Carita Nyambung Putri Anjungsari (79), Anu Nitah Ngadagoan teh keur Ngudag Telik Sandi Cirebon

7 April 2023, 03:00 WIB
Putri Anjungsari /Putri Anjungsari

LALAKI nu nyusul ngahuleng. Geus kitu panonna ret ka Asmita, ka Atus jeung ka Gingin.

“Ari daria rek ka marana?” pokna.

“Rek mulang,” tembal Aki Jaya bari neuteup lalaki nu nyusul.

“Opatan?”

“Limaan tadina mah, ngan nu sauruang pandeuri.”

“Lakaki, cawene?”

“Lalaki, budak keneh,” tembal Aki Jaya. “Ari dia rek mana?”

“Kami mah urang dieu. Ti tadi di imah ngadagoan nu mawa endong tea, duaan.”

“Batur dia ti mana?” ceuk Aki Jaya.

“Ti kulon, kawawuhan, geus loma, ngan teu embol-embol,” tembal lalaki nu nyusul. “Kami nanya ka tatangga nu imahna sisi jalan, sugan nempo lalaki duaan nu ngaliwat. Inyana nyebut teu nempo, nempo mah lalaki opatan.”

“Dia laju nyusul kami? Ngageroan?” ceuk Aki Jaya.

Eta lalaki seuri.

“Kami mah panggih jeung tukang dagang keris, duaan, tadi di warung," ceuk AKi Jaya deui.

"Anu dagang keris?" tanya eta lalaki semu reuwas.

"Enya."

"Terus ka marana maranehna?"

"Nyebutna mah ka kulon."

Eta lalaki kerung.

"Kami rek balik deui ka kulon," pokna.

"Tadina dia rek ka mana?” ceuk Aki Jaya.

“Kami oge ka wetan, rek ka Kawali,  rek bareng jeung kawawuhan kami nu keur didagoan. Ngan moal tepi ka puseur dayeuhna. Paling oge tepi ka Jangraga.”

“Geuning dia nyaho ka Jangraga?”

“Mindeng ka ditu, malah mah ka Kabuyutan Linggahiang oge sababaraha kali.”

“Rek bareng jeung kami?”

“Moal, kami ngadagoan heula nu duaan,” tembal nu nyusul. “Kami amit rek mulang deui,” pokna deui terus mancal kana kudana.

“Amit,” pokna bari malikeun kudana. Beretek kuda ditegarkeun deui ka kulon.

“Saha, nya, Ki?” ceuk Gingin.

“Nu mana?” Aki Jaya malik nanya.

“Eta nu nyusul.”

“Teuing, teu wawuh.”

“Make nanyakeun nu mawa endong ka urang,” ceuk Asmita, tarangna ujug-ujug ngariut, kawas nu keur nginget-nginget. “Eta deuih ngadenge panggih jeung tukang keris, siga nu reuwaseun,” pokna deui.

“Heu-euh, nya,” tembal Gingin bari gagaro.

“Aya deui nu pikahemengeun teh,” Atus nembrong. "Tukang dagang keris kitu nu didagoanana?"

“Tapina, bisa jadi jalmana beda. Apan nu tadi diwiwirang ku Gingin mah holna ti wetan, lain ti kulon,” ceuk Asmita.

“Bisa wae ukur akon-akon,” tembal Atus.

Sakedepan mah taya nu nyarita. Narangtung bari ngaharuleng.

“Ih, naha bet kalah ka tinghariul. Hayu mangkat deui,” ceuk Aki Jaya.

“Enya, nya, kawas nu ditenung,” ceuk Asmita.

“Aeh, Ka, moal nanaeun Suba teu dibarengan ku Aka,” ceuk Atus nu ingeteun ka Suba nu leumpang pandeuri sarta teu didagoan ku Asmita.

“Moal nanaeun. Geus di lembur sorangan ieuh,” tembal Asmita.

Baca Juga: Pajajaran Runtag di Tatar Galuh Ngadeg Karajaan Galuh Salawe, Ngarundaykeun Bupati Galuh Ciamis

Baca Juga: Sri Baduga Maharaja Mindahkeun Puseur Karajaan ti Kawali ka Pakuan Pajajaran, Sangkan Maritimna Kuat

Baca Juga: Sundakalapa Palabuan Penting ti Jaman Tarumanagara tepi ka Jaman Pajajaran

*

WANCI sareupna, Putri Anjungsari, Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah tepi ka tutugan Gunung Cakrabuana beulah kidul. Henteu mapay jalan tutugan Gunung Cakrabuana beulah kaler. Tinimbangana jalan beulah kaler, kaasup jalan nu kawilang rame, lantaran dipake jajalaneun nu urang kaler, ti Talaga jeung ti Cirebon nu rek ka Sumedanglarang.

Talaga geus lila dikawasa ku Cirebon, urang Cirebon loba nu ka Talaga, boh rek pindah boh nu rek daragang. Ti Talaga terus sumber deui ka wewengkon sejenna. Mun make jalan kaler nu brasna ka Malausma terus ka Panjalu, manggih simpangan ti Talaga, jadi gede kamungkinan bakal amprok jeung urang Cirebon.

Tinimbangan Putri Anjungsari, najan lolobana urang Cirebon nu ka Talaga tukang dagang, bisa jadi di antarana aya telik sandi. Atawa bisa jadi deuih prajurit Cirebon nu nyamur. Masing kumaha wae oge urang Cirebon pasti ngamankeun tapal wates wewengkonna, najan Kawali geus dianggap teu mibanda kakuatan nu tanggoh.

Putri Anjungsari oge moal make jalan nu brasna ka Panjalu, tapi make jalan nu langsung ka Kawali,  ngaliwatan tempat ngamarkasna prajurit Pajajaran nu dipupuhuan ku Jangraga jeung tempat dipusarakeunana Jangraga.

Wewengkon Kawali teu digomeng-gomeng ku Cirebon, najan Kawali masih keneh bawahan Pajajaran.

Kawasna urang Cirebon masih ngahargaan ka luluhur Mbah Kuwu Sangkan atawa Walangsungsang. Karaton Pakungwati nu diadegkeun ku Walangsungsang nyanghareup ka Galuh, ka Kawali.  Tanda Mbah Kuwu Sangkan mihormat ka tempat asal bapana, Jayadewata nu sanggeus jadi raja di Pajajaran gelarna Sri Baduga Maharaja.

Karasa kudana geus rada leuseuheun, sabada tuluy-tuluyan ditegarkeun, Putri Anjungsari ngalaunkeun lumpatna kuda. Olot Kaya, Bena, Rait jeung Ranah oge ngendoran kudana. Di handapeun tangkal badag, Putri Anjungsari eureun, jrut turun. Nu sejenna oge tarurun. Ku Bena jeung Rait, kudana dikasisikeun disina nyatuan jukut.

Rait nilas dangdaunan, keur nilam dariuk. Ngan langsung dariuk, tapi nangtung bari babatek, ngalempengkeun cangkeng, tas diuk dina tonggong kuda sakitu lilana. Bena jeung Rait mah bari nalingakeun kaayaan, bisa aya nu pibahlaeun. Tempatna geus jauh ka pilemburan. Dina jalan oge taya tapak urut ngaliwat.

“Lot, ngaso di mana engke peuting?” ceuk Bena ka Olot Kaya.

“Kumaha Putri wae,” tembal Olot Kaya bari ngareret ka Putri Anjungsari nu keur cacarita jeung Ranah.

“Ngan mun ngaso di dieu,  leuweungna gerotan,” ceuk  Rait.

“Ieu gunung kungsi dipake dumuk saheulaanan ku Cakrabuana, nu matak disebut Gunung Cakrabuana,” ceuk Olot Kaya.***  Nyambung

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler