Operasi Zebra Sangkan Pangandara Taat Lalulintas

- 4 September 2023, 13:10 WIB
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, ngaleupuskeun balon minangka tanda dipitembeyan operasi zebra, di Mapolres Kuningan, Senen, 4 September 2023.
Kapolres Kuningan, AKBP Willy Andrian, ngaleupuskeun balon minangka tanda dipitembeyan operasi zebra, di Mapolres Kuningan, Senen, 4 September 2023. /Ajun Mahrudin/

GALURA-Kapolres Kuningan, Ajun Komisaris Besar Polisi (AKBP) Willy Andrian, nyebutkeun jajaran kapulisian hususna Satlantas Polres Kuningan baris nindak pangandara boh sapedah motor boh mobil, anu ngarempak aturan jeung katangtuan lalulintas. Eta dilarapkeun dina operasi zebra 2023, ti mimiti 4 nepika 17 Septemer 2023.

Ceuk Willy, aya sababaraha tindakan anu baris dilarapkeun, diantarana pangandara anu ngajalankeun kandaraan bari make telepon seluler (handphone), ngajalankeun kandaraan  ngaleuwihan wates ditangtukeun, teu make helm SNI , ngalawan arus, ngabonceng leuwih ti saurang jeung sajabana.


Salian ti eta oge, ceuk willy, dijejeeran ku Kasatlantas AKP Vino Lestari, pulisi baris nindak pangandara anu make knalpot brong jeung pangandara mobil anu teu make pangaman (Safety belt).

Baca Juga: Ngungkab Kasus Perdagangan Orang, Pagawe Imigran Urang Kuningan Dua Taun Katalangsara di Nagara Deungeun

Eta tindakan palanggaran anu baris dilumakukeun dina operasi zebra teh henteu sacara langsung, tapi ngaliwatan tindakan sacara elektronik, make kamera.

Nuutkeun Willy, operasi zebra 2023 teh pikeun nurunkeun angka palanggaran lalulintas, nurunkeun angka kacilakaan lalulintas, nurunkeun angka fatalitas korban kacilakaan, ngaronjatkeun disiplin jeung kapatuhan masarakat dina sual lalulintas.


Patali eta hal, ceuk Willy, diharepkeun kapatuhan masarakat dina lalulintas ngaronjat. Lamun kasadaran lalulintas masarakat ngaronjat, angka palanggaran jeung angka kacilakaan lalulintas hususna di wilayah hukum Polres Kuningan nyirorot.

Baca Juga: Mapag Milangkala Kuningan, LKKS Ngayakeun Hitanan Massal


Willy ngeceskeun, sakumaha amanat Kapolda Jawa Barat, Irjen Pol Akhmad Wiyagus, yen operasi zebra teh diayakeun saban taun, nyaluyukeun kaayaan taun 2023 kiwari ngait kana situasi mapag pemilu 2024.

“Margi kitu, kedah taat kana paraturan lalulintas anu parantos ditangtoskeun. Pon kitu, lengkepan surat-surat kandaraan dina ngajalankeun kandaraan boh sapedah motor boh mobil,” ceuk Willy.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah