Bawaslu RI: ASN, TNI, Polri, jeung Kades Kudu Netral, Kabukatian Teu Netral Dihukum

- 22 Januari 2024, 14:52 WIB
Anggota Bawaslu RI Totok Hariyono kunker ka Sekretariat Panwaslu Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Ahad, 21 Januari 2024.
Anggota Bawaslu RI Totok Hariyono kunker ka Sekretariat Panwaslu Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Ahad, 21 Januari 2024. /Ayank /galura.co.id

Totok netelakeun, satiap ruksakna jeung leungitna surat suara digantina bakal disaluyukeun jeung jumlah nu kacatet.

Sanajan kiwari acan bisa mere rincian jumlah surat suara nu ruksak, Totok netelakeun, Bawaslu di sakumna kota jeung kabupaten di Indonesia nitenan tahapan sorlip nu dilaksanakeun Komisi Pemilihan Umum (KPU) di daerah.

"Tujuanana kangge nangtoskeun distribusi logistik Pemilu 2024 lumangsung saluyu target, tepat waktu, sarta jumlah nu akurat," ceuk Totok.

Totok nambahkeun, fokus panalingaan ngawengku tahapan distribusi logistik keur mastikeun euweuh kasalahan, sangkan prosesna lumangsung kalayan lancar nepi ka tingkat Tempat Pemungutan Suara (TPS).

Pihakna ngarasa yakin, sinergitas KPU jeung Bawaslu dina silih titenan bakal ngajaga kalancaran proses distribusi logistik, nu utama surat suara.

"Insyaallah, bakal lumangsung kalayan hade, margi KPU sareng Bawaslu sasarengan kangge silih nitenan kangge kahadean sarana sarta prasarana pemilu, hususna surat suara," ceuk Totok Hariyono.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x