Putri Anjungsari (14)

1 Februari 2023, 05:00 WIB
/

DINA perang campuh ku cara lemes, Olot Kaya mimindengna mah unggul, lantaran élmuna digunakeun di tempatna, béda jeung urang Banten lantaran élmuna digunakeun di tempat séjén.

Pakakas perang urang Banten nu dianggap mibanda maunat digunakeun di Pakuan Pajajaran mah teu mangga pulia, paling henteu kaampuhanana ngurangan.

Sarua ieu ogé pédah digunakeun di séjén tempat, lain digunakeun di Banten. Élmu kasaktian jeung pakakas pusaka nu dianggap mibanda kasaktian ampuhna di tempat nyieunna.

Anu matak prajurit  Pajajaran mah, kaasup Olot Kaya tara ngandelkeun pakarang nu dianggap pusaka. Henteu gumantung kana pakarang. Pakarang mah ukur alat, lain nu utama, lain nu ngalantarankeun unggul jeung kasoranna di médan perang.

Prajurit Pajajaran narékahan sangkan sakur barang nu deukeut jeung dirina bisa dipaké pakarang, jadi teu kudu riba mamawa pakarang.

Pangpung nu garing, pangpung nu regas ogé bisa robah jadi teuas alahbatan waja, bisa miteskeun tumbak, bisa miteskeun pedang, malah congona bisa leuwih seukeut batang congo panah. Eta sababma, Olot Kaya, Béna, Rait, dina ngawal Putri Anjungsari henteu mawa pakarang.

“Hayu, Lot, bisi kapiheulaan srangéngé,” ceuk Ranah, lalaunan.

Olot Kaya asa kagebah, ngusap beungeut. Bari teu nyarita Olot Kaya ngaléngkahkeun deui sukuna, mapay jalan satapak nu ngajauhan Pakuan Pajajaran. Dituturkeun ku opatan, sarua taya nu ngomong sakémék ogé.

Jalan nu disorangna beuki lila lain jalan satapak, tapi norobos mapay-mapay sisi leuweung nu lain jajalaneun, arang kasaba ku jalma. Laleumpangna téh siga sasalingkeran. Henteu maké jalan nu biasa dipaké ku nu séjén.

Najan pangawakan awéwé, Ranah jeung Putri Anjungsari bisa ngimbangan leumpangna Olot Kaya. Teu kagokeun leumpang kukurusukan di nu bala, dina rungkun saliara.

Sakapeung mah luluncatan ti akar ka akar nu ngahalangan jajalaneun, manggih jalan nu nanjak ogé bangun nu teu seunggaheun, manggih jalan nu mudun ogé, leumpangna téh siga nu lumpat, siga hampangeun pisan. Siga nu geus biasa ngasruk ka leuweung, siga nu geus biasa ngasruk ka tempat anu tara kasaba ku jalma.

Terah kadaton, Putri Anjungsari mémang salian ti diatik ngéstokeun purbajati purbatisti karaton, ogé dipeuseuh dina kanuragan, dina élmu perang, dina élmu béla diri.

Putri Anjungsari di antarana neuleumana jeung diajarna téh ka lanceuk sabapana, lanceuk béda indung: Déwi Purnamasari, nu nghadahup ka Rakéan Kalangsunda.

Déwi Purnamasari henteu milu ngungsi ka Pulosari, tetep cicing di Pakuan Pajajaran, malah mah mindeng maju ka médan jurit, ngetrukeun pangabisana pikeun mertahankeun Pakuan Pajajaran.  

Pangabisa Putri Anjungsari méh teu béda jeung Déwi Purnamasari, tinggal leuwih ngasakkeun, tinggal leuwih ngantebkeun, tinggal leuwih masagikeun, babakuna dina ngadalian diri.

Sakumaha luhurna élmu nu dipibanda ku hiji jawara, lamun teu bisa ngadalian diri mah tinangtu kasoran. Salahsaurang puragabaya waktu keur ngalatih Déwi Purnamasari jeung Anjungsari, nyebutkeun panghadé-hadéna cara dina meruhkeun musuh: henteu kudu bitotama heula, henteu kudu ngadu kakuatan jeung kasaktian heula. 

Ku Déwi Purnamasari jeung ku Anjungsari papagah bieu téh diéstokeun pisan. Kitu deui ku paraprajurit Pajajaran. Teu kapaksa-paksa teuing mah tara ngagunakeun jurus nyanghareupan lawan téh.

Satékah polah lawan diperuhkeun ku cara lemes, ku cara dileumpeuhkeun haténa. Lawan dina éléhna henteu ngunek-ngunek, henteu dengdam, malah ahirna jadi dulur, jadi sobat, jadi baraya. Mumusuhanana henteu manjang, lantaran henteu ngarasa kasoran tepi ka henteu hayang males.

Perang pikeun Pajajaran mah léngkah pamungkas, léngkah nu kapaksa nu kudu dilaksanakeun, dina nyanghareupan nu ngamusuhanana, dina nyanghareupan nu ngalawan ka karajaan.

Raja-raja Pajajaran, teu béda jeung raja-raja Kawali leuwih ti apal kumaha balukar perang, kumaha balukar karajaan bébéakan ngetrukeun sagala rupana pikeun ngéléhkeun musuh.

Karasa ku Pajajaran waktu Surawisésa kudu meruhkeun karajaan-karajan di daérah nu baruntak alatan teu panujueun Surawisésa jadi raja Pajajaran. Surawiésa dianggap teu boga hak pikeun ngaganti Sri Baduga Maharaja.

Olot Kaya ti parapinisepuhna nyahoeun pangna Pajajaran teu mampu mertahankeun Sundakalapa lantaran kakuatan prajurit Pajajaran méméh Cirebon ngarurug Sundakalapa keur dina kaayaaan héngkér alatan mindeng perang meruhkeun karajaan nu hayang misahkeun diri.

Karajaan-karajaan nu geus diperuhkeunana ogé kakuatan prajuritna geus beak tepi ka teu bisa mantuan Pajajaran dina nyanghareupan Cirebon.

Sanggeus Sundakalapa direbut nungtutan wilalayah Pajajaran marekplékan direbut ku Cirebon jeung Banten. Balukarna, pasukan Banten jeung Cirebon beuki ngangseg ka puseur dayeuh Pakuan Pajajaran.

 “Geus ninggang kana waktuna,” ceuk Olot Kaya ngagerendeng.

“Kumaha, Lot?” ceuk Putri Anjungsari nanya lalaunan.

Olot Kaya ngarénjag, teu nyangkaeun ucapan dina haténa kakedalkeun tepi ka kadéngéeun ku Putri Anjungsari.

“Éta…. eu… urang kudu ninggalkeun Pajajaran, boa biheung bisa balik deui ka ditu,” ceuk Olot Kaya sarua angger lalaunan, ngan kadéngéeun ku Ranah mah. Sorana bangun dumareuda. Bisa jadi mun katempo mah panonna bareubeu, nahan keclakna cimata.

Teu rék kitu kumaha tuda tempat banjar pamidanganana kapaksa kudu ditinggalkeun, muru deui tanah luluhurna, Kawali, nu tadina  puseur dayeuh karajaan saméméh pindah ka Pakuan Pajajaran.

Putri Anjungsari teu nyarita deui. Ku dirina ogé bisa kajudi, moal sapati-pati bapana nu keur ngungsi di Pulosari ngajurung lunta ti Pakuan Pajajaran lamun kaayaanana henteu genting mah.

Kakuatan Pakuan Pajajaran beuki ngurangan sanggeus welasan taun dikepung ku pasukan Banten nu néangan sagala rupa cara sangkan bisa ngarebut Pakuan Pajajaran. Mantri kapercayaan bapana ogé beunang kaolo tepi ka biluk ka Banten.  

Kasuat-suat Putri Anjungsari téh. Cimatana ujug-ujug ngeclakan waktu inget deui waktu beurang tepung jeung lanceukna, Déwi Purnamasari nu anyar ngadahup ka Rakéan Kalang Sunda.

Duanana, najan pada-pada kawilang asak dina kanuragaan, teu haringhang, teu sieun, teu hariwang nyanghareupan gajah meta maung ngamuk, ingsreuk-ingsreukeun ceurik.

Duanana paungku-ungku. Kudu papisah, jeung duka iraha bisa tepung deui, lantaran papisahna ogé lain dina kaayaan nu pikagumbiraeun, malah ieu mah sabalikna.

Harita Putri Anjungsari ogé ngajak lanceukna ngungsi ti Pakuan Pajajaran, sakumaha pamaredih bapana ka dirina. Tapi Déwi Purnamasari nolak, embungeun ninggalkeun Pakuan Pajajaran, narah ninggalkeun paraprajurit nu keur toh-tohan mertahankeun Pakuan Pajajaran.

Déwi Purnamasari moal ninggalkeun Pakuan Pajajaran dina kaayaan Pakuan Pajajaran keur sakitu weritna, komo sanggeus Jaya Anthéa hianat mah nu tangtu bakal ngabéjakeun rusiah bénténg Pakuan Pajajaran.

Putri Anjungsari beurateun saenyana mah kudu lunta ka Kawali téh kalayan alesan sarua jeung lanceukna. Tapi dalah dikumaha, bapana keukeuh nitah sangkan dirina buru-buru kaluar ti Pakuan Pajajaran.

Ceuk bapana, sirung Pajajaran kudu aya di mamana, kaasup di Kawali, komo Kawali mah apan tanah luluhurna. Di dinya pepetétan Pajajaran masih kénéh aya sarta bisa ngarundaykeun pepetetan nu bakal ngawujudkeun jeung ngawelah Pajajaran anyar.

Teu panggih heula jeung bapana mah, bapana keur aya di Pulosari, ngalongok ka Pajajaran teu bisa ditangtukeun iraha-irahana. Nyaho-nyaho geus aya di Pakuan Pajajaran, nepungan seuweu-siwina kitu ogé ngan sakolépat. Inditna ogé tara kanyahoeun.

Bapana, minangka raja, tangtu waé pangdiarah-arahna ku urang Banten. Mun raja Pajajaran bisa ditilarkeun atawa paling henteu bisa kacangkalak, ngandung harti Pajajaran jeung sakur wilayahna jadi cangkingan Banten. Perang  réngsé, lekasan.  

Putri Anjungsari ogé apaleun sabanerna mah antara Banten jeung Pajajaran téh masih sakocoran, masih satunggal luluhur. Tapi ku naon Cirebon jeung Banten nyatru pisan ka Pajajaran, padahal Pajajaran mah henteu ngaganggu ka maranéhna?

Soal agama, sakanyahona, raja-raja Pajajaran ngaempékkeun hirup di wilayah Pajajaran asal ulah tepi ka ngabarubahkeun. Raja-raja Pajajaran henteu ngahalangan sumebarna agama.

“Perang Pajajaran jeung Banten, lain perang agama, tapi perang demi tahta jeung harta,” kitu anu ditepikeun ku puragabaya nu jadi guru Putri Anjungsari jeung Déwi Purnamasari.

Kagambarkeun deui mangsa dirina keur leutik, keur meumeujeuhna resep ulin, ngan henteu bisa bébas saperti somahan, salawasna ditalingakeun ku pangasuhna, malah mun ulin ka sisi leuweung, ka huma, sok dibaturan ku saurang prajurit.

Kungsi boga sobat dalit ti somahan, budak lalaki. Panggihna waktu keur di sisi leuweung, teu jauh ti huma. Putri Anjungsari hayangeun pisan buah samolo nu ngagarantung dina tangkalna, tapi kabeneran prajuritna nu ngawalna keur rada jauh ti Putri Anjungsari.

Pangasuhna puguhan pangwakan awéwé jeung geus rada kolot teu bisa mangalakeun. Keur kitu torojol saurang budak lalaki sapantaran jeung Putri Anjungsari.

Teu loba catur, budak lalaki téh térékél naék kana tangkal samolo. Ngala sabaraha hiji samolo nu geus meujeuhna asak. Diasupkeun kana éndongna. Turun sok dibikeun kabéh.

Waktu ditanya ku pangasuhna, éta budak téh nyebutkeun anak urut prajurit Pajajaran nu geus jadi patani, ngahuma dina lahan bogana raja.*** (Hanca)

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler