Sherly Kusuma, Bojo Ketua DPD PAN Majalengka, Daftar Jadi Cawabup Majalengka

- 25 April 2024, 19:06 WIB
DPD PAN Majalengka ngarojong Sherly Kusuma, bojona Ketua DPD PAN Majalengka, jadi cawabup Majalengka.
DPD PAN Majalengka ngarojong Sherly Kusuma, bojona Ketua DPD PAN Majalengka, jadi cawabup Majalengka. /Ayank/galura.co.id

Sherly negaskeun inyana geus siap milu tandang dina kontestasi pulitik Pilkada di Kabupaten Majalengka.

“Muhun leres, Alhamdulillah mangkukna dinten Rebo, 24 April 2024, abdi sacara resmi tos ngadaftarkeun diri janten kontestan eksekutif (Bacabup/Bacawabup) Majalengka periode 2024-2029,” ceuk Sherly, Kemis, (25/4/2024).

DPD PAN Majalengka geus muka pendaftaran jeung penjaringan Calon Bupati (Cabup) dan Calon Wakil Bupati (Cawabup) pikeun Pilkada November hareup.

Kiwari DPD PAN Majalengka keur nyiapkeun tiket jeung finansial anu dipibanda. Hal ieu nangarakeun partey anu diadegkeun Amien Rais teh geus siap tandang makalangan di Pilkada 2024.*** Ayank Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah