Deklarasi Kabangsaan Anggota NII Manten di Kodam III Siliwangi, Kasad: Kuatkeun Rasa Micinta Lemah Cai

- 17 September 2023, 12:54 WIB
Deklarasi Kabangsaan anggota NII manten nu digelar di Makodam III/Siliwangi, Kota Bandung, Kemis (19/09/2023), nu dihadiran ku Kasad Jenderal TNI Dudung Abdurachman.*
Deklarasi Kabangsaan anggota NII manten nu digelar di Makodam III/Siliwangi, Kota Bandung, Kemis (19/09/2023), nu dihadiran ku Kasad Jenderal TNI Dudung Abdurachman.* /: Dok. Pendam III/Slw/

GALURA.CO.ID – Deklarasi Kabangsaan anggota Negara Islam Indonesia (NII) manten digelar di Makodam III/Siliwangi, Kota Bandung, dihadiran ku Kepala Staf Angkatan Darat (Kasad) Jenderal TNI Dudung Abdurachman.

Éta Deklarasi Kabangsaan pikeun anggota NII manten nu digelar ku Pangdam III Siliwangi Mayjen TNI Erwin Djatniko tur boga jejer Wawangi Wangsit Siliwangi téh lumangsung poé Kemis (14/9/2023).

Saméméh Deklarasi Kabangsaan nu diiluan ku 320 anggota NII manten di Kodam III/Siliwangi téa, Kasad dibagéakeun ku pintonan tradisi Sunda nyaéta Tari Lengser.

Baca Juga: Subanglarang, Pasukan Berkuda nu Nyerang dina Waktu Subuh, Prabu Siliwangi Ngagem Agama Islam

Dina éta kagiatan Wawangi Wangsit Siliwangi, oge dipasieup ku rupa-rupa pagelaran seni budaya Jawa Barat jeung Banten.

Satuluyna Jenderal TNI Dudung Abdurachman nyaksian Deklarasi Kabangsaan 320 anggota NII manten nu babalik pikir balik deui ka NKRI. Maranéanana néken pencabutan baiat, ogé pernyataan bersama.

Lian ti Pangdam III/Siliwangi, éta Deklarasi Kabangsaan gé disaksian ku Kapolda Jawa Barat, Pj. Gubernur Jawa Barat, katut Pj. Gubernur Banten.

Dina éta kasempetan, Kasad Jenderal TNI Dudung Abdurachman umajak ka sakumna masarakat pikeun terus nguntun kabangsaan ku cara micinta lemah cai, utamana masarakat Jawa Barat jeung Banten ku cara neuleuman sajarah perjoangan rakyat Jawa Barat.

Baca Juga: Kampung Kuta, Kampung Adat di Ciamis, Kungsi Nyuguhan Pasukan Pajajaran

“Kuring yakin réhna dina ati sanubari masarakat Jawa Barat téh masih tetep aya ajén-inajén kabangsaan, rasa micinta lemah cai, sarta kuatna rasa pikeun béla ka nagara,” pokna.

Perjoangan bangsa Indonesia tepi kiwari ngabukti yén entragan nu nuluykeun perjoangan téh terus makarya dina mangsa kamerdékaan ku karya nyata nu maheutkeun persatuan jeung kesatuan bangsa.

“Pondasina téh kabhinekaan, tihangna nyaéta persatuan jeung kesatuan, sarta nu jadi hateupna nyaéta Negara Kesatuan Republik Indonesia,” ceuk Kasad.

Sajeroning kitu, Pj. Gubernur Jawa Barat, Bey Machmudin, ngaaprésiasi kana kétak TNI jeung Polri nu mingkin kompak geusan ngabantu pamaréntahan di Jawa Barat.

Baca Juga: Bhakti Siliwangi Manunggal Satata Sariksa TNI AD 2023 di Serang

Rupaning widang saperti pangwangunan infrastruktur, pendidikan, sarta kaséhatan, terus diidentifikasi pikeun diadumaniskeun rukun gawé jeung TNI katut Polri.

“Kuring miharep paheutna rukun gawé TNI jeung Polri sing terus ngaronjat tug tepi ka masarakat Jawa Barat jeung Banten téh aya dina kaayaan aman tumaninah,” ceuk Bey Machmudin.

Dina runtuyan éta Deklarasi Kabangsaan, Pangdam III Siliwangi masrahkeun senjata api jenis Carl Gustaf M/45, lengkep jeung magazen katut amunisi ka Kasad.

Éta senjata, satadina dipasrahkeun ku warga ka Babinsa Kodim 0610/Sumedang. Anapon senjata Carl Gustaf M/45 téh kungsi populer nu sok dipaké ku Darul Islam/Tentara Islam Indonesia (DI/TII).***

Baca Juga: Sinergitas TNI, Polri jeung Aparat Pamarentah Desa Ngaronjatkeun Komunikasi Sosial

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah