Pelabuan Periakanan Cilauteureun Ngeruk Muara Cilauteureun, Kapal Bisa Larsup

- 16 Januari 2024, 17:30 WIB
Palabuhan Pantai Cilauteureun dikeruk, ayeuna mah kapal bisa larsup.
Palabuhan Pantai Cilauteureun dikeruk, ayeuna mah kapal bisa larsup. /Cecep KS/galura.co.id

Dikerukna wilayah palabu­han, walungan tepi ka muara, dipuji pamayang jeung warga pakidulan. “Apresiasi ka DKP, hu­susna pihak UPTD Pelabuhan Perikanan Cilauteureun, lanta­ran geus leuwih ti 20 taun wila­yah palabuhan jeung sabudeureunna can pernah dikeruk deui,” cek salah saurang pamayang cilauteureun, ujang junaedi.

UPTD Pelabuhan Pantai Cilauteureun, memang andelan DKP Jabar. Garapan wilayahna ka­wilang lega, sapanjang basisir 399,32 kilometer ti Batukaras Pangandaran tepi ka wilayah Ujunggenteng, Sukabumi.

Payus kituna mah, mun laut pakidulan beunghar ku potensi lauk laut nu rageman. Ngan, hanjakalna, potensi eta can saimbang jeung kamampuhan SDM pamayang nu masih kawatesanan kamampuanna. Tang­tuna jeung sarana prasarana kapal laut moderen purah ngala laut nu jumlahna masih kawatesanan.*** Cecep Ks       

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah