Dinas Pertanian Kabupaten Majalengka Ngembangkeun Binih Pare Unggul: Varietas Impari jeung Respati

- 17 Maret 2024, 19:37 WIB
Varietas pare  Impari 37 nu diuji coba di Kabupaten Majalengka, hasilna nyugemakeun.
Varietas pare Impari 37 nu diuji coba di Kabupaten Majalengka, hasilna nyugemakeun. /Didi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Provinsi Jawa Barat kalayan dilaksanakeun ku Dinas Pertanian Kabupaten Majalengka keur ngembangkeun binih pare unggul anu jumlahna 4 varietas.

Eta opat varietas pare teh: Impari 37, Impari 47, Impari 49 jeng Respati. Uji cobana dina di lahan Pa Nenta di wewengkon Blok Pereng, legana 0,51 hektar.

Dina miarana diaping jeung ditalingakeun ku penyuluh pertanian lapangan (PPL) Sri Agustina Merdekawati. Hasilna kacida pikabungahenana, lantaran hasilna leuwih onjoy tibatan binih pare sejenna.

Baca Juga: Kandang Sapi di UPT BPPPT Distan Kabupaten Majalengka Geus Loba nu Ruksak

Edi Suhada, koordinator BPP Majalengka nyebutkeun varietas Impari 37 hasil ubinan aya 5,14 kilo, diperkirakeun sahektarna bakal menang 8,2 ton. Jumlah anakan produktif 17 tangkal sarungkunna.

Varietas impari 47 hasil ubinan 3,03 kilo diperkirakeun sahektarba meunang 8 ton, jumlah anakan produktip 18 tangkal sarungkun; jenis pare Impari 49 hasil ubinan 6 36 kilo beubeunangan sahektarna 10,1 ton. Respati hasi ubinan 5,8 kilo diperkiraan sahektar meunang 8,2 ton.

“Dipelak di daerah Kabupaten Majalengka hasilna kacida alusna, tapi bisa wae beda di wilayah nu sejen, lantaran kaayaan tanahna nu beda,” ceuk Edi.

Dede Mulyadi, nu sarua digawe di BPP Majalengka nyebutkeun Patani hususna di Kabupaten Majalengka bisa marelak melak binih pare Impari 49 sangkan hasilna mucekil.

Patani nu melak opat varietas bieu bisa konsultasi ka koordinator BPP Majalengka, kaasup dina ngarumatna. “Gemuk kimia diwatesan. Lolobana nu dipakena gemuk organik cair,” ceuk Dede.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah