Tempatna di Cafe, Panwascam Kutawaringin Ngayakeun Rakor Pengawasan Tahapan Logistik Pemilu 2024

- 26 November 2023, 06:19 WIB
Panwascam Kutawaringin kalayan Tempatna di cafe, ngayakeun Rakor Pengawasan Tahapan Logistik  nyanghareupan 2 bulan deui Pemilu 2024
Panwascam Kutawaringin kalayan Tempatna di cafe, ngayakeun Rakor Pengawasan Tahapan Logistik nyanghareupan 2 bulan deui Pemilu 2024 /Sopandi/galura.co.id

GALURA.CO.ID- Pengawas Kecamatan (Panwascam) Kutawariingin Kabupaten Bandung, ngaykeun Rapat Koordinasi Pengawasan (Rakor) Tahapan Logistik Pemilu 2024. Tempatna di hiji kafè di Desa Jatisari Kecamatam Kutawaringin Kabupaten Bandung, Saptu, 25 Nopember 2023, burit.

Ketua Divisi SDM Panwascam Kecamatan Kutawariringin, Dany Arizaya Mustofa nètèlakeun , Rakor Tahapan Logistik Pemilu 2024 teh dumasar pituduh ti Bawaslu Kabupaten Bandung. 

"Tujuan tina Rakor Tahapan Logistik Pemilu 2024, saperkawis kasayagian Panwas Kecamatan Kutawaringin  dina nalingakeun logistik  ti gudang KPU di Kecanatan Katapang.

Baca Juga: Siswa SD - SMP, 1200 urang, Aub kana Jambore Literasi Leksam Bedas Tingkat Kabupaten Bandung di Rancabali

Lian ti eta, mastikeun surat suara ditilepan kalayan bener, kotak suarana luyu jeung spek nu memang diiatur dina undang-undang, jeung sajabana.

"Dina H - 1 , 13 Pebruari 2024, tos cindek  sadaya lengkep kanggo lumangsungna Pemilu tos dugi di TPS sèwang-sèwang." ceuk Dany.

TPS rawan

Dany, ngajelaskeun, di Kecamatan Kutawaringin aya sababaraha TPS nu mèmang perlu perhatian husus.

"Sapertos di Desa Cilame, di puncak pasir. Simkuring sareng Panitia Pemungutan Suara (PPS) sok komunikasi supados di TPS nu "rawan" langkung dihususkeun, kumaha carana dipastikeun logistik dugi saenggalna, " pokna.

Baca Juga: Bunga Desa Bupati Bandung di Cicalengka Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golek Dadan Sunandar Sunarya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah