajaga tapekl wates Kawali jeung Talaga, bisi pasukan Cirebon ngarurug Kawali. /Nanang S/Galura

DARIA rek ka mana?” ceuk tukang jaga kuda bari ngareret ka Bena.

“Kami rek ka Kawali,” tembal Bena. “Jauh keneh?”

“Jauh deukeutna gumantung ka nu lumampahna,” tembal tukang jaga kuda.

Bena kerung. Teu lila nyerengeh seuri.

“Mun make kuda?’

“Tiluan poe deui. Kitu oge mun peuting teu reureuh,” tembal tukang jaga kuda.

Nu keur ngurut kuda ngalieuk.

“Kawasna keur daria mah beurang jeung peuting henteu beda,” pokna.

Ngadenge omongan tukang urut kitu Bena jeung Rait silihreret. Meh bareng duanana mencrong ka nu keur ngurut kuda. Ras ingeteun Olot Kaya bebeja wawuheun. Nu wawuh jeung Olot Kaya tangtu lain jalma jore-jore, nu kungsi babarengan jeung Olot Kaya pangabisana moal jauh jeung Olot Kaya, gerentes Bena.

Katempo ku Bena, ngurutna ayeuna mah henteu tarik, pingping kuda ukur diusapan. Geus kitu, nyampeurkeun Bena, gek diuk gigireunana.

“Anu opat deui kumaha?” pokna, maksudna mah nanyakeun kuda sejenna deui naha rek diurut atawa moal.

“Moal kaburu. Kami rek miang deui,” tembal kuda.

“Kudu buru-buru tepi?”

“Bisi urang ditu deudeueupeun.”

“Di jalan aman kawasna. Urang wetan moal wanieun ngaririweuh Sumedanglarang.”

“Naha?” Rait nembrong.

“Apan raja Sumedanglarang bapana urang Carbon.”

“Kami oge kungsi ngadenge,” tembal Bena.

“Daria deuk balik deui ka kulon?”

“Kumaha engke wae ari geus tepi ka Kawali,” ceuk Bena bari panonna rada rambisak. Ingeteun kana kaayaan Pakuan Pajajaran nu beuki dieu beuki ripuh nadah panarajang urang Banten sabada Jaya Antea hianat, biluk ka urang Banten. Hatena ambekeun kacida ka Jaya Antea, teu beda jeung urang Pajajaran sejenna.

“Samarukna bakal disenangkeun ku Banten,” ceuk nu tas ngurut kuda.

Bena ngareret ka tukang urut kuda. Helokkeun, tukang urut kuda kawas nu bisa neguh kana eusi hatena.

“Saha tea?” ceuk Bena.

“Eta nu hianat ka Pakuan Pajajaran. Kami yakin ku Banten oge engkena bakal diperenan. Banten moal ngingu tukang hianat. Ka Pajajaran wae nu geus ngangkat darajatna, hianat, ka Banten oge bisa jadi bakal hianat deui.”

Bena ngahuleng sajongjongan, mikiran ucapan tukang ngurut kuda.

“Bener,” ceuk Bena. “Ra, jung ka warung, bisi ceuk Olot Kaya kudu miang deui,” pokna deui, ka Rait.

Rait nangtung.

“Kami amit ka warung heula,” pokna, ditujukeun ka tukang jaga kuda jeung ka tukang urut kudu.”

“Seug,” tembal tukang jaga kuda jeung ka tukang urut kudu meh bareng.

Saleosna Rait, ti kulon katempo opat urang lalaki leumpang ngabring. Ku Bena ditelek-telek. Beuki deukeut bet asa kungsi panggih. Kungsi wawanohan malah. 

“Ari Suba ka mana?” hatena ngagerentes.  

Anu ngabring teh Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin. Opatanana mengkol, asup ka warung.

“Pangmasangkeun elesna, bisi kudu miang ayeuna,” ceuk Bena bari cengkat ka tukang jaga kuda. “Ki Silah tong waka mulang,” pokna deui ka tukang urat kuda.

Tukang jaga jeung tukang urut kuda arunggeuk.

Bena gura-giru ka warung. Barang sup, Aki Jaya jeung Olot Kaya keur cacarita. Sabot cacarita teh, Olot Kaya mah meus-meus neuteup Atus. Ingeteun Atus kungsi disarekeun. Bena diuk gigireun Olot Kaya. Aki Jaya, Asmita, Atus jeung Gingin dariuk dina bangku deukeut lawang panto, pagigir-gigir jeung bangku nu didiukkan ku Putri Anjung Sari katut Ranah.

“Bagea tepung deui,” ceuk Bena bari panonna rut-ret ka Asmita, ka Atus jeung ka Gingin.

“Panjang baraya,” tembal Asmita bari seuri.

“Ari Suba ka mana?” ceuk Bena deui.

“Pandeuri, tacan kuateun nuturkeun kami,” tembal Asmita.

“Pan sarua leumpang?” Bena panasaraneun.

“Leumpang Suba mah leumpang biasa…,” tembal Asmita.

“Ari daria leumpangna teu biasa?”

“Mun nyorang pileuweungan. Atawa teu mapay jalan jajahan,” ceuk Asmita.

“Naha?”

“Bisi kanyahoeun ku nu sejen. Geunjleung engke.”

“Leumpang kumaha kitu dia?”

“Nu nincak lemah ukur ramo suku.”

“Jengke?”

“Jengke tapi lumpat.

Bena ngahuleng. Lain jalma sabrongbrong, gerentesna.

“Dia rek ka mana?”

“Mulang, ka Kawali.”

“Kawali?”

“Kawali. Dia rek ka mana?”

Memeh ngawalon, Bena mikir neangan pijawabeun, moal waka balaka tapi narah ngabohong.

“Nuturkeun kolot kami,” pokna bari ngareret ka Olot Kaya nu keur ngabandungan Aki Jaya nu keur cacarita.

“Tapi ka wetan?” Asmita nanya deui.*** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah