Sinergitas TNI, Polri jeung Aparat Pamarentah Desa Ngaronjatkeun Komunikasi Sosial

- 9 Mei 2023, 17:07 WIB
Pikeun ngajafa kamtibmas, Kanit Samapta Polsek Sukahaji Polres Majalengka Aiptu Riyana jeung Babinsa Koramil Sukahaji Serka Ade ngaronjatkeun sinergitas jeung aparat pamerentah desa.
Pikeun ngajafa kamtibmas, Kanit Samapta Polsek Sukahaji Polres Majalengka Aiptu Riyana jeung Babinsa Koramil Sukahaji Serka Ade ngaronjatkeun sinergitas jeung aparat pamerentah desa. /Ayank/Galura

GALURA –Kanit Samapta Polsek Sukahaji Polres Majalengka Aiptu Riyana jeung Babinsa Koramil Sukahaji Serka Ade ngaronjatkeun sinergitas jeung aparat pamerentah desa, katut warga kalayan leuwih ngarojatkeun komunikasi sosial.

Dina komunikasi sosial nu dilaksankeun ku Kanit Samapta Polsek Sukahaji Polres Majalengka jeung Babinsa Koramil Sukahaji aya sababaraha hal nu diguar. Di antarana: geografi, demografi jeung kondisi sosial. Dipiharep dipibanda data nu sarua antara pamarentah desa, Polsek Sukahaji hususna Bhabinkamtibmas jeung Babinsa.

“Simkuring sareng Bhabinkamtibmas, Babinsa, aparat pamarentah desa nguriling di padumukan warga, ngajalin komunikasi sosial. Tujuanana kangge ngaroris kondisi nu aya di eta wilayah. Ku cara kieu bakal kenging data sacara real di lapangan," ceuk Kanit Samapta Polsek Sukahaji.

Baca Juga: Pulisi Polres Majalengka Salawasna Gura-Giru Nulungan Korban Laka Lantas

Salian eta, miangka aparat kewilayahan Kanit Samapta oge umajak ka Babinsa jeung aparat desa pikeun ngaronjatkeun sinergritas sarta gawe bareng dina ngalaksanakeun tugas di desa. Udaganana pikeun ngaronjatkeun kaamanan tur karaharjaan masarakat.

Nalika interaksi publik anteb jeung sinergitas antara pamarentah desa, kapulisian jeung TNI jalan, dipastikeun desa leuwih maju tur mandiri nu dideudeul ku kakuatan masarakat.

Kepala Desa Jayi, Wasta ngahaturnuhunkeun kana kinerja tur sinergitas kapulisian jeung TNI. Aubna apararat di masarakat ngamucunghulkeun energi positif pikeun kaamanan tur karaharjaan masarakat.

"Ku ayana sinergitas kapulisian sareng TNI, simkuring ngaraos kabantos dina kaamanan tur karaharjaan warga Desa Jayi. Pamugi urang sadayana ditangtayungn Allah SWT. Aamiin," ceuk Kuwu Jayi, Wasta.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah