Lebaran Taun Ayeuna Taya Warta Macetna Cileunyi, Nagreg, Limbangan jeung Malangbong

10 April 2024, 08:35 WIB
Tol Cisumdawu ngalantarankeun jalur tengah dina Lebaran 1445 teu macet. /Dok. Ckjt /

 

GALURA.CO.ID -Aya nu beda Lebaran 1445 H ayeuna jeung Lebaran taun-taun memehna. Naon? Dina tv, medsos, taya warta ngeunaan macetna jalur tengah Jawa Barat: Cileunyi, Nagreg, Limbangan, Malangbong Ciawi jeung sajabana.  

Naha? Jalur tengah Jawa Barat ayeuna mah dina Lebaran taun ayeuna henteu macet deui. Taya mobil nu ngantay manjang, taya mobil pribadi nu mogok di Gentong. Malah motor oge ngurangan, teu katempo pating sulabreng.  

Ari macet di Limbangan, Malangbong mah eta geus biasa. Ari lain usum mudik oge sok macet. Di ieu wewengkon macetna Lebaran taun ayeuna teu beda jeung dina poe-poe biasa. Kitu deui ngantayna kandaraan di Gentong jeung nagreg.

Baca Juga: Arus Balik Lebaran 1444 H, Kapolres Majalengka Ngaroris Siapna One Way di jalan Tol Cipali

Pangna jalur tengah Jawa Barat bisa disebutkeun dina Lebaran taun ayeuna teu loba nu ngaliwat alatan jalan tol Cileunyi, Sumedang jeung Dawuan (Cisumdawu) nu nyambung ka jalan Tol Cipali. Anu mudik ti Bandung Raya ka Jawa Tengah atawa Jawa Timur make mobil pribadi ayeuna mah teu make jalur tengah.

Ti Bandung Raya, upamana ti Cimahi, Kabupaten Bandung, Kota Bandung, rek ka Jawa make jalan Tol Cisumdawu terus nyambung ka jalan Tol Cipali. Ari memeh aya Tol Cisumdawu mah make jalur tengah, rek make jalan tol Cipali, ka Sumedangna sarua macet, parat tepi ka Cirebon.

Tina kituna ayeuna mah anu ti Bandung Raya marudik ka Jawa teh make Tol Cisumdawu. Komo deui anu ti Jabotabek mah, sanggeus aya Tol Cipali mah tara make jalur tengah.

Ti Jabotrabek, ti Banten nu rek ka Ciamis, Banjar, Majenang Cilacap, jeung sajabana oge make Tol Cipali kaluar ti Kertajati, terus make jalan Kadipaten-Majalengka, Maja, Talaga jeung Cikijing. Ti Cikijing bablas make jalan nu ka Ciamis.

Ku kituna, jalur tengah mah ukur dipake ku nu marudik ti Bandung Raya nu rek ka Limbangan, Malangbong, Ciawi, Tasik, Ciamis jeung sabudeureunana. Pemudik lokal.

Tiiseunana jalur tengah dina Lebaran 1445 H ngalantarankeun padagang dadakan ngurangan. Atuh padagang nu geus maneuh dagang di sisi jalan jadi kurang omzetna, kitu deui warung makan atawa restoran teu sarame Lebaran taun-taun memehna.

Jalur tengah mingkin tiiseun lamun Tol ti Cileunyi tepi ka Kota Banjar ngawujud.***

 

  

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler