Dusun Stroberi jeung Pamandian Cipanas Walini Ciwidey Ngabagèakeun nu Liburan Nataru

- 25 Desember 2023, 13:12 WIB
Pemandian Cipanas Walini
Pemandian Cipanas Walini /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Dusun Stroberi jeung Kolam Renang Cipanas Walini tèh dua tempat wisata nu aya di Desa Patengan, Kecamatan Rancabali, Kabupaten Bandung.

Ieu rempat wisata cocog keur jojoeun kulawarga. Iwal ti hawa pakebonan entèh nu seger, ogè pamandangan alam anu èndah mapaèsan sabudeureun ieu objek wisata.

Ngabagèakeun libur Natal jeung taun baru (Nataru), manajemen Objek Wisata cipanas Walini jeung Dusun Stroberi ngaronjatkeun kaamanan jeung kaluginaan wisayawan.

Baca Juga: Museum Transportasi di TMII Jakarta, Pangjugjugan Wisatawan

“Wisatawan teu kedah hariwang, Objek wisata Walini teu weleh koordinasi sareng kapulisian ogè TNI, sayaga ngajagi kaamanan di lokasi wisata,” ceuk pihak nu ngokolakeun Wisata Walini, H. Uus Suryana, di Rancabali, Ahad, 24 Desember 2023.

Samalah, ceuk Uus Suryana, teu ukur dina nyanghareupan liburan Nataru kamanan nu terus dijaga, tapi memang pihakna saban waktu teu welèh ngajaga kamaanan tempat wisatana.

Objek wisata Walini dikokolakeun ku PTPN VIII Rancabali. Ku pamandangan nu èndah jeung sumber cipanas nu dipercaya bisa ngubaran kasakit kulit, ieu objek wisata tempat favorit wisatawan boh domestik boh ti luar dserah.

Ceuk Uus, utamana mah di Walini  loba sumber cai panas alami. "Cai panas di Walini sumberna tina belerang Gunung Patuha nu ditampung sareng diolah ngalangkungan panyaringan, sareng  di kolam renangna dikuras kalayan maneuh, diatur supadis cai panas tetep alami, tetep hèrang, bersih, sareng aman kanggo kasehatan, " pokna.

Baca Juga: Resto Kampoeng Banyumili, Kampung Rasa Sunda di Tanah Jawa

Iwal ti kolam pemandian ci panas, obyek wisata Walini ogè dilengkepan tempqt parkir nu cukup lega, mushola, tempat ulin barudak seperti ATV, Go Car, jeung Flying Fox, kamar keuer ngeueum ci panas, toilet, katut tempat istirahat atawa panginepan.

“Di dieu ogè disayagikeun kantin sareng kios oleh-oleh has katuangan atanapi cemilan ti Ciwidey Rancabali,” ceuk Uus Suryana.

Stroberi mipit sorangan

Mun hayang leuwih sugema ulin di Wisata Air Panas Walini, nyempetkeun ngajojo ka Dusun Stroberi nu pagigir-gigir jeung Objek Wisata Walini. Di dieu, hayang buah stroberi nu seger kari mipit sorangan, ditimbang tuluy dibayar kalaean murah.

“Di dieu ogè aya panginepan. Kanggo wisatawan nu tos ngaraoskeun wisata di kolan renang cipanas Walini, ngasuh murangkalih di playing pox. Mangga istirahat di dieu bari ngaraoskeun kebon stroberi," ceuk Uus.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah