Baca Juga: Ngarah Pikasieuneun, Memeh Dipake Topeng Bebegig Sukamantri Ciamis, Sapeuting Ditunda di Pajaratan
"Démokrasi liwat pemilu ditangtoskeun ku peran pers sareng partisipasi masarakat. Ku kituna, hayu urang sasarengan ngajaga pemilu anu béres roés," pokna.
Menteri Koperasi dan UKM Teten Masduki ngaaprésiasi kana kagiatan HPN 2024 sarta miharep pers netral dina pemilu anu bakal datang.
Teten ngécéskeun, dina era media sosial (medsos) kiwari geus loba pisan runtah (hoaks, -Red) nu pabalatak. Nya di dieu pisan, cenah, pentingna peran pers ngasongkeun informasi anu mangpaat pikeun ngajaga keutuhan bangsa.
Acara launching HPN 2024 téh dina seuhseuhanana direuah-reuah ogé ku rupa-rupa hiburan anu diluuhan ku sakumna masarakat.***
Baca Juga: Kapanasaran Wartawan Korea ngeunaan Indonesia, ti Mimiti Layanan Cai tepi ka Isu Pulitik