Bulan Bung Karno, Anggota Komisi I DPR RI Tb Hasanuddin Ngaluuhan Pasanggiri Jaipong nu Digelar ku Sasama

- 12 Juni 2023, 06:00 WIB
Anggota DPR RI Komisi l Dapil Subang, Sumedang, jeung Majlengka nu oge Pembina Sasama Dr. H.Tb. Hasanuddin, SE., MM., bareng jeung Bupati Majalengka nu oge Ketua DPC PDIP Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., katut Wabup Majalengka nu oge Sekretaris DPC PDIP Majalengka, Tarsono D Mardia
Anggota DPR RI Komisi l Dapil Subang, Sumedang, jeung Majlengka nu oge Pembina Sasama Dr. H.Tb. Hasanuddin, SE., MM., bareng jeung Bupati Majalengka nu oge Ketua DPC PDIP Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., katut Wabup Majalengka nu oge Sekretaris DPC PDIP Majalengka, Tarsono D Mardia /Ayank/Galura

GALURA - Anggota Komisi l DPR RI, Tb Hasanuddin ngagelar rupa-rupa kagiatan di daerah pemilihan dina raraga mieling Bulan Bung Karno taun 2023. Salasahijina: Pasanggiri Jaipong bareng jeung Seniman Satatar Majalengka (Sasama) sa-Kabupaten Majalengka, tempatna di komplek Gedong Creative Center Majalengka, Ahad (11/06/2023).

Dina ieu Pasanggiri Jaipong nu diluuhan ku anggota Komisi I DPR RI Tb Hasanuddin jeung digelar ku Sasama, seniman Sunda Kabupaten Majalengka mintonkeun kreasi-kreasi panghadena dina Pasanggiri Jaipong nu digelar dina ngeusian Bulan Bung Karno jeung Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka.

Lian ti anggota Komisi I DPR RI, Tb Hasanuddin jeung Sasama, nu oge ngaluuhan Pasanggiri Jaipong nu digelar ku Sasama: Bupati Majalengka, nu oge Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., Wabup Majalengka nu oge Sekretaris DPC PDI Perjuangan Majalengka, Tarsono D Mardiana.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

Anu sejenna: Sekda Majalengka Drs. H. Eman Suherman MM., Wakil Ketua Bidang Kebudayaan DPC PDI Perjuangan Majalengka nu oge Bacaleg, Tita Juwita Hipdiah S.IP., sajumlah anggota DPRD Majalengka Fraksi PDI Perjuangan, Rina Sri Isdiati SE, jeung Iiv Rivandi, Ketua Kadin Makalengka, Dena Muhamad Ramdhan, tur Camat Majalengka, Supartyningsih, sarta tamu ondangan lianna.

Bupati Majalengka ngaapresiasi Pasanggiri Jaipong minangka bukti nyata dna ngamumule tur motekarkeun seni budaya Sunda. "Ngamumule seni budaya Sunda jadi tugas tur tanggung jawab urang sakumna, sabab saha deui nu bakal ngamumule tur motekarkeun seni sunda lamun lain urang Sundana sorangan," pokna.

Ceuk Bupati Majalengka ieu kagiatan kawilang hade keur ngamumule seni Sunda hususna jaipong. "Digelarna Pasanggiri Jaipongan bakal tembong bakat-bakat ti generasi ngora nu mikareueus tur micinta seni tradisional Sunda," pokna deui.

Tamu undangan nu ngaluuhan Pasanggiri Jaipong.
Tamu undangan nu ngaluuhan Pasanggiri Jaipong. Galura

Wabup Majalengka nu oge Sekretaris DPC PDI Perjuangan Majalengka, Tarsono D Mardiana, nyebutkeun dirina aya di sub sektor Ekonomi Kreatif lantaran jadi Ketua Ekonomi Kreatif. Ku ngadegna Gedong Creative Center, bakal ngogan ahli tari, seni teater atawa seni peran, karawitan, katut lianna nembongkeun kreatifitasna.

Baca Juga: Labuh di Jamban Imahna, Hiji Guru Tilar Dunya, Diduga Alatan Kasakit TBC

"Hal ieu tangtos tiasa nyangking pangalaman tur nambihan elmu pangaweruh. Sasama, Ketua Ekonomi Kreatif bakal ngogan ahli widang tari, seni peran, tur seni budaya lianna kangge langkung ngaronjatkeun kualitas seni budaya di Kabupaten Majalengka," pokna.

Pembina Sasama Tb Hasanuddin minangka tanda apresiasina nyadiakeun hadiah jutaan rupiah pikeun nu juara. Inyana oge mikaresep kana kabudayaan Sunda kaasup jaipongan.

"Kiwari jaipong seueur kreasina. Simkuring ningal nu nari jaipong aya nu nyandak bedog. Pamugi digelarna Pasanggiri Jaipong tiasa ngamotivasi motekarna kasenian Sunda, atuh generasi ngora langkung mikareueus tur micinta budaya Sunda," ceuk Tb Hasanuddin.

Disebutkeun Tb. Hadanuddin, di Bulan Bung Karno taun 2023 nu jejerna "Kepalkan Tangan untuk Indonesia Raya" DPP PDI Perjuangan ngainstruksikeun pikeun ngalaksanakeun kagiatan-kagiatan pulitik nu pagilinggisik jeung rayat.

Baca Juga: Kabupaten Majalengka Juara Umum dina Porsenitas X taun 2023

Ku dilaksanakeunna Pasanggiri Jaipong ceuk Tb Hasanuddin, dipiharep bisa ngagalurakeun sumanget cinta tanah air, jeung ngahudangkeun inspirasi juang pikeun pamuda Indonesia.

"Minangka teureuh asli Majalengka, simkuring miharep, ku kagiatan sapertos ieu tiasa ngawanohkeun tur ngamumule oge motekarkeun budaya Sunda. Budaya nu mangrupikeun jati diri urang Sunda ieu tetep kajaga kariksa sanaos euyeub pangaruh asing," ceuk Tb Hasanuddin.

Ketua Umum Sasama, Deni Heryanto, ngahaturnuhunkeun kana rojongan ti Tb Hasanuddin. Ku digelarna Pasanggiri Jaipong, potensi sakumna seniman bakal tuluy kamumule tur kaipuk.

Deni nu oge Kepala Badan Kebudayaan Nasional (BKN) DPC PDI Perjuangan Majalengka nyebutkeun pamilon Pasanggiri Jaipong aya 11 grup. Salian lomba tari jaipong, dilombakeun oge nayagana.

Pinunjul Pasanggiri Jaipong

Grup Jaipong/Nayaga: Juara l Abang Junior, jumlah peunteunnq 505); Juara ll, Ringkang Bonang, 503); Juara lll, Buyut Manis, 450.

Tari Tunggal: Juara l, Abang Junior, jumlah peunteunna 285; Juara ll, Listy, 247; Juara lll, Buyut Manis, 234.

Tari Rampak, Juara l, Ringkang Bonang, jumlah peunteunna 226; Juara ll, Buyut Manis, 225); Juara lll, Mayang Cinde, 209.

Best Costum: Ringkang Bonang; Best Favorit Rampak: Abang Junior)".

Juri Pasanggiri Jaipong ti Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah