Wadah Runtah Biokonversi Jieunan ITB, Ngolah Limbah Organik di Daerah nu Kamusibatan Lini Cianjur  

- 7 November 2023, 05:00 WIB
Minangka program pengabdian masarakat, ITB ngawanohkeun teknologi biokonversi ngolah runtah limbah organik ka masarakat di daerah nu kamusibatan lini di Sukaratu, Gekbrong, Kab, Cianjur, Saptu, 4 November 2023.*
Minangka program pengabdian masarakat, ITB ngawanohkeun teknologi biokonversi ngolah runtah limbah organik ka masarakat di daerah nu kamusibatan lini di Sukaratu, Gekbrong, Kab, Cianjur, Saptu, 4 November 2023.* /Dok. Prodi Fisika ITB/Glr/

GALURA.CO.ID. -  Institut Teknologi Bandung (ITB) ngagelar program ngolah limbah organik rumah tangga jeung komunal kalawan aplikasi wadah runtah biokonversi di daerah nu katarajang musibat lini di Cianjur.

Sabadana musibat lini di Cianjur sababaraha waktu ka tukang, teu saeutik mucunghulkeun pasualan, salasahijina sual runtah nu numpuk di méh ampir wilayah.

Balukarna, di sababaraha daerah nu sabadana katarajang musibat lini di Cianjur téh nyanghareupan pasualan lingkungan, nyaéta pikeun ngolah limbah runtah.

Ku kituna, ITB ngokojoan ngungkulan éta pasualan ku cara ngawanohkeun wadah runtah biokonversi enggoning ngolah runtah limbah organik, di Desa Sukaratu, Kacamatan Gekbrong, Kabupaten Cianjur, Saptu, 4 November 2023.

Éta kagiatan nu minangka program pengabdian masarakat téh dipokalan ku mahasiswa Prodi Fisika ITB nu dipingpin ku Dr. Acep Purqon kalawan ngaubkeun sakumna warga.

Baca Juga: Kasad Ngaluuhan Deklarasi Pemilu Damai 2024 Provinsi Jawa Barat di Kabupaten Ciamis

Ceuk Acep Purqon, sabadana kajadian musibat lini di Cianjur, kacida perluna teknologi pikeun ngungkulan pasualan nyumponan cai beresih keur masarakat.

Fisika kabencanaan jeung lingkungan téh tétéla pakait jeung widang séjénna saperti perkebunan, tatanén, logistik, cuaca, energi terbarukan, katut manajemen geusan ngokolakeun sanisakara widang sabadana musibat alam.

“Tah, salasahiji program nu dikokojoan ku ITB téh nyaéta ngolah limbah organik ku cara ngawujudkeun wadah runtah biokonversi pikeun ngahasilkeun biomasa nu bisa dijadikeun pupuk sarta pakan ingon-ingon nu saméméhna dibaladah ku Dr. Ramadhani Eka Putra,” pokna.

Laju Acep Purqon gé ngébréhkeun, tina éta program téh bari dibarengan ku pembinaan jeung pendampingan kalawan paralel ngamekarkeun budidaya lebah trigona, palawija, peternakan domba, budidaya sayuran, jeung sajabana.

Saenyana, sacara ekonomi sirkular, ngolah runtah katut manajemen limbah téh bakal ngaruntuy jeung jalur suplai widang tatanén, sabab hasil tina ngolah runtah biokonversi baris mangpaat keur dunya tatanén.

Baca Juga: Pernyataan Sikap Forum Redaksi PRMN: Situasi di Palestina, Kolonisasi jeung Genosida  

ITB ngawanohkeun teknologi biokonversi ngolah runtah limbah organik ka masarakat di daerah nu kamusibatan lini di Sukaratu, Gekbrong, Kab, Cianjur.*
ITB ngawanohkeun teknologi biokonversi ngolah runtah limbah organik ka masarakat di daerah nu kamusibatan lini di Sukaratu, Gekbrong, Kab, Cianjur.*

“Tina musibat, urang satekah polah sing bisa ngawujudkeun hikmah anugrah séjénna, ku cara mitigasi tur teknologi nu ngahasilkeun jeung mangpaat pikeun balaréa, antarana wadah runtah biokonversi ngolah limbah organik keur kepentingan kamajuan dunya tatanén di sabudeureun lingkungan nu katarajang musibat lini di Cianjur sangkan warga bisa mandiri tur raharja,” ceuk Acep Purqon.

Sajeroning kitu, aktivis sosial nu ogé pupuhu Societa Cianjur, Wawan, mertélakeun, lian ti korban jiwa, balukar musibat lini Cianjur sababaraha waktu ka tukang gé mucunghulkeun pasualan lingkungan.

Warga kacida mikabutuh bongbolongan nyanghareupan éta pasualan, kaasup pikeun ngolah runtah limbah organik.

“Warga kalintang bingahna ayana éta program pengabdian masarakat nu dikokojoan ku ITB ku cara ngawujudkeun wadah runtah biokonversi. Muga waé jadi pamecut pikeun ka hareupna terus ngahasilkeun rupa-rupa inovasi jeung teknologi geusan ngungkulan rupaning pasualan di lingkungan masarakat, utamana di daerah nu katarajang musibat alam,” ceuk Wawan.***

Baca Juga: Hirup di Dunya Teu Leupas tina Ujian, KH Ubaidillah AB: Ngalaksanakeun Ibadah Ulah Nunggu Rengse Cocoba

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah