Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

- 18 Januari 2023, 14:25 WIB
Tuan Guru Bajang (TGB) Muhammad Zainul Majdi jeung Direktur Bisnis &  Penanggung Jawab PR, H. Januar P. Ruswita.
Tuan Guru Bajang (TGB) Muhammad Zainul Majdi jeung Direktur Bisnis & Penanggung Jawab PR, H. Januar P. Ruswita. /

GALURA -Ketua Harian Nasional DPP Perindo, Tuan Guru Bajang (TGB) Muhammad Zainul Majdi, Rebo (18/01/2023) torojogan datang kantor Pikiran Rakyat (PR), Jalan Asia Afrika Bandung.

"Teu aya agenda sanes, iwal ti silaturahmi sareng pingpinan katut jajaran Redaksi PR," ceuk TGB. Ngan, cenah, teu ngabibisani, dina silaturahmi lumangsung diskusi patali jeung Pemilu 2024.

Dina diskusi, ceuk TGB, paguneman leuwih neueul kana ngawanohkeun Perindo, partai nu salila ieu dipikareueus ku generasi milenial.

Hasil panalusuran Litbang Kompas taun 2022, elektabilitas Partai Perindo ngahontal angka 8 persen.

Baca Juga: Kasus AKI di Jawa Barat matak Pikangeneseun, dr. Nina Susana Déwi: “Ku Program KBPP, AKI tiasa Kaungkulan!”

Ceuk TGB, ngaronjatna elektabilitas Perindo, teu leupas tina soliditas sakumna kader Perindo di sakuliah Nusantara.

"Aya dua strategis nu salila ieu dilakukeun keur ngaraeh generasi milenial jeung generasi Z, ngagunakeun jaringan media sosial jeung komunikasi langsung," pokna.

Di media sosisal (medsos), ceuk TGB, Perindo aktif langsung ngadeukeutan melenial jeung generasi Z.

"Dina podcast, ngogan figur nu deukeut jeung generasi Z katu kaum milenial," pokna

Figur-figur bieu, ceuk TGB, di antarana pangusaha jeung tokoh komunitas.

"Strategis sejen, tiap kader ti pusat tepi ka daerah, turun langsung nepungan masarakat, generasi Z jeung milenial. Kabeh kader, tokoh partai, turun langsung teu diwilah-wilah," pokna.

Baca Juga: Pisah Sambut Camat Kutawaringin, Asep Ruswandi: Ditugaskeun di Mana waé Siap

TGB, netelakeun, di Perindo, taya tokoh nu sakral. "Matakna, ngadeukeutan masarakat ku jalan turun langsung babarengan, eta koncina," pokna.

Dina sela-sela diskusi nu diluuhan ku Direktur Bisnis & Penanggung Jawab PR, H. Januar P. Ruswita, TGB umajak ka sakumna warga, hususna milenial, aub jadi calon legislatif, dina kontestasi Pemilu 2024.

"Konvensi rahayat, sakumna anak bangsa daftar jadi caleg," pokna. Mun samemehna kaum milenial hese neangan partai keur nyalurkeun politikna, partai Perindo solusina.

"Daftar di Perindo, gunakeun IT, tangtukeun Dapilna," pokna.

Patali Jeung politik identitas, TGB, nandeskeun politik identitas keur nyingkirkeun lawan politik di Indonesia, sina tong aya.

Baca Juga: DLH Kabupaten Bandung Boga 104 Armada Angkut Runtah, Asep Kusumah: Masalahna di TPA

"Politik identitas dina ma’na primordial keur nyingkirkeun lawan politik kudu dijauhkeun, tong aya politik samodel kitu di Indonesia. Aneh, jalma beda sawangan jeung pikiran disangka munafek, nuding nu lain-lain. Tong kitu," pokna.

Ngeunaan politik identitas, TGB nu Doktor Ahli Tafsir Qur'an teh, nyebutkeun, sakumna individu gumelar ka alam dunya beda-beda identitasna.

Nu jadi masalah, ceuk ieu mantan Gubernur NTB dua periode, waktu ngalakukeun politik praktis, teu saeutik nu ngudag kaunggulan ku cara ngaeksploitasi identitas dina konteks nu negatif.

"Upamana wae, aya nu ngamobilisasi dukungan ngatasnamakeun gagasan nu paling valid tina sisi ajaran agama, anu beda pamikiran dianggap nentang ajaran agama," pokna.

Mun politik identitas diantep, ceuk TGB, baris jiga kotak pandora." Waktu dibuka kabeh jalma bakal ngagunakeun politik identitas, nyingkirkeun nu sejen," pokna.

Ceuk TGB, mun politik identitas digunakeun keur nyirian label lawan politik, ngaleutikeun lawan politik, bangsa urang baris ancur lebur.*** Cecep Ks

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah