Kapolres Majalengka Gelar Silaturahmi Kamtibmas jeung Komunitas Motor

- 14 Juni 2024, 18:30 WIB
Kapolres Majalengka silaturahmi jeung komunitas motor (15/06/2024) di Polres Majalengka.
Kapolres Majalengka silaturahmi jeung komunitas motor (15/06/2024) di Polres Majalengka. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ngagelar acara silaturahmi kamtibmas jeung komunitas motor dina raraga Harkamtibmas di Kabupaten Majalengka. Acara anu digelar di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka teh diluuhan ku puluhan anggota komunitas motor sa-Kabupaten Majalengka, Jumaah (14/6/2024).

Dina eta kasempatan, Kapolres Majalengka dibarengan ku Kasat Intelkam Polres Majalengka, AKP H. Agus Romy. Arinyana dialog langsung jeung sakumna anggota komunitas motor pikeun ngabahas kamtibmas anu relevan, sarta tarekah nyinglar tindak kriminalitas anu bisa wae kajadian.

"Polres Majalengka ngaapresiasi komunitas motor anu ngiring aktif partisipasi dina ngajagi katartiban tur kaamanan masarakat. Kagiatan silaturahmi sapertos ieu penting kangge ngahangkeutkeun sinergi antawis Polres Majalengka sareng komunitas-komunitas anu aya di Kabupaten Majalengka," ceuk AKBP Indra Novianto.

Salian ngaguar ngeunaan kaamanan, ieu acara oge jadi momentum pikeun ngabangun hubungan anu leuwih hade antara Polres Majalengka jeung masarakat.

Kapolres miharep sangkan gawe bateng anu geus raket bisa tuluy dironjatkeun. Hal ieu pikeun nyiptakeun lingkungan anu aman jeung merenah pikeun sakumna warga Kabupaten Majalengka.

Ieu kagiatan aya sesi tanya jawab sarta parelean ngeunaan aubna komunitas motor dina ngarojong kapulisian dina ngajaga kaamanan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah