Putri Anjungsari (35). Peuting Simpe Ngadadak Guyur, Pedah Aya nu Tumpak Parahu ti Kelebuh

- 22 Februari 2023, 05:30 WIB
Putri
Putri /Budi Riyanto/Galura

BENA ukur seuri. Bekong eusina cikopi teh dirongkong. Memeh disuruput teh ditiupan heula lantaran panas keneh.

Sanggeus nyuruput kopi, nyetrok gula beureum. Paitna kopi dina letah kaubaran ku amisna gula kawung nu sigana waktu keur ditaheur ngaguisna meujeuhna.

Bena nimateun pisan ngopina teh lantaran geus kawilang lila teu nginum kopi saprak benteng Pajajaran beuki hangkeut digempur ku wadya balad Banten jeung Cirebon.

Tacan oge beak cikopi satengah-satengahna acan, katempo loba jalma nu leumpang rusuh muru ka darmaga, malah tilu parahu ngageuleuyeung ka hilirkeun, dituturkeun ku rakit leutik nu tumpakna aya opatan.

Bena curinghak jeung tumanya dina hatena aya kajadian naeun deui. Prajurit Cirebon mah siga nu teu kapangaruhan, jongjon nyanghareupan cikopi nu ngebul keneh.

“Ngadadak loba parahu ka hilirkeun aya naeun?” ceuk Bena ka tukang warung.

Memeh ngajawab tukang warung ka luar heula, nyidik-nyidik darmaga nu dicaangan ku obor gede. Parahuna mah geus teu tembong.

“Teuing atuh,” tembal tukang warung.

“Rek ngala lauk kitu?” Bena nanya deui.

“Can usum ngala lauk, can mijah laukna, ke mun keur usum mijah keur usum halodo karek loba nu ngala lauk ka walungan, jeung ngalana di lebah caina nu rada nyeot,” tembal tukang warung bari balik deui ka deukeut hawu, siduru.

Bena sapok-pokeun rek nanya deui ngeunaan ngala lauk mun laukna keur mijah, ngan kaburu norojol saurang lalaki nu diharudum kain hideung. Umurna geus kolot, janggot jeung kumisna hawuk semu bodas.

“Boga seureuh?” pokna ka tukang warung.

“Aeh, geuning Ki Olot. Keur naeun seureuh?”

“Rek nyieun tektek, dibejaan aya par­ahu nu kelebuh di hilir deukeut tampian,” tembal nu disebut ku Ki Olot.

“Baruk aya nu titeuleum? Naha keur naon make paparahuan lebah dinya?” ceuk tukang warung.

“Kateuing, nu tumpak parahuna tiluan, saurang cawene. Nu lalaki mah bisaeun ngojay, nu cawene tacan kapanggih,” tembal Ki Olot. “Mana seureuh teh?”

Tukang warung nangtung terus leumpang ka lebah paroko, tempat teuteundeunan samara jeung ubar. Nyokot dua lambar daun seureuh nu sok digodog ku pamajikanana sarta caina diinum.

“Mahi dua lambar?” ceuk tukang warung bari nyodorkeun daun seureuh.

“Mahi,” ceuk Ki Olot bari nampanan daun seureuh. Sanggeus nganuhunkeun kaluar sarta ngincid leumpang ka beulah hilir.

“Saha Ki Olot teh?” ceuk Bena nanya.

“Kokolot di dieu, pananyaan. Sok narekahan mun aya nu ti teuleum heg hese kapanggihna,” tembal tukang warung.

Bena unggut-unggutan. Pikiranana ingeteun deui ka nu tumpak kuda, eureun di deukeut panyumputanana, aya nu datang duaan.

Nu tumpak kuda turun, terus gagancangan ka sisi leuwi, dibarengan ku saurang lalaki, ari lalaki saurang deui, naek kana kuda sarta dilumpatkeun ka beulah girang.

Teu lila murudul prajurit Cirebon nu ngudag. Ngan anu diudagna siga nu ngadadak leungit. Rakit jeung parahu oge ngadadak teuing ka marana.

Moal boa nu tikelebuh teh nu tadi? Bena gancang nyuruput kopina, ngan henteu tepi ka beak. Nyetrok gula deui. Geus kitu nangtung.

“Mihape kopi, can beak. Kula hayang nyaho nu neangan nu titeuleum.”

“Heug,” ceuk tukang warung.

Bena gagancangan leumpang muru ka beulah hilir. Sanggeus rada anggang ti warung mah luluncatan hayang ngudag Ki Olot. Tapi anjog ka tempat tadi oge Ki Olot Kaya teu katempo. Kawasna Olot Kaya make parahu.

Katempo di tengah walungan obor ngagebur tina parahu jeung tina rakit. Sababaraha urang prajurit Cirebon narangtung dina gili-gili bari nempokeun ka tengan walungan. Bena teu wanieun ngadeukeutan prajurit Cirebon.

Rarat-reret sugan aya tanyaeun, rada jauh ti prajurit Cirebon katempo aya lalaki nu keur nangtung bari nyekel obor. Buru-buru disampeurkeun.

“Can kapanggih?” ceuk Bena.

Nu ditanya rada ngagurubug kawas nu kageteun, sigana teu nempoeun Bena nyampeurkeun.

“Acan,” tembalna.

“Urang dieu nu titeuleumna?” Bena nanya deui.

“Cenah lain. Semah?”

“Semah? Urang mana?”

“Kateuing. Ngan cenah nu rek ka beulah peuntas.”*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah