Putri Anjungsari (97), Sangkan Leuwih Aman, Putri Pajajaran Miang deui ka Karajaan Panjalu

25 April 2023, 06:00 WIB
Patilasan Prabu Siliwangi (Prabu Niskala Wastukancana) di Desa Cibeureum Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat. /Nanang S/Galura

 

NING geus mulang deui?” ceuk Suba bari mencrong ka akina, ka Aki Kanta nu karek ngarongheap datang. “Cenah rek lila….”

“Putri dibawa ka Panjalu,” tembal Aki Kanta bari ngarongkong bekong, cur dieusian cai tina kendi. Regot caina diinum.

“Naha dibawa ka Panjalu?” Suba panasaraneun.

“Ambeh aman di ditu mah.”

“Ari di Kawali teu aman kitu?”

“Can aman.”

“Can aman kumaha?” Suba nyusul tepus.

Aki Kanta ngahuleng, bingeungeun ngajawabna. “Aeh ari nu ti Pajajaran geus arindit?” pokna nyalenggorkeun obrolan.

“Eunggeus tadi isuk-isuk, teu ngadagoan Aki datang heula da sugan teh Aki rek lila di ditu,” tembal Suba. “Aka Bena, Aka Rait, ka Linggahyang heula, nyamper tukang parahu. Ari Olot Kaya bareng jeung Aki Jaya, miang ka Cikupa.”

“Bena, Rait jeung tukang parahu mah engke papisah meureun, nya?” ceuk Aki Kanta.

“Nya, Aka Bena apan rek milu jeung Bah Uha, ari Rait rek milu jeung tukang warung di Sumedanglarang. Tukang parahu mah balik deui ka Rajamandala.”

“Bekel pamere Maharaja Sakti teu parohoeun?”

“Dibawa. Naeun eta teh, Ki?”

“Duit perak jeung emas.”

“Baruk?”

“Ih, apan Olot Kaya, Atus, Asmita, Gingin, jeung Aki Jaya oge dibahanan duit ku Maharaja Sakti.”

“Naha uing henteu?”

“Diampihan ku Aki,” tembal Aki Kanta bari seuri. “Tuh diteundeun dina peti wadah beubeutian. Cokot wae ari perlu mah.”

Suba ukur ngareret kana peti nu diteundeun teu jauh ti hawu.

“Ah, keun wae di dinya,” tembalna.

“Ari Asmita, Atus, Gingin, geus marulang deuih?”

“Enggeus. Ginggin mulangna pangisukna, hayangeun tepi ka Dayeuhluhur beurang keneh. Bisi raja Dayeuhluhur deudeueupeun, cenah. Putri ka Panjaluna jeung saha?”

“Aya nu mapagkeun,  cawene.”

“Atuh kumaha engke di jalan, bisi aya nanaeun.”

“Cawenena perjurit pinilih Karajaan Panjalu, ngan teu nyirikeun, siga somahan, siga tukang tani.”

“Beda meureun jeung Putri?”

“Putri didangdanan kawas tukang tani. Tapi da moal aya perjurit Cirebon ieuh. Dina pasarandogna oge moal nyangkaeun inyana Putri.”

“Tapi beda meureun tagogna?”

“Mun ditelek-telek.”

“Laleumpang ka dituna?”

“Mimitina mah leumpang, ke geus jauh ti lembur tarumpak kuda.”

“Ari di Panjaluna Putri milu jeung saha?”

“Cicing di karaton Panjalu.”

“Ari raja Panjalu jeung Putri pancakakina kumaha?”

“Dulur, sarundayan.”

“Naha teu cicing di Kawali? Apan meureun sarua sarundayan jeung Perebu?”

“Sarua sarundayan. Nya meureun kahayang Putri dumuk di Panjalu,” tembal Aki Kanta.

Aki Kanta saenyana geus ngadenge beja hawar-hawar bae mah. Maharaja Sakti basa masih keneh dumuk di Pakuan Pajajaran saacan jadi raja di Kawali aya hate kadua leutik ka Putri Anjungsari, malah mah cenah mah geus hahadean. Ngan Maharaja Sakti ku raja Pajajaran diparentahkeun sina gancang ka Kawali, diangkat jadi raja, atuh jeung Putri Anjungsari teh papisah.

Raja Pajajaran teu apaleun Maharaja Sakti boga hubungan jeung Putri Anjungsari. Nu matak memeh Maharaja Sakti miang henteu sina ngadahup heula jeung Putri Anjungsari. Beh dieu, Raja Pajajaran weruheun, nu matak basa Putri Anjungsari rek ngungsi ku raja dititah miang ka Kawali bari dikawal ku prajurit pinilih.

Aki Kanta teu betus ka sasaha ngeunaan beja hubungan Maharaja Sakti jeung Putri Anjungsari. Aki Kanta nganggap soal eta teu perlu dibeja-bejakeun, kaasup ka Suba, ka incuna. Raja Panjalu oge sigana teu apaleun. Di Karajaan Kawali mah ukur Aki Kanta nu nyahoeunana bari Aki Kanta tacan yakineun kana beja nu katarimana.

Ngan lamun nempo dariana Maharaja Sakti dina ngajaga kasalametan Putri Anjungsari, Aki Kanta ngaduga beja nu katarimana teu salah. Kumaha toh-tohanana ngamankeun lalampahan Putri Anjungsari ti Pajajaran ka Kawali, nembongkeun Maharaja Sakti aya hubungan mandiri jeung Putri Anjungsari.

Kulawarga karajaan nu ngungsi ti Pakuan Pajajaran ka Kawali lain ukur Putri Anjungsari, tapi geus rea, sarua deuih Maharaja Sakti sok ngiangkeun kapercayaanana pikeun ngajaga nu ngarungsi. Ngan ari ka Putri Anjungsari mah beda, leuwih kekep. Eta wae salian ti ngajurung Aki Jaya sabatur-batur oge nugaskeun nu sejen.

“Ba, Aki ka Sipatahunan heula, hayang mandi jeung hayang beuleum lauk, geus lila teu dahar jeung beuleum lauk,” ceuk Aki Kanta bari cengkat.

“Teu cape kitu, Ki?”

“Manasina leumpang biasa,” tembal Aki Kanta bari seuri.

“Iraha rek nurunkeun elmuna ka uing, Ki?” ceuk Suba deui.

“Ceuk pangrasa Aki mah, hidep asa teu perlu boga pangabisa kawas Aki,” ceuk Aki Jaya bari ngarongkong lodong kosong.

“Naha?”

“Engke oge nyaho.” *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler