Ngaronjatkeun Pendapatan Daerah,Bapenda Kabupaten Bandung Ngagelar Sosialisasi SPPT PBB

- 4 Maret 2024, 18:13 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna jeung Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, Erwan Kusumah Hermawan.
Bupati Bandung, Dadang Supriatna jeung Kepala Bapenda Kabupaten Bandung, Erwan Kusumah Hermawan. /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Bapenda Kabupaten Bandung ngagelar Sosialisasi SOP Penyampaian Surat Pemberitahuan Pajak Terutang (SPPT) PBB-P2 Taun 2024 di Grand Hotel Sunshine Soreang,Kabupaten Bandung salila 2 poè, Senèn-Salasa, 4-6 Maret 2004.

Acara nu diiluan ku 581 pamilon, ti kepala dusun, kolektor desa ti 31 Kecamatan, 27O desa teh dibuka ku Bupati Bandung, Dadang Supriatna.

Ceuk Dadang Supriatna, fungsi pajak daerah mibanda peran nu kacida penting pikeun lumangsungna pangwangunan. Ngan,  pajak di Kabupaten Bandung kudu leuwih ditingkatkeun, lantaran masih kapahung sababaraha pasualan. "Salasawiosna,  masarakat kirang paos tata cara mayar pajak, " pokna.

Baca Juga: Tilu Taun Noron Bupati Bandung Ngaluarkeun Insentif Pajeg

Ku kituna, ceuk Dadang Supriatna  Pamarèntah Kabupaten Bandung perlu ngalakukeun sosialisasi sangkan proses nepikeun laporan luyu jeung katangtuan.

"Simkuring ngabagèakeun ieu sosialisasi. Sajabi tiasa ngaronjatkeun pamahaman pentingna mayar pajak ogè kanggo sarana evaluasi sakantenan sosialisasi target cumpona sareng torobosan pajak," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati nyebutkeun, ku pajak kamekaran Kabupaten Bandung salila dirina jadi Bupati, APBD tepi kana Rp 7,4 triliun.

"Salami 2 taun 10 sasih janten bupati, simkuring tos ngarengsèkeun 4 rumah sakit. Sasih ieu badè groundbreaking Rumah Sakut Pacira," pokna.

Baca Juga: Baso Raja ti Bapenda Majalengka: Bisa Meuli Beas Murah mun geus Mayar Pajeg

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah