Putri Anjungsari (36), Prajurit Cirebon Tugur Sisi Walungan Lebah Parahu ti Kelebuh, Ngan Ujug-Ujug Birat

23 Februari 2023, 05:30 WIB
Putri /Budi Riyanto/Galura

AREK naeun?”

“Di ditu aya patilasan Rajamandala, peuting sok loba nu mujasmedi.”

“Cawene nu titeuleumna?”

“Enya. Sigana teu bisaeun ngojay, baturna duaan lalaki mah bisaeun ngojay sarta bebeja ka kuncen. Kuncen ngajurungan neang Ki Olot.”

“Karunya,” ceuk Bena semu ngagerendeng.

“Ari di dinya ti mana?” ceuk nu mawa obor bari ngereret ka Bena.

“Kumaha kitu?” tembal Bena bari angger mencrong ka walungan.

“Kadengena mah urang kulon.”

“Enya. Rek ka kaler.”

Nu mawa obor teu nanya deui. Panonna angger mencrong ka lebah walungan, bari biwirna rada kunyam-kunyem. Gog nagog, leungeun katuhuna nyomot taneuh. Dikeupeul-keupeul. Lung dialungkeun ka walungan.

Meunang tilu kali kituna teh. Geus kitu nangtung. Gorobos ti lebah rungkun saliara nu ngajejembrung di gili-gili walungan, beretek lumpat ka tonggohkeun. 

“Naeun eta?” ceuk Bena.

Nu mawa oncor ukur seuri. Anggur ngalieuk ka lebah prajurit Cirebon nu masih ngaregreg dina kudana sewang-sewangan, di sisi walungan, ngawaskeun ka lebah parahu jeung rakit nu dicaangan ku oncor.

Bena nurutan ngalieuk ka prajurit Cirebon. Heraneun oge ku naon prajurit Cirebon make pipilueun nitenan nu keur neangan nu ti teuleum. Ras inget ka nu tumpak kuda nu diudag ku prajurit Cirebon. Moal boa kitu aya patalina jeung nu keur diteanganana?

Prajurit Cirebon ujug-ujug malundur. Kudana siga nu manggih kareuwas. Kawas nu dikomando prajurit Cirebon ngalumpatkeun kudana ka tonggohkeun, ka beulah kidul.

Puguh wae Bena heraneun pisan. Ari nu mawa oncor mah nyerengeh sina nu sugemaeun. Ku Bena nu mawa obor teh dipencrong, ngan kawasna teu kapangaruhan, angger neuteup ka lebah walungan, ngan ayeuna mah biwirna teu kunyam-kunyem deui.

Cangkeul ngalelentruk di sisi walungan, jaba peuting, jeung loba leungit, Bena amitan ka nu mawa obor.

“Kula arek ka pamondokan, ka warung nu deukeut darmaga. Hayang reureuh,” pokna.

“Heug. Kami mah di dieu heula,” tembal nu mawa obor.

“Tepi ka isuk?”

“Kumaha kapanggihna layon.”

“Iraha?”

“Tara lila biasana mah, kajaba taya nu ti teuleum.”

“Ceuk pangrasa dia kumaha?”

“Beda karasana. Beda jeung mun enya aya nu teuleum.”

“Ari ayeuna kumaha?”

“Ceuk rarasaan mah taya nu titeuleum.”

“Apan parahuna tikelebuh. Ukur duaan nu salamet.”

“Nya, engke wae dengekeun Ki Olot.”

“Boa geus palid jauh.”

“Lebah dieu mah caina ngeuyeumbeu, pangna dipake pameuntasan ku nu rek mujasmedi oge.”

“Iraha Ki Olot nyisina.”

“Nya kateuing. Panasaran? Isuk wae tetelepek.”

Bena nyerengeh.

“Kami rek ka warung,” pokna bari ngalengkahkeun sukuna.

Nu mawa obor tiban ngareret. Teu ngomong sakecap oge. Sanggeus jauh ti nu lebah nu mawa oncor, Bena lumpat bebelesatan. Hayang buru tepi ka warung. Sugan aya pituduh ti Putri Anjungsari atawa ti Olot Kaya.

Teu sakumaha lila tepi ka warung nu dituju. Sup ka jero warung, ukur aya tukang warung lalakina nu tugur. Dibaturan ku saurang jajaka nu keur meumeujeuhna belekesenteng. Prajurit Cirebon mah geus euweuh.

Bena diuk dina bangku nu hareupeunana bale-bale tempat neundeun cai kopina.

“Ti mana? Lila. Tuh, cikopina geus tiis. Rek ninyuh deui?”

“Entong ninyuh deui. Ken wae tiis oge,” ceuk Bena.

“Mentas ti mana?”

“Nempo nu neangan nu titeuleum.”

“Kapanggih?”

“Acan.”

“Biasana mah tara lila diteangan ku Ki Olot mah.”

“Enya,” tembal Bena. “Ke, ari prajurit Cirebon ka mana?”

“Arindit. Rek neruskeun lalampahanana.”

“Rek ka mana cenah.”

“Kateuing. Ngan rek kulon wae nyebutna mah,” ceuk tukang warung. “Rek meuting di dieu?”

“Meuting.”

“Geus disadiakeun. Tuh deukeut hawu ambeh teu tiris.”

“Nuhun. Ngan tacan tunduh.”

“Kami nyaring gentian jeung alo,” ceuk tukang warung bari ngareret ka jajaka nu diuk deukeut lawang asup.

Bena ngaleguk cikoina nu enya wae geus tiis terus ngagayem gula beureum. Keur kitu asup Suba. Bena curinghak. Suba nyampeurkeun Bena.

“Ti mana? Ari lanceuk dia ka mana?” ceuk Bena

“Tadi meuntas.”

“Dia ditinggalkeun?”

“Arek ka dieu deui.”***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler