Dianggap Hadè Pangrojongna kana Ngokolakeun Zakat, Bupati Bandung Dileler Pangajèn BAZNAS Award 2024

- 29 Februari 2024, 15:24 WIB
Bupati Bandung, dileler pangajèn Anugerah BAZNAS Award 2024 kategori "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik di Indonesia".
Bupati Bandung, dileler pangajèn Anugerah BAZNAS Award 2024 kategori "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik di Indonesia". /Sopandi/galura.co.id

Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaku kacida syukur jeung nganuhunkeun kana anugerah BAZNAS Award 2024 nu ditarimana. Inyana ngarasa dihormat lantaran meunang predikat "Kepala Daerah Pendukung Pengelolaan Zakat Terbaik " di Indonesia.

"Sim kuring teu nyangka badè nampi pangajèn luar biasa. Hatur nuhun pisan ka BAZNAS RI ku Anugerah BAZNAS Award. Simkuring reueus," ceuk Dadang Supriatna.

Minangka kepala daerah, ceuk Dadang Supriatna, saprak dilantik jadi Bupati, dirina komitmen pikeun nyurung ASN jeung masarakat sangkan ngalaksanakeun kawajiban mayar zakat.

"Niat kanggo ngahudangkeun kasadaran ASN sareng masarakat kanggo mayar zakat  didadasaran kawajiban muslim, sanès demi pangajèn. Upami ayeuna tina ieu komitmen simkuring kènging pangangken ti BAZNAS, ieu mah hiji bonus," ceuk Dadang Supriatna.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah