Taya Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung ti Jalur Independen

- 1 Juni 2024, 09:47 WIB
Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi.
Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat Nursyamsi nyebutkeun, ka KPU Kabupaten Bandung euweuh Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wkil Bupati Bandung ti jalur independen nu daftar.

Syam nètèlakeun, tahapan pamasrahan bukti dukungan Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati  Bandung ti tanggal 8 Mei tepi ka 13 Mei 2024.

"Namung, dugi ka wates ahir waktu pendaftaran, kaping 13 Mei 2024 teu aya Bakal Calon Bupati sareng Bakal Calon Wakil Bupati Bandung nu daftar, " ceuk Syam Zamiat dina lolongkrang acara Peluncuran Tahapan Pemilihan Bupati dan Wakil Bupati Bandung Tahun 2024 di Jalan Al-Fathu Soreang, Jumaah, 31 Mei 2024 peuting.

Memang, ceuk Syam Zamiat, aya hiji bakal calon bupati nu mènta upload jeung ngaupload dokumen dukungan (KTP).

"Namung, tina kawajiban kedah nyumponan syaratan masrahkeun 172. 598 dukungan (KTP) inyana mung ngauploas 30 dukungan, " pokna.

Ku kituna , Syam nandeskeun Pilkada Kabupaten Bandung teu diiluan ku calon bupati jeung calon wakil bupati ti jalur independen.

Pihakna tatan-tatan kana tahapan pendaftaran Bakal Calon Bupati jeung Bakal Calon Wakil Bupati Bandung ti jalur partey politik nu tahapannya dimimitian Agustur- September 2024, satutas dilantikna anggota DPRD Kabupaten Bandung nu kapilih dina Pileg 2024.

Syan Zamiat menyebutkeun, Peluncuran Tahapan Pemilihan Bupati jeung Wakil Bupati Bandung sakalian jeung peluncuran jingle jeung maskot Pilkada Kabupaten Bandung 2024 hasil saembara.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah