Geunjleung, Tarif ka Basisir Pangandaran Naek 100 persen

- 6 Januari 2024, 13:44 WIB
Basisir Pangandaran. Ti mimiti 5 Januari 2024, tarif asup ka basisir Pangandaran saurangna Rp20 rebu sapaket jeung Batu Hiu.
Basisir Pangandaran. Ti mimiti 5 Januari 2024, tarif asup ka basisir Pangandaran saurangna Rp20 rebu sapaket jeung Batu Hiu. /Nanang S/galura.co.id

Motor (dua urang, boncengan) : Rp40.000,-
Sedan (opat urang) : Rp80.000,-
Minibus (10 urang) : Rp200.000,-
Beus sedeng (35 urang) : Rp700.000,-
Beus badag (59 urang) : Rp1.160.000,-

Tarif asup ka basisir Batukaras jeung ka basisir Madasari saurangna Rp15.000,-; ka Green Canyon saurangna Rp10.000, ari nyewa parahu mah beda deui; ka basisir Krapyak saurang Rp6.000,-.

Tina kitu mun rek ulin ka Pangandaran heg hayang ngubek ka unggal tempat wisata, ti mimiti 5 Januari 2024 mah kudu nyakuan waragad nikel. Eta ukur keur asup ka tempat wisata, encan keur parkir, encan keur meuli inuman jeung kadaharan.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah