Bupati Miharep Kumaha waè Hasil Pleno KPU Alus Pikeun Kemajuan Bangsa, Nagara Katut Kabupaten Bandung

- 1 Maret 2024, 20:00 WIB
Bupati Bandung miharep kumaha wae kaputusan Pleno KPU,  alus jang  bangsa, nagara tur kamajuan Kabupatem Bandung.
Bupati Bandung miharep kumaha wae kaputusan Pleno KPU, alus jang bangsa, nagara tur kamajuan Kabupatem Bandung. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bupati Bandung, Dadang Supriatna, miharep, kumaha waè hasil kaputusan pleno nu digelar KPU Kabupaten Bandung  hal nu alus pikeun kamajuan bangsa, nagara, katut kamajuan Kabupaten Bandung ke hareupna.

Kituna ditepikeun Dadang Supriatna ka wartawan satutas ngaluuhan bubuka Pleno Rekapitulasi Hasil Penghitungan Perolehan Suara Tingkat Kabupaten Bandung Pemilu 2024 di Hotel Sutan Raja Soreang, Kabupaten Bandung, Juma'ah, 01 Maret 2024.

Dadang Supriatna nu dibarengan Ketua DPRD Kabupaten Bandung, Sugianto jeung Ketua KPU Kabupaten Bandung, Syam Zamiat nganuhunkeun ka masarakat nu geus ngagunakeun hak pilih, nyoblos dina tanggal 14 Februari 2024

Baca Juga: Pemilu 2024, Ketua DPRD Kabupaten Bandung Ngamalum sok Aya Human Eror di Tingkat PPS

Bupati bandung oge nganuhunkeun ka panyalagra Pemilu 2024 nu geus ngajalankeun rupa-rupa tahapan Pemilu, tug nepi ka danget ayeuna ngalaksanakeun rekapitulasi.

Dadang Supriatna miharep rekapitulasi di tingkat Kabupaten Bandung bisa lumangsung lancar luyu jeung nu dipiharep sakumna pihak.

"Simkuring yakin urang ngalaksanakeun Pemilu kalayan langsung umum bebas rahasia," ceuk Bupati Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah