Ditanda Tangan, Gawe Bareng Polda Jabar jeung Kodam III Siliwangi Ngajaga Kaamanan Natal jeung Tahun Baru

- 12 Desember 2023, 10:35 WIB
Ngajaga kaamanan Natal 2023 jeung Taun Baru 2024 di wilayah hukum Polda, Jabar Polda Jabar jeung Kodam III Siliwangi nanda tangan naskah gawe bareng, Senen (11/12/2023).
Ngajaga kaamanan Natal 2023 jeung Taun Baru 2024 di wilayah hukum Polda, Jabar Polda Jabar jeung Kodam III Siliwangi nanda tangan naskah gawe bareng, Senen (11/12/2023). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Naskah gawe bareng antara Polda Jabar jeung Kodam III Siliwangi ditanda tangan di aula lante 4 Gedong Dit Lantas Polda Jabar, Senen (11/12/2023). Ieu teh dina raraga ngajaga kaamanan Natal 2023 jeung Taun Baru 2024 di wilayah hukum Polda Jabar.

Anu nanda tanganna Kapolda Jabar, Irjen Pol. Dr. Akhmad Wiyagus, S.I.K., M.Si., M.M., jeung Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Erwin Djatniko. Diluuhan ku Forkominda Provinsi Jawa Barat, pejabat utama Polda Jabar, Kapolres, jeung Dandim sa-Jawa Barat. Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, oge ngaluuhan.

Kapolda Jabar netelakeun pentingna sinergi jeung koordinasi antara Polda Jabar jeung Kodam III Siliwangi dina ngajaga kaamanan tur katartiban salila Natal jeung Tahun Baru. Ditanda tanganna naskah kasapukan gawe bareng bukti komitmen ngajaga situasi kondusif jeung nyinglar gangguan kaamanan.

Baca Juga: Polres Majalengka Polda Jabar Ngungkab Tindak Pidana Korupsi Penyelewengan Dana Bantuan Koperasi

"Gawe bareng antara Polda Jabar sareng Kodam III Siliwangi penting kangge nyiptakeun rasa aman masarakat salami libur Natal sareng Tahun Baru. Dipiharep, ku ayana lengkah-lengkah preventif nu tos disiapkeun, perayaan Natal Tahun Baru tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar," ceuk Kapolda Jabar.

Salian ditanda tanganna naskah gawe bareng, oge digelar rapat koordinasi lintas sektoral dina raraga Operasi Lilin Lodaya 2023. Operasi Lilin Lodaya 2023 teh tarekah gabungan antara Polri, TNI, jeung instansi sejenna nu aya patalina. Tujuanana ngamankeun situasi di sababaraha titik rawan salila libur Natal jeung Taun Baru.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, nyebutkeun komitmenna pikeun ngarojong sagemblengna satiap lengkah dina raraga ngajaga kaamanan masarakat. "Sim kuring saparakanca siap ngalaksanakeun tugas kalayan hade tur sinergi sareng sakumna pihak. Kaamanan masarakat prioritas utami," ceuk AKBP Indra Novianto.*** Ayank R Sambara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah