Nu Rek Jaroh ka Prabu Aji Putih nu Pajaratanna Karendem Jatigede Baris Boga Tempat Pangjarahan

- 12 Februari 2023, 14:30 WIB
Gerbang patapaan Prabu Aji Putih keur diwangun/Istimewa
Gerbang patapaan Prabu Aji Putih keur diwangun/Istimewa /

GALURA -  Nu biasa jaroh ka luluhur Sumedang Prabu Aji Putih dina waktu nu bakal datang moal bingung deui.

Nu matak kitu, lantaran moal lila deui, bakal ngadeg gerbang patapaan nu rencana rek dingagaran gerbang pataan Prabu Aji Putih.

Ngadegna di Dusun Cilembu Desa Pakualam, Kacamatan Darmaraja, Jatigede, Sumedang.

Baca Juga: Mun Keur Ngibing dina Tarawangsa Rancakalong Sumedang Kasarumahan Tandaning Karuhun Datang, Kudu Bungah

Baca Juga: Sirep Tarawangsa Rancakalong Sumedang, Ningali Nini Oneh Kasarumahan jeung Nyebut 'Nana nu Sieun Dibedil'

Baca Juga: Pesona Taman Puspa jeung Kampung Ciherang, Dua Tempat Wisata Instagramable di Tanjungsari, Sumedang

Eta hal ditepikeun ku Ujang Kushanda, hiji pangurus Yayasan Masyarakat Adat Prabu Lembu Agung ka wartawan, anyar-anyar ieu.

Nurutkeun inyana, salila ieu rea pisan nu biasa jarah ka makam karamat Prabu Aji Putih nu meredih malar di Cipaku aya tempat jarah ka Prabu Aji Putih nu makamna karendem ku Jatigede.

Nya sabada dipikir-pikir ahirna dijieun rarancang nyieun gerbang patapaan.

Baca Juga: Hasil Panalungtikan Antroponimi, Masarakat Kabupaten Sumedang Geus Arang nu Make Ngaran Etnik Sunda

“Muhun, ngawangun gerbang papataan Prabu Aji Putih teh utamana alatan aya pamaredih ti nu sok jarah ka makam Prabu Aji Putih,” pokna.

Kaayeunakeun, cenah mingkin kapikir, yen ayana tempat patapaan di Desa Pakualam teh bakal gede mangpaatna oge. Sajaba ti bisa jadi tempat wisata anyar di Pakualam, oge ngamumule jeung ngarumat Prabu Aji Putih, luluhur Sumedang.

“Nya tambih buleud we kahoyong ngadegkeun gerbang patapaan teh,” pokna deui.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Sakumaha anu ketiten ku Galura, dadasar gerbang patapaan Prabu Aji Putih teh geus dipasangkeun ku Yayasan Masyarakat Adat Prabu Lembu Agung, sawatara waktu ka tukang.

Tapi karek dadasarna wungkul, sabab kasungkeret ku waragad ari rek langsung ngadegkeun gerbang jeung wangunan sejenna mah. Ma’lum wararagadna ge ngan ukur ngandelkeun swadaya jeung sawatara donatur wungkul, acan aya rojongan ti pamarentah.

Perenahna eta gerbang patapaan, di Dusun Cilembu Desa Pakualam, Darmaraja, pas di sisieun pisan basisir Jatigede.

Baca Juga: Wangunan jeung Banda Cagar Budaya di Sumedang, Perlu Dirumat jeung Dimumule Babarengan ku Balerea

Lantara eta, mun geus jadi, nu jararah bisa sakalian nenjokeun endahna Jatigede ka jauhna. Eta teh sajaba ti silaturahmi ka Prabu Aji Putih nu makamna kakeueum tapi dipercaya ku nu sok jararah lelembutanna mah teu singna kakeueum. ***

Catetan : Kanggo lengkepna, ieu artikel tiasa diaos dina Galura Citak no 39. Kanggo nu peryogi koranna tiasa ngahubungi pemasarn Galura, Pa Endang Wahyu, 08156044854 atanapi Kang Yaya 085316669510.

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah