Riung Mungpulung Libels 87 di Megamendung Bogor, Maheutkeun Silaturahmi

- 13 Maret 2023, 06:14 WIB
Riung mungpulung Libels 87 ngadongdon Megamendung di Kawasan Puncak, Kabupaten Bogor, Saptu-Minggu, 11-12 Maret 2023.*
Riung mungpulung Libels 87 ngadongdon Megamendung di Kawasan Puncak, Kabupaten Bogor, Saptu-Minggu, 11-12 Maret 2023.* /Dok. Libels 87/

GALURA - Riung mungpulung Libels 87 di Megamendung, Kawasan Puncak, Kabupaten Bogor, lumangsung Saptu-Minggu, 11-12 Maret 2023, boga maksud maheutkeun silaturahmi.

Kalawan diiluan ku 45 urang, parapeserta riung mungpulung Libels 87 miang ti Bandung poé Saptu kira pk. 06.30.

Salila di Megamendung, tur sakumaha nu dirarancang, ogé aya taddabur alam di budeureun Citamiang.

Sabot ngareureuh, peserta meunangkeun materi motivasi, tausiah, dibarung ku ayana rupaning gim nu matak pikagumbiraeun.

Baca Juga: Ngaji Kitab Majlis Malem Mingguan Baitun Nidzom, Tolab Elmu jeung Maheutkeun Silaturahmi

Anapon dina poé kadua, réngréngan Libels 87 ngayakeun senam bersama, gim, ogé pirang-pirang acara lianna geusan maheutkeun silaturahmi.

Tah, sabada lohor, para peserta marulang deui ka Bandung.

Libels 87 téh minangka beungkeutan alumni SMPN 15 Kota Bandung angkatan 1987.

"Kalawan noron Libels 87 gé ngayakeun kagiatan pangajian rutinan, program donasi bakti sosial, jeung sajabana," ceuk koordinator acara, Yani.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah