Pj Bupati Majalengka Masrahkeun Sertifikat Tanah Program PTSL keur 2.900 Warga Kecamatan Malausma

- 22 Februari 2024, 16:25 WIB
Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi, jeung Kepala BPN Majalengka, Wendi Isnawan, masrahkeun sertifikat program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) di Kecamatan Malausma (21/02/2024).
Pj Bupati Majalengka, Dedi Supandi, jeung Kepala BPN Majalengka, Wendi Isnawan, masrahkeun sertifikat program Pendaftaran Tanah Sistematis Lengkap (PTSL) di Kecamatan Malausma (21/02/2024). /Ayank/galura.co.id

Kepala Badan Pertanahan Nasional (BPN) Kabupaten Majalengka, Wendi Isnawan miharep masarakat nu narima sertifikat keur ngecek identitas diri, lega tanah tur wates tanahna. Nalika aya kasalahan pengetikan dina sertifikat teu meunang dibenerkeun ku sorangan.

Inyana cumeluk, sangkan sertifikat anu geus ditarima diteundeun kalayan hade tur aman. Anapon kitu nalika rek dimangpaatkeun minangka sarana ngaronjatkeun karaharjaan ekonomi anu utama keur ngaronjatkeun modal usaha, eta leuwih hade deui.

"Ulah dugi sertifikat tanah digunakeu kangge kagiatan konsumtif," ceuk Wendi.

Dina taun 2024 ieu kuota program PTSL keur Kabupaten Majalengka nepi 40 rebu sertifikat.

Baca Juga: Program PTSL PM, BPN Majalengka Masrahkeun Sertifikat, Warga Mibanda Kapastian Hukum

"Jumlah sakitu tiasa nambihan sapertos taun kamari, kumargi realisasi program PTSL di Kabupaten Majalengka dina 2023 ngalangkungan udagan," ceuk Wendi.

Ceuk Ikin (47) warga Werasari ngarasa kawilang syukuran tur gumbira lantaran geus ngapimilik sertifikat tanah sacara gratis ti program PTSL BPN.

"Tanah sim kuring legana 27 meter persegi. Kirang langkung tilu sasih aya pengajuanana. Saumur hirup teu acan gaduh sertifikat tanah, ieu bumi pamasihan kulawargi," ceuk Ukin.

"Ngalangkungan program nu aya, sim kuring tiasa gaduh buktos kepemilikan sah anu diaku negara. Simkuring kacida bingahna," ceuk Ikin.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah