Turnamen Astrajingga Ju Jitsu Open Championship 2023, Pakalangan Ngagumelarkeun Atlet Ju Jitsu Pinunjul  

- 22 November 2023, 05:05 WIB
Turnamen Astrajingga Ju-Jitsu Open Championship (AJJOC) 2023 alpukahna PBJI Kota Bandung nu bakal digelar 16-17 Desember 2023, pakalangan geusan ngagumelarkeun atlet Ju-Jitsu pinunjul.*
Turnamen Astrajingga Ju-Jitsu Open Championship (AJJOC) 2023 alpukahna PBJI Kota Bandung nu bakal digelar 16-17 Desember 2023, pakalangan geusan ngagumelarkeun atlet Ju-Jitsu pinunjul.* /Dok. PBJI Kota Bandung/Galura/

Parapeserta AJJOC 2023 ti mimiti umur 7 taun tepi ka 34 taun leuwih, boh putra boh putri, ngawengku kelas anak, junior, senior, katut pikeun master, kalawan beurat awakna teh ti 21 kg tepi ka 76 kg.

Maranehanana aya nu tanding dina kategori Newaza, Show System, jeung Fighting System.

Tina ieu turnamen nu boga tujuan leuwih ngawanohkeun cabang olahraga Ju-Jitsu ka kalangan masarakat teh, oge notog kana perkara standar palaksanaan pertandingan Ju-Jitsu.

Baca Juga: Pangna Gamelan Sekatén Cirebon  Ditabeuhna Sataun Dua Kali

Teu tinggaleun, sing bisa ngawujudkeun pola pembinaan Ju-Jitsu nu kaintegrasi kalawan ngaubkeun kolaborasi sakumna pihak enggoning ngagumelarkeun atlet Ju-Jitsu pinunjul nu nyambuangkeun ngaran daerah katut nagara.

Bibit-bibit unggul nu dihasilkeun tina digelarna AJJOC 2023 teh dipiharep jadi atlet nu tanggoh, sarta kahareupna mingkin ngaronjat prestasina.

Nilik kana kamekaran potensi jeung eksistensi Ju-Jitsu di Indonesia, PBJI Kota Bandung dina ngagelar AJJOC 2023 teh diwangun dina wanda barometer standar internasional.

Ku kituna dipiharep, AJJOC 2023 ge bisa jadi pamuka lawang-lolongkrang pikeun sakabehna atlet Ju-Jitsu geusan ngahontal prestasi kalawan diwewegan ku rekomendasi sertifikasi turnamen hasil rukun gawe jeung sakumna pihak, tur makalangan di tingkat nasional jeung internasional. ***

Baca Juga: Mapag Pemilu 2024, PWI jeung Universitas Mercu Buana Ngaronjatkeun Literasi Digital katut Merangan Hoaks

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah