Konsolidasi PDI Perjuangan di Majalengka, Hasto Nyebutkeun Gerak Cepat

27 April 2024, 18:14 WIB
Sekjen PDI Perjuangan Hasto Krisyanto. /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sekretaris Jenderal DPP PDI Perjuangan (PDIP) Hasto Kristiyanto ngaluuhan rapat koordinasi anu digelar ku Dewan Pengurus Cabang (DPC) Majalengka,  Saptu (27/4/2024).

Rapat digelar dina raraga konsolidasi nyanghareupaan pilkada serentak 2024 di Majalengka.

Saluyu katerangan Ketua DPC PDIP Majalengka Karna Sobahi, anu ngaluuhanana rapat teu kurang ti 1049 urang: Pangurus DPD PDI Perjuangan Jawa Barat, sakumna pangurus DPC Majalengka, nepi pangurus anak cabang, ranting-anak ranting.

Anggota dewan pinilih ti dapil Subang-Majalengka-Sumedang. Di antarana Mayjen (TNI) Purn. Tb.Hasanuddin.

Dina pidatona, Hasto nepikeun salam ti Ketua Umum PDI Perjuangan Megawati Soekarnoputri.

“Ibu Ketua Umum ngadugikeun salam. Anjeunna ngahatur nuhunkeun ka pangurus oge kader dugi ka tingkat ranting sarta anak ranting. Di satengahing tekenan sareng digunakeunana instrumen nagara dina rupi-rupi kacurangan hulu hilir,  pangurus ranting, anak cabang, DPC PDI Perjuangan mampuh nanjeurkeun diri sareng ngengingkeun pemilu noron 3 kali,” ceuk Hasto.

Hasto yakin, kaunggulan nu dicangking ku PDIP tangtuna wae alpukahna ti soliditas ngahijina kakuatan rayat jeung PDI Perjuangan.

Hal eta anu jadi alesanna, sanajan operasi kacurangan jeung intimidasi lumamgsung, korsi anu dicangking ku PDI Perjuangan di tingkat kabupaten kota ngaronjat.

“Rayat micinta PDI Perjuangan. Margi salami 5 taun dina saentragan pamarentahan, sadayana bagerak lungsur ka handap. Ngalaksanakeun penghijauan, ngaberesihan walungan, melak tatangkalann, senam SICITA, tur sajabina. Ieu mangrupi konci kebersatuan PDI Perjuangan sareng rayat,” ceuk Hasto.

Dina eta kasempetan, Hasto netelakan soal lobana pangurus ranting jeung cabang di daerah anu ngirim pesen nolak kana wacana tepungna Megawati jeung Presiden Jokowi.

"Seueur pangurus ranting anu meredih supados teu dilaksanakeun. Ieu soara bebeneran. Pangurus di daerah aub sareng PDI Perjuangan kumargi aya emotional bonding. Ieu anu namina kapamingpinan anu ngahiji sateng renghap rayat,” ceuk Hasto.

Hasto nyebutkeun, PDI Perjuangan poe ieu Saptu (27/4) bagerak cepet ngalaksanakeun konsolidasi di Kabupaten Majalengka anu mangrupakeun salasahiji basis pangbadagna PDI Perjuangan di Provinsi Jawa Barat.

Hasto nyebutkeun rapat teh konsolidasi anu munggaran pasca pemilu presiden jeung legislatif di tingkat kabupaten kota.

“Bagerak cepet konsolidasi di Majalengka,” ceuk Hasto di tepungan di acara Rapat Konsolidasi DPC PDI Perjuangan di salasahiji hotel anu kawentar di Kabupaten Majalengka Saptu (27/4/2024).

Disebutkeun Hasto konsolidasi di Majalengka  pikeun nyiapkeun pilkada serentak katut ngalaksanakeun evaluasi pilpres jeung pileg.

“Konsolidasi kangge bahan di rakernas PDI Perjuangan kaping 24-26 Mei 2024," ceuk Hasto.

“DPP PDI Perjuangan ngalaksanakeun pametaan politik tur ngagancangkeu  rekomendasi atanapi surat panugasan ka kader partey anu bakal nyacalonkeun (kepala daerah) kalebet di Kabupaten Majalengka," ceuk Hasoto Kristiyanto.

Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka, Karna Sobahi, nyebutkeun, hasil Pilpres 2024 di Majalengka teu nyangking target. Sabab dinamikana kawilang luar biasa, tekenan katut ikut campur aparat kawilang luar biasa karasana.

Sanajan kitu, di Majalengka, hasil pileg nangarkeun hasil anu hade.

“Alhamdulilah masih tiasa dipertahankeun 15 korsi, nalika di dapil sami diSubang oge Sumedang ngirangan. Di Majalengka samalih cangkingan soanten nambihan 16 rebu soara, sanaos sacara korsi masih tetep,” ceuk Karna.

Karna Sobahi oge ngahatur nuhunkeun ka pangurus daerah, hususna pangurus ranting jeung anak ranting sarta simpatisan.

Dina kondisi digoyang jeung diganggu, pon kitu deui didemo, tapi tetep pengkuh panceg.

“Aya saurna anggota masrahkeun KTA, tapi rengse dipaluruh, tetela cleaning service anu dibayar 200 rebu. Ditangtoskeun teu aya kader anu kaluar, nalika sakumna kader diajak kaluar, aranjeunna nolak, tur nangis balilihan tur nyebatkeun najis pami kuring kedah dugi kaluar ti PDI Perjuangan mah,” ceuk Karna.

“Mayunan pilkada serentak, sim kuring meredih supados tetep ngajagi sabeungkeutan tur sauyunan," ceuk Karna Sobahi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler