Kandang Sapi di UPT BPPPT Distan Kabupaten Majalengka Geus Loba nu Ruksak

- 17 Maret 2024, 18:59 WIB
Kandang sapi di UPT BPPPT Distan Kabupaten Majalengka kaayaanana geus loba nu raruksak.
Kandang sapi di UPT BPPPT Distan Kabupaten Majalengka kaayaanana geus loba nu raruksak. /Didi/galura.co.id


GALURA.CO.ID -UPT (Unit Pelayanan Teknis) Balai Pembibitan dan Pengembangan Produksi Ternak (BPPPT) teh, salasahiji sumber PAD di Dinas Pertanian Kabupaten Majalengka, pernahna di wewengkon Blok Bungur, Kelurahan Babakanjawa, Kecamatan Majalengka.

Luyu jeung ngaranna ieu UPT miara ingon-ingon, sapi, nu kiwari jumlahna aya puluhana. Dina miara sapina kawilang geus lila, ari kandangna ti bareng ieu UPT dibentuk tepi ka danget ieu tacan kungsi direhab, atuh kaayaanana geus loba nu raruksak.

Wastam,S.Pt nu ngurus sapi nyebutkeun salian kandangna geus loba nu ruksak, pager kandangna oge kurang leuwih 100 meter rubuh. Inyana ngarasa kurang lugina lantaran saluareun pager, tanah bogana masarakat.

Hariwang sapina aya nu maling nu piket oge kudu mindeng ngurilingan kandang. Komo peuting mah, nu piket tara sare sakerejep oge, teu weleh ngawaskeun kadang.

Baca Juga: Nyumponan Patani Nu Teu Nampa Subsidi, PT. Pupuk Indonesia Mere Potongan Harga Gemuk

Kandang anu geus ruksak pisan geus teu dipake. “Mun dipake, ceuk Wastam, sapina taratu di bagean beuheungna. Beusi anu ngahalangan kokopan geus karatan jeung geus rarengat, malajh marelekpekan jeung sareukeut.

Ari di kandang sapi rea laleur. Jadi mun sapi borok pasti diboro ku laleur.

Ruksakna kandang jeung pager runtuh geus dilaporkeun tur diajukeun supaya dihadean ku Dinas Peternakan, tapi nepi ka kiwari, nepi ka ieu warta ditayangkeun tacan aya anggaranana.*** Tatang, Didi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah