Soft Launching Kereta Cepat Jakarta-Bandung (KCJB), Dilaksanakeun 1 Oktober 2023

- 21 September 2023, 07:58 WIB
Kereta Cepat Jakarta-Bandung (KCJB).*
Kereta Cepat Jakarta-Bandung (KCJB).* /Hendro Susilo Husodo/Pikiran Rakyat/

GALURA.CO.ID. - Kepala Dinas Perhubungan Provinsi Jabar, Acep Koswara, nétélakeun, Kereta Cepat Jakarta-Bandung (KCJB) masih tentatif. "Ngan, luyu sareng isi protap, tos disiapkeun kendaraan penghubung nu ka Stasiun Tegalluar sareng nu kaluar ti éta stasiun," pokna.

Dina seuhseuhanna, KCJB nu baris lumangsung sabulan mitembeyan téh baris miang ti Stasiun Tegalluar-Stasiun Halim, bulak-balik, dua kali dina sapoéna. "Kitu deui, KCJB ti Halim ka Tegalluar, miangna dua kali dina sadintenna," cenah.

Soft launching, sabulan lilana, pihakna nyadiakeun 500 korsi nu diancokeun keur 350 panumpang undangan, jeung publik dina situs web 150 penumpang.

Dina kateranganna, Acep Koswara, nyebutkeun, shuttle ti jeung ka Tegalluar nu disadiakeun salila soft launching, nyaeta Summarecon rukun gawe jeung Blue Bird.  "Blue Bird ngancokeun 4 medium beus, kapasitasna keur 124 urang, miangna ti Mall Sumarecon," pokna.

Baca Juga: Ngabagèakeun Kunker Presiden RI Bupati Bandung Apresiasi Rencana Diaktifkeunana Kereta Cepat Bandung- Jakarta

Rojongan séjénna, ceuk Acep Koswara, pihak DAMRI ngancokeun 8 unit, kapasitas 174 urang, titik pamiangan pool DAMRI 125 urang, ti Lottemart 49 urang. Nu séjénna, pihak PO Bhineka nyadiakeun 4 unit medium beus, kapasitas panumpang 124 urang, titik pamiangan ti pasar modern Sinpasa Summarecon, katut Lintas nyadiakeun 4 unit Hiace, panumpangna 60 urang. Miangna ti Metro Indah Mall.

Nilik kana jumlah armada penghubung jeung kapasitas daya angkutna, bisa nyumponan jumlah daya angkut panumpang kereta cepat. Atuh di Tegalluar, nurutkeun Acep Koswara, pihakna geus nyadiakeun lahan parkir keur 100 mobil.

Layanan feeder di Tegalluar, keur lumangsung, keur kapentingan penumpang gratis. "Nu operasina, DAMRI jeung Blue Bird. Ngan, ari jadwal soft launching mah nu nangtukeun sagemblengna pihak KCIC," ceuk Acep Koswara.

"Jadwal KCIC dinamis, baris di update saparantos sumpingna Presiden," pokna deui.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah