Putri Anjungsari (34), Prajurit Cirebon Ngudag nu Ngabelesurkeun Pangpung, Tapi Dipacikeuh

- 21 Februari 2023, 05:30 WIB
Putri Anjugsari
Putri Anjugsari /Budi Riyanto/Galura

ENYA,” tembal Suba, angger lelenggutan.

Nempo Suba lelenggutan Bena seuri. Bari rada rusuh Bena leumpang ka lebah warung nu panghilirna. Prajurit Cirebon nu tadi cicing di sisi walungan taya saurang nu ngulampreng.

Anu pajarkeun keur ngudag nu ngababet pangpung oge henteu tembong geus daratang. Kaayaan simpe deui, kawas samemeh prajurit mareuntas.

Basa ngaliwat ka warung panghilirna nu pakaranganana dicaangan ku obor, Bena ngarandeg. Alak-ilik ka jero warung nu ngan ukur dicaangan ku cempor leutik jeung kacangan ku ruhay dina hawu.

Tapi katempona teh tiiseun, taya nu ngadon barang dahar atawa reureuh. Bena neruskeun deui leumpangna muru tampian luhureun walungan nu tembong aya sababaraha hiji.

Karek sababaraha lengkah ti hareupeun warung, Bena ngadenge sora talapok kuda nu ngadeukeutan. Bena nyalingker ka tukangeun tangkal calingcing.

Deukeut calingcing, kuda teh eureun, Nu numpakna rarat-reret siga aya nu diteangan. Ditelek-telek ku Bena tapi henteu sidikeun, lantaran diteregos ku kaen hideung, ongkoh deuih lebah dinya mah taya cacaangan.

Teu lila kurunyung lalaki duaan nyampeurkeun nu numpak kuda, patutur-tutur, leumpangna lalaunan jeung bari luak-lieuk, leungeun katuhuna meh napel dina cangkengna.

Ka ieu dua lalaki oge Bena henteu sidikeun, najan henteu diteregos oge. Sanggeus deukeut ka nu tumpak kuda eta dua lalaki teh nangtung gigireun nu tumpak kuda bari leungeun katuhuna angger dina cangkeng.

Anu tumpak kuda luncat turun, teu kadenge ngagejligna, siga anu hampangeun. Laju satengah lumpat muru ka sisi walungan, dituturkeun ku lalaki saurang.

Ari nu saurang deui tumpak kuda terus ngaberetek ka girangkeun. Bena ngeteyep nuturkeun nu duaan ka sisi walungan. Teu wanieun lumpat atawa luluncatan lantaran sieuneun kanyahoan.

Waktu anjog ka sisi walungan, katempo parahu nyoloyong ka peuntas beulah ditu. Anu tumpakna tiluan. Sakeudeung oge geus teu kaciri, ukur kadenge seahna cai. Geus karuhan kitu, Bena balik deui kana urut tadi.

Karek oge tepi ka lebah tangkal calingcing sarta rek muru ka tampian, kadenge sora kuda tingberetak ti beulah hilir. Bena luncat ka tukangeun rungkun saliara.

Teu lila aya welasna kuda ngaliwat, lumpatna ditegarkeun, anu tarumpak kudana oge mani ngadepong. Bena ngaranjug, anu tarumpak kuda teh prajurit Cirebon. Ngudag saha?

Ras inget ka nu tumpak kuda tadi. Boa-boa ngudag nu tumpak kuda. Bisa jadi enya, lantaran nu tumpakna turun, tuluy naek parahu, sarta kudana ditumpakan ku nu sejen.

Bena ngagentak ngabelesat lumpat nuturkeun, ti kaanggangan. Prajurit Cirebon tepi ka darmaga pameuntasan areureun.

Bena kebat ka sisi  walungan, sasalingkeran bisi kanyahoan ku prajurit Cirebon lantaran pasti ditanya.

Bena heraneun di darmaga taya oge hiji parahu nu masih dicangcang, padahal tadina mah aya sababaraha hiji. Malah rakit oge teu katempo.

Prajurit Cirebon ngagimbung di sisi darmaga, sawareh tarurun tina kudana sarta leumpang ka beulah hilir nu rembet ku kakayon.

Sanggeus karuhan taya kajadian nanaon Bena gura-giru asup ka warung. Nyampak Suba geus geus euweuh. Bari ngarongkong kendi, Bena nanya ka tukang warung.

“Ka mana budak nu tadi di dieu?” pokna bari nyicikan cai kana bekong.

“Tadi kaluar jeung lanceukna,” tembal tukang warung.

“Rek balik deui ka di dieu?”

“Rek terus mulang nyaritana mah, ngan kateuing mulang ka mana. Kami henteu talelete.” 

Bena diuk, leguk nginum.

“Ari parahu jeung rakit ka marana? Euweuh hiji-hiji acan,” ceuk Bena deui.

“Maenya? Rakit mah najan nu bogana mulang oge sok dicangcang di darmaga,” tembal tukang warung semu heraneun.

“Ari parahu?”

“Sok ditambat di dinya,” tembal tukang warung. “Asa aneh euweuh hiji-hiji acan mah.”

Bena ngahuleng. Teu lila torojol saurang prajurit Cirebon. Alak-ilik. Meunang sajongjongan mencrong Bena.

“Arek dahar?” ceuk tukang bari nyampeurkeun.

Prajurit Cirebon gideug.

“Ngopi?”

Ditawaran kopi mah prajurit Cirebon curinghak. Kitu deui Bena. Geuning warung nu jauh ka basisir nyadiakeun kopi, gerentesna.

Prajurit Cirebon unggeuk, terus diuk teu jauh ti Bena.

“Dia arek nginum cai kopi?” ceuk tukang warung ka Bena.

“Eudeuk,” ceuk Bena haget pisan.

Ti saprak dayeuh Pakuan Pajajaran beuki rekep dikepung ku pasukan Banten jeung Cirebon, kopi jadi arang pisan nu ngirim. Bena geus sababaraha bulan teu nginum kopi.

Pangangguran Bena nempokeun tukang warung nu rek ninyuh kopi. Ninyuhna make cai nu ngagolak, tina pariuk nu nagen dina hawu. Disiuk ku siwur.

Diadukna make sendok nu dijieun tina batok. Bekongna oge tina batok. Tukang warung nyemplekan gula kawung, diwadahanana oge sarua dina batok nu ceper.

Anu pangheulana diasongan kopi jeung gula kawung teh prajurit Cirebon, ari Bena mah pandeuri.

“Kopi anyar. Tadi waktu dia keur tampian aya nu ngirim. Puguh geus saminggu pesen kopi karek datang ayeuna. Cenah kapal nu mawa kopina elat datang. Di tengah laut caina motah,” ceuk tukang warung.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah