Putri Anjungsari (8)

- 26 Januari 2023, 06:00 WIB
/

SUBA nguniang, diuk sakeudeung, gigisik sakeudeung. Nu patinggedebug teu kadéngé.  Bari jeung jumarigjeug Suba kaluar ti saung. Alak-alik ka pakarangan saung taya nanaon. Simpé. Panonpoé harita geus liwat mancerna, geus liwat tengah poé. Ponclot pasir Raksa Bumi angger karasa tiis, angin ngahiliwir nebak tatangkalan. Suba kalantang-kulinting sorangan di buruan saung. Akina teu katempo kalangkang-kalangkangna acan.

Ti golodog Suba nempo ka tihang awi nu dipaké ngagantung éndong akina. Endongna aya kénéh. Hartina akina téh teu ka mamana. Masih kénéh di Raksabumi. Ka Cipatahunan kitu? Tapi wayah kieu mah tacan waktuna mandi. Boa-boa aya nu mergasa pédah kadéngé tadi siga aya nu keur tarung? Boa cilaka? Sakanyohana mah akina téh teu boga musuh. Paréa-réa omong jeung tatanggana teu kungsi.

Suba diuk dina gologog. Ngahuleng babakuna mikiran lalampahan nu bakal disorang pagéto. Akina ukur nyebutkeun rék ka Sumedanglarang. Tujuanana rék naon, di ditu rék nepungan saha, teu disebutkeun. Piraku indit-inditan tambuh laku. Ti Kawali ka Sumedanglarang téh jauh, ku leumpang moal tepi sapopé dua poé. Aki Jaya mah bisa tumpak méong, ari dirina? Kumaha nu tiluan deuih? Piraku kabéh tumpak iinguan Aki Jaya.

“Sampurasun.”

Suba ngarénjag. Ngalieuk ka lebah holna sora. Bréh di deukeut juru saung, teu jauh ti golodog, ngabedega lalaki nu pangawakanana leutik tapi ngeusi. Maké totopong warna héjo saulas. Nyalindang éndong nu rada badag, siga mawa buntelan. Maké tarumpah, nu sigana dijieun tina kulit, kulit nu teu pati kandel. Teu wawuh, karék panggih harita, Suba teu ujug-ujug némbalan, anggur mencrong ka éta lalaki nu umurna kira-kira opat puluh warsa.

“Sampurasun,” ceuk éta lalaki deui bari ngadeukeutan Suba,

Suba nangtung, turun tina golodog.

“Rampes. Bagéa,” témbal Suba.

“Ari Aka Kanta aya?” ceuk éta lalaki bari lunga-lengo ka jero saung.

“Kateuing ka mana. Tadi mah aya,” tembal Suba,”Ari Aka ti mana?”

“Ti Panjalu.”

“Jauh ning...Yap, ka jero,” ceuk Suba bari unggah ka jero saung.

Lalaki tadi nuturkeun. Duanana diuk sila pahareup-hareup. Sakedapan mah taya nu ngomong, pahuleng-huleng. 

“Ti iraha cicing di dieu?” ceuk éta lalaki ngamimitian nyarita.

“Uing? Tacan lila,” témbal Suba.

“Paingan atuh. Waktu Aka baréto ka dieu jeung ngéndong dua peuting teu nempo.... Sahana Aka Kanta?”

“Incuna. Ari Aka?”

“Kawawuhan waé. Kungsi sapaguron di Panjalu. Ngaran Aka, Atus.

“Uing Suba.”

“Hadé tah ngaran téh.”

Suba seuri. “Ceuk Ema mah ngaran paméré Aki.”

“Aka téh diajak nyaba ku Aki Jaya ka Medang Kamulyaan, inditna pagéto. Ngan Aki Jaya omat-omatan miangna ti dieu bareng.”

“Aki Jaya ogé ngajak uing, ngan ngajakna ka Sumedanglarang.”

“Sarua diajak nya?”

“Tapi béda tempat nu dijugjugna.”

“Medang Kamulyaan jeung Sumedanglarang téh éta-éta kénéh. Baheula mah disebut Medang Kamulyaan, béh dieu jadi Sumedanglarang.”

“Kitu? Karék nyaho…. Aki Jaya peuting tadi ngéndong di dieu, tapi wanci pecat sawed balik ka Cikupa. Tumpak maung balikna.”

Atus seuri. “Nyaho geuning?” pokna.

“Uing ngintip.”

“Wanian. Kumaha mun maungna ngarontok?”

“Piraku ngarontok.”

“Osok ka nu anyar panggih mah.”

“Paingan atuh matana mureleng ka uing jeung siga nu rék ngagajleng. Untung waé Aki Jaya  gancang mancal kana tonggong maung. Biur waé maung teh lumpat. Nyaba ka Sumedanglarang ogé numpak maung Aki Jaya mah.”

“Moal. Leumpang. Teu sagawayah disambatna ogé.”

“Maenya?”

“Tanyakeun ka Aki geura.”

“Wah, aki mah tara ubral-obrol nu kararitu. “

“Lain tara, encan.”

“Ké, ari ka Sumedanglarangna rék naeun?”

“Kateuing, teu apal. Tacan dibéjaan. Kawasna aya perlu, atawa rék nyekar. Biasana mah sok bari nurunkeun paélmuanana. Jadi kudu atoh diajak nyaba ku Aki Jaya mah.” (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x