Keur Olahraga Lari, Wakapolres Majalengka Nyangkalak Ulon-ulon Curanmor

- 30 Agustus 2023, 13:46 WIB
Salasa jam 16:45 WIB (29/08/2023) di Jalan Suha, Kelurahan Majalengka Wetan, Kabupaten Majalengka, Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., basa keur olahraga lari, ngamankeun nu diduga ulon-ulon curanmor.
Salasa jam 16:45 WIB (29/08/2023) di Jalan Suha, Kelurahan Majalengka Wetan, Kabupaten Majalengka, Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., basa keur olahraga lari, ngamankeun nu diduga ulon-ulon curanmor. /Ayank R Sambara/galura.co.id

GALURA.CO.ID - Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., basa keur olahraga lari, Salasa jam 16:45 WIB (29/08/2023) di Jalan Suha, Kelurahan Majalengka Wetan, Kabupaten Majalengka ngamankeun nu diduga kalibet dina kasus pencurian sepeda motor (curanmor).

Ulon-ulon curanmor bieu asalna ti wilayah Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka. Wakapolres Majalengka nyita 1 unit sepeda motor Yamaha Vega DB, milik MS (48), warga Majalengka. Harita motor keur dipake ku nu malingna.

Motor bogana MS dipaling poe Kemis, 17 Agustus 2023, subuh jam 04:30 WIB. Motorna teh keur diparkir di pakarangan imah. MS lapor ka pulisi satempat. MS oge nyebarkeun poto motorna jeung ciri-cirina dina media sosial.

Baca Juga: Satlantas Polres Majalengka Ngagelar Latkatpuan Pelatih PKS, sangkan Lalulintas Aman tur Tartib

Meureun nu malingna ngarasa aman, pedah geus sabulan dipalingna, motorna dipake sarta Salasa burit, 29 Agustus 2023 ngaliwat ka Jalan Suha nu kabeneran Wakapolres keur olahraga lari.

Warga nu apaleun kana ciri-ciri motor bogana MS, ngarudag. Wakapolres gancang mantuan. Antukna nu maling motor MS teh bisa dicangkalak, sarta motorna diamankeun.

"Dicangkalakna nu diduga malinn motor bogana MS, hasil gawe bareng antawis aparat kapulisian katut masarakat. Harita simkuring dibantu sakumna masarakat langsung ngamankeun ulon-ulonna,” ceuk Kompol Bayu.

Kapolres Majalengka Polda Jabar, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si, ngaapresiasi ka Wakapolres nu waktu keur olahraga lari newak nu diduga milampa curanmor bogana MS.

Baca Juga: Sat Res Narkoba Polres Majalengka jeung Desa Kadipaten Nyosialisasikeun Bahaya Narkoba ku Mural

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah