KH Thontowi Djauhari, MA: Miang ka Tanah Suci, Ongkosna Ulah tina Hasil Basilat

24 April 2024, 12:01 WIB
KH Thontowi Musaddad, M.A /Cecep KS/galura.co.id

GALURA.CO.ID -KH Thontowi Musaddad, M.A., kiyai ngora nu dina nyaritana teu weleh leubeut ku sindir siloka, dibarung ku heureuy. Kalan-kalan, aya kantandesanna mun nepikeun hiji pasualan.  Ngan, saha wae nu ngawangkong jeung ieu ulama nu ngarengsekeun studina di Jurusan Tafsir Hadits, Ummul Qurra, University Makkah,  tara pundung.

Komo tepi ka dendeman mah. Nu puguh, naon nu ditembrakeun ku Kiyai Tonthon, kitu nenehna, teu weleh dijadikeun hiji pepeling, panggeuing keur individu umat atawa sakumna warga masarakat. Da puguh, naon nu ditembrakeun ku ieu Mustasyar PWNU Jabar teh, katangtuan hukum agama Islam. 

Ngawangkong dina sela-sela acara pangajian di Masjid Raya Bandung,   nu jadi jejerna soal mabit di Mina Jadid, hiji daerah nu kaereh wilayah pamekaran ti Mina, ngan cenah lain bagian ti wewengkon Mina, tepika mucunghul kamandang majar Mina Jadid teh lain tempat nu syah keur Mabit (sare atawa mondok). 

“Ceuk saha teu syah, Mina Jadid teh Mina keneh, syah Mabit di dinya, nanyakeunnana atuh ka ulama asal Arab,” ceuk Kiyai Thonthon. Ngan, teu ngabibisani, ceuk Kyai Thonthon, Mina ti zaman Rasul teh tempatna memang geus heureut, ari kitu saban taun jamaah calon haji ti saban nagara teu weleh undak  jumlahna.

Matakna, ceuk Thonthon, ti Mina, tempatna dilegaan, nyambung ka Mina Jadid. Ngarah jamaah haji tumaninah, teu pasesedek.   

Bawirasa, keur leuwih ngantebkeun layanan ka Jamaah haji, Kementerian Agama RI, geus sapuk, taun 2024/1445 H ayeuna mah, sawarehna maktab jamaah Haji teu di Mina Jadid deui, tapi dipindahkeun ka wilayah Muaishim, nu jarakna ka Jamarat teh leuwih kurang 3,5 kilometer. 

Ceuk pamarentah, Mina Jadid nu lokasina kaereh di wilayah Muzdalifah, mun rek ngalaksanakeun lontar jumrah ka jamarat teh lalampahanna kurang leuwih tujuh kilometer. Ari Muaishim mah leuwih deukeut, komo keur jamaah lansia mah kawilang ngabantuna teh da jarakna leuwih deukeut. “Enya, apan Muaishim teh Mina Jadid tea,” ceuk Thontowi deui.

Soal Ibadah Haji, ceuk Thontowi, tong ngadurenyomkeun teuing sual Mina Jadid, da puguh cenah teu aya masalah. Nu penting mah, syarat rukun jeung niat haji, eta nu kudu dilelempeng jeung dibebenah deui mah.

Ulah tepi ka, niat haji teh, mun di lingkungan kantor, pedah anak buah geus mampu indit ka Tanah Suci, tuluy atasanna ngajak pamajikanna  indit ka Mekkah, da era ku anak buah nu geus hajian. Atawa, niat hajina teh hayang katangar ku batur. “Eta niat geus salah,” pokna.

Atuh,  hajian teh kudu jeung elmuna, kudu jeung eusi pesakna. Ulah indit hajian, tapi bolostrong, teu nyaho dina elmu panemuna. “Manglebarkeun mun lalampahan haji teu jeung elmuna, bisa ngacapruk,” pokna.

Nya kitu deui, dina soal biayana. Ceuk ieu Rais Syuriah PCNU Kabupaten Garut teh, ongkos haji keur nu mampu, kudu enya-enya halal, kasab ihtiar usaha neangan ongkosna kudu bener-bener teu ngarempak aturan. “Ongkos haji, ulah hasil tina basilat, tina korupsi, tina nipu, tina dana hasil BO, eta loba kajadian, teu berkah,” pokna.

Salila di Tanah Suci, urang kudu bener-bener ngalaksanakeun ritual ibadah haji. Ulah tepi ka, salila ngalaksanakeun ritual ibadah haji, naon anu diharamkeun, dirempak.

“Geus make baju ihram, ulah ngomongkeun jeung dzolim ka batur, ulah maehan sasatoan, ulah nyarita nu lain omongkeuneun, komo nyarita soal jorang mah, ngabayangkeun awewe urang Libanon nu bujurna demplon,” pokna.

Saterusna, salila di tanah suci, urang enya-enya khusuk ngalaksanakeun ritual ibadah haji, lain mikiran balanjaan kongkorong tepi ka reunceum dina leungeun jeung beuheung. Jeung sasama jamaah ngadon der pasea, bari masalahna teu sapira.

“Pasea eta ngajadikeun ibadah hajina batal, teu sah, kudu ngulang taun hareup,” pokna. Waktuna Wukuf, lobakeun Istighfar, maca al Qur’an, salawat Nabi jeung doa nu sejenna.

Thontowi teh, pituin putra ka salapan ulama sepuh Prof KH. Anwar Musaddad jeung Hj. Atikah Qurtuby. Ngarengsekeun sakola di tilu kota, kelas hiji jeung kelas dua di Yogjakarta, neruskeun sakola di Garut tepika kelas IV, ari namatkeun mah di Kota Bandung.

Ti dinya, Thontowi, masantren di Pontren Darussalam, Gontor, neuleuman elmuning agama Islam, faseh Basa Arab jeung basa Inggris. Genep taun di Gontor, satuluyna Thontowi ngobong di Pontren Al-Muayyad, Mangkuyudan, Solo, neuleuman elmuning husus al Qur’an. 

Nya, di Solo pisan inyana tepung jeung putrina KH. Ahmad Djisam Abdul Mannan, nu saterusna taun 1980 jatukrami. Istrina dibawa ka Mekkah, duanana bareng kuliah di Tafsir Qur’an Hadist di  Ummul Qurra, University.

Taun 1989, duanana mulang ka lemah cai.  Sawatara bulan dina taun eta keneh, Thontowi  miang deui ka Mekkah, neruskeun program studi S2 di paguron luhur eta keneh.

Salila di Mekkah, lian ti kuliah, gawena teh bumetah di perpustakaan, macaan eusining buku, sanajan jurusan tafsir hadist, tapi inyana teu bauan kabeh sumber elmu nu rageman dina eusina eta buku, dikuah.

Di saluareun kampus, mun aya waktu nu rineh, Thontowi remen datang ka tempat pameran kitab, di Mekkah, Jeddah, atawa di Riyadh,  duit nu aya dina sakuna teh dijeujeuhkeun keur meuli buku jeung sarupaning kitab. 

Munasabah, taun 1993 mulang nyiar elmu di Mekkah, nu dibawa ku Thontowi teh sajumlah buku jeung kitab nu beuratna opat ton.  Koleksi buku jeung kitabna, diteundeun di imahna, sawarehna diteundeun di pustaka pasantren jeung di pustaka Sekolah Tinggi Agama Islam Al-Musadaddiyah, Garut.

Mulang ti Mekkah, Thontowi ngabdi ka masarakat jadi dosen di STAI Al-Musaddiyah jeung dosen di Universitas Garut. Aktif oge dina sawatara organisasi. Kadieunakeun, geus aya taunna, ieu kiyai nu geus boga opat turunan teh, ngasuh oge Pontren Luhur Al-Wasilah, di Cipanas, Garut.

Eta Pontren ngadeg dina tanah hibah ti nu jadi ibuna, Hj. Atikah suargi (almh), nu ngajariahkeun lahan taneuh keur pasantren asmana nu jadi akina, Almh. KH. Qurtuby. Obsesi eta pontren nu gratis biayana teh, hayang nyitak jeung nanjeurkeun para wanoja nu jadi Hafidz al Qur’an.

”Ngamekarkeun potensi Huffadz memang teu gampang,” pokna. Atuh, di Al-Wasilah, saban mulang, mayeng sok aya pajamuhan ulama Garut jeung sabudeureunna, madungdengkeun masalah ajaran Agama jeung soal kabangsaan, diskusi nu dinamis jeung transparan nu kalan-kalan diskusi eta diluuhan oge ku para tokoh lintas agama.

Nyabit soal kabangsaan, nyarita kaayaan Indonesia kiwari, ieu kiyai bendo teh muji syukur nagara Indonesia teh salawasna aya dina kamajuan, nagara nu gemah ripah sugih mukti, nagara nu ngangkat nilai-nilai kamanusaan. Teu kawas di nagara deungeun, teu saeutik nu hirupna sekuler jeung kapitalis.

“Husus, nyarita daerah Garut, rek dibawa kamana ku pingpinan daerah, atawa engke ku bupati pinilih masarakat, tinggal nanyakeun ka para calon Bupati katut calon Wakilna nu mimiti ngaranna kiwari tinggilisir di masarakat.

Rek enya-enya ngawangun daerah, ngawangun masarakat, atawa mun kapilih rek medah-meduh neangan kauntungan keur pribadi jeung kolehana. Di dieu perluna masarakat, seukeut deuleu, seukeut rasa, nitenan calon para pamingpin,” pokna.

Mungkas obrolan, Kiyai Thontowi, ngarojong kana rarancang Pj Gubernur Jabar, patalina kasus duit parkir di lingkungan Masjid al Jabbar. Dina seuh-seuhanna, rarancang Pj Gubernur Jabar, kabeh manajemen masjid di lingkungan Pemprov Jabar, boh Masjid al Jabbar, Masjid Raya Bandung, Masjid Pusdai jeung sajumlah masjid sejenna, rek dievaluasi jeung dibebenah deui soal manajemenna.

“Aya dongeng yeuh,” cek Thomntowi. Sakali mangsa, inyana rengse ceramah agama di hiji masjid. Ku salasaurang pangurus DKM, diajak dahar di kantin bari ngasongkeun honor ceramah. Bari neken kwitansi, ku Thontowi, hareupeun eta pangurus DKM teh eusi amplopna dibuka, nyatana, antara eusi amplop jeung katangtuan jumlah honorna henteu sarua.

Waktu ditanyakeun, majar  honorna dipotong keur pajak. Padahal aturan pajak geus aya rengkolna dina kwitansi. Ti harita, sawatara bulan,  ngaran Thontowi euweuh jadwal di sajumlah masjid, kaasup di masjid nu aya di lingkungan Pakuan. Cindekna, geuning nu goreng laku, di lingkungan masjid oge aya. “Eta kudu dibebenah, kuring jadi korban DKM,” ceuk Thontowi, dibarung heureuy.*** Cecep Ks   

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler