Putri Anjungsari (15)

2 Februari 2023, 07:18 WIB
/

UNGGAL Putri Anjungsari ka huma, sok panggih waé.  Angger sok mangalakeun buah samolo. Ngan saméméh didahar sok diilikan heula ku pangasuhna, malah mah sok dipangmesékkeun.

Putri Anjungsari kungsi dibéré anak cangkurileung nu tacan bisaeun hiber, dibawa ka karaton, dipiara ku pangasuhna, dikanakurungkeun. Putri Anjungsari ogé sok milu maraban. Mindeng dibabawa mun keur ulin di buruan. Ocon pisan manukna téh, sok cicing dina taktakna, tas hiber ogé eunteupna téh dina taktakna.

Ngan basa dibawa ulin ka sisi leuweung, ngadéngé sorana cangkurileung séjénna, cangkurileungna ujug-ujug hiber ka luhur tangkal. Dihéotan ku sobatna jeung ku prajuritna, manuk téh balik deui, eunteup dina taktak Putri Anjungsari. Malah pamatukna ngaléndotan pipi Putri Anjungsari.

Geus kitu hiber deui ka luhur tangkal nu tadi. Teu balik deui najan pada ngahéotan ogé. Budak lalaki jeung prajurit ogé mani geus cangkeuleun beuheung alatan tatanggahan.

Tepi ka Putri Anjungari mulang manuk cangkurileungna téh henteu hiber nyampeurkeun atawa nuturkeun. Putri Anjungsari kacida pisan sediheunana. Ngan ku pangasuhna dibeberah jeung disebutkeun manuk mah hirupna di leuweung lain dina kurungan.

Kungsi rék dibéré deui anak cangkurileung, ngan Putri Anjungsari embungeun, sieuneun mun manukna geus gedé embung balik deui, jeung karunyaeun mun kudu dikurungan mah.

Sanggeus nincak rumaja tara tepung deui jeung budak lalaki bieu. Kituna téh lantaran ulin ka humana ogé beuki arang. Putri Anjungsari jeung lanceukna, Déwi Purnamasari, digembléng ngeunaan purbajati purbatisti karaton, kaasup dilatih jeung dipeuseuh ilmu kanuragaan.

Ngan henteu kungsi diangkeun ka Jampang, paguron tempat meuseuh calon raja, calon senapati, jeung calon prajurit pinilih. Di jalanna keur werit, lantaran wewengkon Pajajaran geus dikawasa ku urang Banten jeung Cirebon. 

Kungsi meunang béja, budak lalaki tadi henteu terus jadi patani, tapi milu jeung lanceukna dagang di Sunda Kalapa, najan Sunda Kalapa geus lain wilayah Pajajaran, geus dikawasa ku Cirebon.

Ngaran Sunda Kalapa ku urang Cirebon  ogé diganti jadi Jayakarta. Loba urang Kajene (Kuningan) nu bumén-bumén di Jayakarta, tadina urut prajurit pasukan kuda. Kajéné mémang geus kasohor ku pasukan kudana. Waktu nyerang Sunda Kalapa, pasukan kuda ti Kajene dipimpin ku Arya Kamuning.  

Putri Anjungsari ngarénghap panjang,  nyieuhkeun panineungan salila di Pakuan Pajajaran nu moal bisa dipopohokeun tepi ka iraha ogé. Leumpangna angger nuturkeun Olot Kaya.

Jalan nu disorang angger mapay-mapay sisi leuweung nu arang kasaba ku jalma. Malah mah salungkar-salingker, ngajauhan jalan jajahan, jalan nu biasa dipaké ku balaréa.

Jalan beuki nanjak, mapay tonggong pasir. Hawa kacida pisan nyecepna. Atuh ti barang kaluar ti Pakuan Pajajaran teu kungsi reureuh. Reureuh, komo lila mah, di tempat anu sakitu tirisna moal pihadéeun.

Kira wanci kongkorongok hayam tepi ka mumunggang pasir. Olot Kaya ngarandeg, anu opatan hideng ngeureunkeun léngkahna. Olot Kaya luak-lieuk bangun aya nu ditéangan, malah mah ngadon alak-ilik ka handap jeung nengetan kaayaan rungkun haréndong nu ngajejembrung sisi jalan.

Ku nu opatan ditempokeun. Haraténa mah haréraneun ku naon Olot Kaya kitu peta. Ngan henteu aya nu wanieun nanyakeun. 

Teu lila kadéngé sora kuda nu hihieman di satukangeun tangkal badag nu rajeg. Kabéh ngaranjug. Béna jeung Rait mah rikat ngagajleng ka lebah Putri Anjungsari. Kitu deui Ranah, nangtungna leuwih deukeut ka Putri Anjungsari. Olot Kaya nu katingal teu galider mah.

“Ra, cikan tempo, sada aya sora kuda,” ceuk Olot Kaya bari ngarérét ka Rait.

Rait mencrong Olot Kaya.

“Moal aya nanaeun ieuh,” ceuk Olot Kaya deui.

Rait leumpang ngadeukeutan ka lebah sora kuda nu geus teu hihieman deui. Lalaunan rungkun haréndong disuaykeun. Bréh téh satukangeun tangkal kai nu rajeg, di tempat anu rada lening, kuda lobana lima dicangcang.

Rait sajongjongan colohok. Ngalieuk ka lebah Olot Kaya, terus mundur sababaraha léngkah. Béna, Ranah, Putri Anjungsari, beuki taki-taki. Olot Kaya nu angger bangun teu kapangaruhan, paromanana teu riuk-riuk.

“Bener kuda?” Olot Kaya nanya.

“Teu salah, Lot,” témbal Rait.

“Jung cokot jeung Béna. Bawa kadieu?” ceuk Olot Kaya.

“Kuda saha?” Béna nanya.

“Pakéeun urang,” témbal Olot Kaya ditungtungan ku seuri.

Rait jeung Béna teu loba tatanya. Duana gancang leumpang muru ka tempat kuda nu keur dicangcang. Teu lila geus datang deui bari nungtun kuda nu singhoréng geus kumplit jeung sadelna. Katempona téh kudana jaragjag jeung lindeuk. Ku Olot Kaya susurina diusapan, limaanana.

 

“Enéng arék milih nu mana?” ceuk Olot Kaya ka Putri Anjungsari.

Ku panonna jeung bari angger nangtung, Putri Anjungsari ngilikan kuda hiji-hiji. Kudana teu jauh jeung nu dipaké ku somahan. kuda biasa, nu sok biasa nambangan, nu sok dipaké narik padati. Lain kuda nu sok dipaké ku kulawarga karajaan.

Putri Anjungsari copna téh ka kuda nu rada leutik, ngan katempo siga nu iceus pisan. Geus kitu mah, anu opatan cuk-cek kana elés kuda nu dipilihna. Saméméh ditumpakan, susuri kudana diusapan heula. Geus kitu clak ditarumpakan.

Kudana henteu dilumpatkeun, lantaran nu disorangna lain jalan jajahan, lain nu biasa dipaké lalar liwat. Olot Kaya make jalan motong. Kituna téh, sabab tacan pati jauh ti Pakuan Pajajaran, bisi panggih jeung urang Cirebon atawa jeung urang Banten. 

Jalanna nanjak mayat, sakapeung malibir mapay tonggong pasir, sakapeung mudun. Malah kungsi ngaraas (meuntas walungan) nu caina hérang, caina henteu ngagulidag. Teu rubak walunganana téh.

“Ci Lingga,” ceuk Olot Kaya méméh meuntas, ngabéjaan ngarang walunganana.

Limaanana meuntas walungan bari nungtun kudana séwang-séwangan. Cai kana suku karasana mani nyecep tiis, tepi ka karasa baal. Teu bisa ajleng-ajlengan dina luhureun batu, lantaran batu nu taringgul laput ku cai, ukur témbong beungeutna. Teu kawas Ci Pakancilan di Pakuan Pajajaran nu batuna baradag jeung tara laput ku cai walungan, najan keur usum hujan ogé.

Sanggeus meuntas, kudana ditarumpakan deui, mapay jalan satapak nu sigana arang kasaba ku jalma. Teu sabaraha lila panggih jeung jalan nu maké balay batu, rada rubak, sarta katempo mindeng diliwatan.

Olot Kaya ngarandeg, Nu opatan ogé sarua nyantokeun elés sangkan kuda ditumpakanana eureun. Panon Olot Kaya nuturkeun ka mana brasna jalan bieu, ngan jalan batu téh leungit dina péngkolan, jeung beulah dituna tacan kaciri nanaon.

“Mun teu salah, ieu jalan brasna ka Putih Birit,” ceuk Olot Kaya.

“Lembur?” ceuk Ranah nanya.

“Enya lembur, ngan teu pati gegek. Mun beurangna mah ti dieu katempo runggunukna paimahan,” témbal Olot Kaya.

“Arék ka dinya?” ceuk Béna.

 “Moal. Bisi aya urang Banten, bisi urang Banten ngudag. Ngabarubahkeun somah,” témbal Olot Kaya.

Olot Kaya ngeyed elés kudana, dipéngkolkeun ka beulah kalér. Jalan satapak téh mimitina nanjakna téh mayat, mapay-mapay tonggong pasir. Malah sakapeung jalanna datar jeung mudun saeutik.

Ngan beuki lila jalanna beuki nanjak, malah netek pisan. Kudana ogé kudu ditungtun. Anu panghareupna ayeuna mah Béna, ditéma ku Olot Kaya, Putri Anjungsari, Ranah jeung Rait. Béna nu naratas pijalaneun.

Kira wanci carangcang tihang, tepi ka ponclot pasir nu pangluhurna. Di dinya tepung deui jeung jalan jajahan, sarta di sisi jalan handapeun tangkal  badag aya saung nu kawilang weweg jeung katempo sok dipaké ngaso, palupuhna tepi ka hérang, ngan harita mah semu baseuh, kaibunan. 

Limaanana reureuh heula di dinya. Kudana dicangcang di tempat anu sigana sok dipaké nunda kuda, rada jauh ti saung, sina nyaratuan jukut.

Hawa angger karasa tiris, malah mah beuki nyecep, teu sirikna nyiwitan kulit, ngambekan ogé tepi ka kaluar haseup. Di jero saung limaanana mulen manéh ku kaén tepi ka sababaraha lapisan, sirahna dibaguded ku totopong.

“Ieu téh Puncak, Lot?” ceuk Rait nanya ka Olot Kaya bari nahan tiris.

“Bener,” témbal Olot Kaya.

Putri Anjungsari nu tacan kungsi nincak ka ieu patempatan barang ngadéngé jawaban Olot Kaya nu ngaenyakeun kana panalék Rait, curinghak. Ras inget kana daun lontar nu kungsi dibacana.

Daun lontar nu eusina nyaritakan pangalaman Jaya Pakuan, tohaan (pangéran) karajaan, dua kali ngalalana ka tungtung wétan Pulo Jawa, seja meuseuh awak jeung ngaji diri. Duka sabababaraha balikan dibacana téh, katajieun ku sakitu paréléna medar ngaran-ngagan tempat nu kaliwatan.

Bisa jadi, ceuk Putri Anjungsari, jalan nu disorang ku Olot Kaya ogé jalan motong, jalan pintas nu kungsi dipaké ku Jaya Pakuan, lantaran kaayaanana sarua jeung nu disebutkeun dina daun lontar. 

Meuntas walungan, Ci Lingga, ngaliwatan lembur Putih Birit, jeung saterusna jalanna nanjak pisan, sarta anjog ka tempat anu ngaranna Puncak.  Jaya Pakuan ogé sarua sanggeus kaluar ti Pakuan Pajajaran, mapay jalan nu motong, henteu maké jalan biasa.

Putri Anjungsari ngarérét ka Olot Kaya nu keur ngépés-ngépéskeun dua dampal leungeunna keur ngurangan rasa tiris. Olot Kaya kungsi kitu maca daun lontar lalampahan Jaya Pakuan? ceuk Anjungsari dina haténa.

“Lot, ari tadi make jalan motong?” ceuk Anjungsari, lentongna diusahakeun make lentong somahan, lain lentong urang karaton.*** (Hanca)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler