Putri Anjungsari (19)

- 6 Februari 2023, 05:30 WIB
/

MOTONG jalan, teu ngaliwat jalan jajahan. Moal sieun disusud ku urang Banten, moal hariwang panggih jeung urang Carbon. Apan ceuk tukang warung ogé loba sémah daratang ka dieu,” ceuk Putri Anjungsari bari ngadeukeutan kudana, clak ditumpakan.

Ngadéngé omongan Putri Anjungsari kitu Olot Kaya ngahuleng. Kitu deui Béna jeung Rait. Boa-boa lalaki nu duaan di warung téh sacara teu langsung nitah sangkan ulah maké kuda, ulah maké jalan jajahan, kudu maké jalan narabas. Di jalanna werit, loba urang Cirebon atawa Banten.

Saha atuh lalaki nu duaan téh? ceuk Olot Kaya dina haténa.  Méméh mancal kana kudana, Olot Kaya ngarérét ka jero warung. Ngan lalaki nu duaan téh geus euweuh, kari tukang warung jeung lalaki anyar datang nu katempona keur uplek ngawangkong.

Olot Kaya nu ayeuna mah panghareupna rada ngalumpatkeun kudana. Nu séjén ogé nurutan. Kawantu poé geus nyedek ka burit, bisi tacan manggih pamondokan nu merenah hég geus peuting.

Mun téa mah tepi ka kapeutingan, saenyana keur Olot Kaya, Béna, jeung Rait mah teu hésé néangan keur saré téh, nyangkaré dina dahan tangkal kai ogé henteu nananon.

Tapi ari keur Putri Anjungsari jeung Ranah? Tangtu waé kudu bebenah heula, kudu nyieun tempat saré darurat.

Keur jongjon ngalumpatkeun kudana,  anggangna kira-kira kurang leuwih dua puluh deupa, katempo rungkun awi nu ngaroyom di gawir sisi jalan beulah kénca ujug-ujug  rungkad sarta ngahalangan pisan jajalanan.

Atuh nu limaanana ngendoran kudana séwang-séwangan. Sanggeus deukeut eureun lantaran kudana moal mungkin bisa ngaluncatan rungkun awi nu malang pisan.

“Lot, kudu ditutuhan heula régang awina,” ceuk Rait bari rék turun.

“Ké heula,” ceuk Putri Anjungsari bari panonna ngulincer ka sabudeureunana.

Olot Kaya, Béna, Ranah, jeung Rait ogé alak-ilik ka sisi ka gigir nengetan bisi manggih tanda-tanda nu nyurigakeun. Tapi taya nanaon. Kaayaan éstu jempling, nu kadéngé ukur séahna angin jeung sakapeung sora manuk.

Olot Kaya tanggah ka luhur, panonpoé geus méh tunggang gunung, téréh sareupna, ngandung harti kudu gancang manggih tempat keur saré.

“Alusna awina tong dikukumaha,” ceuk Putri Anjungsari.

“Ari liwat kumaha? “ témbal Rait.

“Malibir, néangan pijalaneun,” ceuk Putri Anjungsari.

Rait kerung, tapi teu lila nyéréngéh seuri. Pikeun Rait, kitu deui pikeun Béna, ukur nutuhan régang jeung congo awi lain pagawéan hésé jeung teu kudu make bedog, dipites-piteskeun oge gampang.

Ngan mungguh keur nu nyingkahan, keur nu satékah polah ulah amprok jeung musuh mah, ulah tepi ka némbongkeun tapak nu gampang kapanggihna. Mites-miteskeun congo awi jeung régang awi tanda nu milampahna mibanda élmu kanuragan nu luhung nu hésé tandingna.

Rait majukeun kudana ka sisi jalan beulah katuhu nu rungkun saliarana ngajejembrung, nu ka beulah dituna paselang jeung tatangkalan. Rait alak-ilik néangan pijalaneun nu sakira gampang diliwatan. Geus kitu nyampeurkeun Putri Anjungsari.

“Rembet pisan,” pokna.

“Tapi bisa diliwatan?” ceuk Putri Anjungsari.

“Dipaksakeun mah bisa. Ari ka beulah katuhu, hésé naékna, gawirna gurawés pisan.”

“Kumaha, Lot?” ceuk Putri Anjungsari ka Olot Kaya.

“Nam, bisi sareupna mantén,” témbal Olot Kaya.

Béna nu ti tadi gigireun Putri Anjungsari turun. Kudana ditungtun dibawa ka sisi jalan beulah kénca ka lebah Rait tadi néangan pijalaneun. Rait nuturkeun, sarua turun tina kudana jeung nungtun kudana. Olot Kaya, Ranah, Putri Anjungsari, jeung Rait mah angger dina kudana.

Béna nyokot pangpung nu tacan patih uduh, panjangna sadeupaan. Pangpungna téh dipaké nyuay-nyuaykeun rungkun saliara, sarta terus ditincak. Rait nu leumpang tukangeunana ogé milu nincak rungkun saliara nu disuaykeun ku Béna.

Olot Kaya nu pangtukangna nyelang heula turun tina kudana, sarta ngabebener rungkun di sisi jalan sina balik deui ka asalna.

Bubuhan tadina asak latihan kaprajuritan di leuweung, Béna jeung Rait teu hésé pikeun narabas rungkun saliara jeung keur néangan pijalaneun. Kuda nu ditumpakan ku Putri Anjungsari, Ranah, jeung Olot Kaya ogé teu héséeun ngaliwat, sukuna henteu tepi ka kakait ku rungkun.

Mun teu bari mawa kudana mah bisa leuwih téréh, bisa lumpat jeung luluncatan. Kukurusukan dina sela-sela rungkun jeung tatangkalanana téh henteu lila.

Méméh asup deui ka jalan jajahan, manggih jalan satapak kawétankeun nu kawasna arang diliwatan. Sigan tadina jajalaneun ka huma. Humana teu digarap deui, pindah ka tempat séjén, jalanna tara dipaké.

Béna jeung Rait tacan numpakan deui kudana. Olot Kaya, Putri Anjungsari jeung Ranah nu angger dina kudana séwang-séwangan mah.

Béna jeung Rait ngarandeg heula, panonna nuturkeun brasna jalan satapak, ngan panempona henteu terus labas lantaran jalanna kahalangan ku jukut nu ngajejembrung katambah ku rungkun nu kékép pisan.

Keur kitu ujug-ujug kadéngé sora tuweuw. Disusul ku muihna pangpung nojo ka lebah Olot Kaya nu angger cicing pangtukangna. Atuh Olot Kaya téh teu wudu ngaranjug, ganjang ngagiwar bari ngalésotkeun tali elés kudana.

Ngagiwarna ngagentak teuing tepi ka Olot Kaya ragrag tina kudana. Kudana ngahiem, rada motah, suku hareupna tétéréjéan rada ngangkat ka luhur, Olot Kaya gancang hudang terus taki-taki, kuda-kudana manceg kana tanah. Béna jeung Rait ngagentak ngadeukeutan Putri Anjungsari.

Sajongjongan taya kajadian nanaon deui. Ngan waktu Olot Kaya ngarérét kana kudana, éndong nu tadina ngagantél dina sadel geus euweuh. Teu lila katempo aya nu ngabelesat lumpat ka lebah wétankeun, mapay jalan satapak.

“Endong aya mawa,” ceuk Olot Kaya satengah nyorowok.

Rait ngaluncatan rungkun nu ngahalangan jajalaneun, terus lumpat tarik pisan, méh siga nu teu napak kana lemah, seja ngudag nu tadi ngabelesat. Sakeudeung ogé geus teu katempo, ukur rungkun saliara nu oyag-oyagan kurut kaliwatan ku Rait.

Teu lila,  di beulah wétan, manuk rabeng, siga kagebahkeun, terus pating kalayang kukurilingan. Kadéngé deuih siga aya nu ngagorowok “wadoh”.

Olot Kaya, Putri Anjungsari, Ranah, jeung Béna silihrérét.

“Geuwat susul,” ceuk Olot Kaya bari luncat kana kudana, tali elésna dikenyedkeun, kudana sina lumpat tarik.

Ranah jeung Putri Anjungsari nuturkeun, disusul ku Béna, sarua ngalumpatkeun kudana. Ngan kudana satuluyna henteu bisa terus lumpat, lantaran jalanna beuki ditu beuki pinuh ku rungkun. Mun dipaksakeun suku kudana bisa tikarijet. Olot Kaya ngeureunkeun kudana, gajleng turun.

“Dia tong jauh ti Put….,” ceuk Olot Kaya ka Béna, ngan henteu neruskeun omonganana. Laju ancang-ancang, belesat lumpat ka lebah manuk rabeng haliber.

Béna turun tina kudana. Kuda nu tadi ditumpakan ku Olot Kaya sina ditungtun ku Ranah. Clak deui tumpak kudana, sina leumpang, panghareupna. Bari dongko, leungeun katuhuna nyuay-nyuaykeun rungkun maké pangpung nu rada panjang.

Panonna mindeng ngarérét ka kénca ka tukang, sakapeung ka tukang. Ranah nu pangtukangna sarua mindeng rurat-rérét ka kénca ka katuhu jeung ka tukang. Putri Anjungsari mah katémbong siga nu ayem, henteu témbong galider, panonna tetep manco ka hareup.

Jalan beuki lila beuki rembet ku rungkun saliara nu jarangkung. Alimusa nu cucukna sareukeut pisan méh satangtung jalma. Suku jeung leungeun Béna mindeng kakoét, témbong racak. Kudu mindeng jéjérétéan, sigana sarua mindeng kaokét ku alimusa.

Leumpang kuda beuki ngendoran. Béna henteu bisa gancang nyuay-nyuaykeun rungkun lantaran rungkun tambah rembet jeung jarangkung. Sakapeung mah ngajanteng heula néangan jajalaneun nu rungkunna henteu rembet teuing.

Béna sabenerna mah hayangeun pisan gancang nyusul Olot Kaya. Ngan teu bisa ninggalkeun Putri Anjungsari. Najan Putri Anjungsari dina élmu béla dirina kaasup masagi, tapi masing kumaha waé ogé nu ngaranna putri raja kudu dikawal, kudu ditangtayungan.

Komo ieu keur di tempat hara-haraeun, sarta ulah tepi ka nu ngamusuhan Pajajajaran nyarahoeun. Upama arapaleun tangtu bakal terus-terusan diudag tepi ka beunangna.

Hayangeun leuwih sidik kana kaayaan sabudeureunana, Béna luncat kana dahan tangkal nu rada pendék. Bréh téh rada jauh ti dinya, beulah wétan,  saung ranggon nu hateupna témbong geus maruragan.

Béna nyidik-nyidik pijalaneunana nu rada babari diliwatan, nu rungkun saliarana henteu rembet teuing jeung henteu jarangkung teuing.

Ari tatangkalan baradag mah geus euweuh, lantaran tadina huma sarta sanggeus sawatara taun ditinggalkeun bakal jadi lahan tatanén deui. Rungkun saliarana dicacar terus diduruk.

Sanggeus pijalaneunana kapapay, Béna luncat turun.

“Saung ranggon teu jauh ti dieu,” pokna ka Putri Anjungsari.

Putri Anjungsari ukur unggeuk.

Béna nungtun deui kudana. Béna teu wanieun nyacar rungkun saliara lantaran bakal aya tapakna, ari ukur disuaykeun jeung ditincak mah téréh narangtung deui.

Putri Anjungsari jeung Ranah ngiclik nuturkeun, kuda leumpangna alon. Beuki deukeut ka lebah sangung ranggon, rungkunna henteu rembet teuing, malah loba nu leningna ukur, jukut nu ngajejembrung.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x