Diklatsar Banser Cileunyi Angkatan II di Ponpes Al Kasyaf Cimekar

- 12 Maret 2023, 08:21 WIB
Diklatsar Banser Cileunyi Angkatan II lumangsung di Ponpes Al Kasyaf, Desa Cimekar, Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung, 3-5 Maret 2023.*
Diklatsar Banser Cileunyi Angkatan II lumangsung di Ponpes Al Kasyaf, Desa Cimekar, Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung, 3-5 Maret 2023.* /Dok. Banser Cileunyi/

GALURA - Pendidikan dan Pelatihan Dasar (Diklatsar) Barisan Ansor Serbaguna (Banser) Cileunyi Angkatan II lumangsung 3-5 Maret 2023 di Ponpes Al Kasyaf Desa Cimekar, Kecamatan Cileunyi, Kabupaten Bandung.

Dipokalan ku Satuan Koordinasi Rayon (Satkoryon) Banser Cileunyi, éta Diklatsar diiluan ku 45 peserta ti rupa-rupa kasang tukang, antarana pelajar, santri, guru, dosen, malah aya pangsiunan polisi gé.

“Alhamdulillah, Diklatsar lumangsung kalawan lancar. Ieu kagiatan minangka ihtiar geusan numuwuhkeun rasa micinta NKRI katut Nahdlatul Ulama," ceuk Ahmad Tajul, Ketua Pelaksana.

Kepala Desa Cimekar, Iwan Dharmawan, kacida bungahna ku ayana éta Diklatsar. Inyana miharep sangkan ka hareupna mingkin loba kagiatan NU diayakeun di Desa Cimekar.

Baca Juga: Milad ka-88 Ponpes Al-Quran Cijantung, Bupati Ciamis: Ponpes Al Quran Cijantung Kontribusina Luar Biasa

Nyutat tina jabar.nu.or.id, Kasatkoryon Banser Cileunyi, Lukmanul Hakim, miharep, para peserta Diklatsar Banser NU sing bisa ngalarapkeun rupaning élmu-matéri Diklat di lingkunganana séwang-séwangan.

"Lian ti éta, oge sing mingkin hidmat di NU, kalawan jadi kader-kader nu ngokojoan parobahan nu leuwih hadé deui tur maslahat pikeun balaréa," pokna.

Dina pamungkas kagiatan, Ahmad Tajul ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak nu geus ngarojong katut ngabantu kagiatan Diklatsar Banser Cileunyi Angkatan II.

"Ogé neda hapunten, bilih salami kagiatan aya kakirangan," pokna.***

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x