Perang Sarung, sababaraha Rumaja Diamankeun Polsek Cigasong, Kapolres Cumeluk Pentingna Nalingakeun Rumaja

14 Maret 2024, 06:59 WIB
Rumaja nu rek perang sarung diamankeun ku Polsek Cigasong, Kabupaten Majalengka (13/03/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Anggota piket Polsek Cigasong Polres Majalengka Polda Jabar sukses nyinglar rencana perang sarung di wilayah Kecamatan Panyingkiran.

Patroli piket Polsek Cigasong anu dilaksanakeun di Los Bendungan Sangraja Kelurahan Cigasong Kabupaten Majalengka ngamankeun ka genep rumaja nu rek perang sarung, Salasa peuring (13/03/2024).

Hasil katerangan ti eta genep rumaja,  arinyana boga rencana pikeun ngalaksanakeun perang sarung jeung sabubuhan rumaja ti Maja. Lokasi perang sarung rek lumangsung di Dusun Cioray, Desa Tajur Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Jalan Cikijing-Kuningan Urug, Sat Lantas Polres Majalengka Ngarekayasa Lalu Lintas

Jam 23.00 WIB, rumaja ti wilayah Kecamatan Panyingkiran nepi ka lokasi perang sarung di Dusun Cioray Desa Tajur.

Nitenan jumlah rumaja ti Maja anu kawilang loba, arinyana merod ngarasa gimir sarta lalumpatan, satuluyna nyumput di Los Bendungan Sangraja Cigasong.

Kanyahoan ku patroli Polsek Cigasong sarta  diamankeun. Kanit Propam Polsek Cigasong, Aipda H. Dudi Sudiana, S.Sos, bareng jeung anggota Polsek Cigasong mere pembinaan jeung arahan ka eta genep rumaja.

Rengse nampa pembinaan tur arahan, sakumna rumaja dipasrahkeun ka kolotna masing-masing. Kabehanana dititah nyieun surat pernyataan moal deui ngalakukeun perang sarung.

Baca Juga: Polres Majalengka Gelar Rekonstruksi Rajapati di Hareupeun Pakarangan SD Negeri Simpeureum II

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR, ditepikeun Kapolsek Cigasong IPTU Adeng, negaskeun pentingna pembinaan ka generasi ngora.

"Simkuring miharep  ieu tiasa janten palajaran kangge sakumna palajar supados teu kalibet dina kagiatan anu ngarugelkeun diri nyalira pon kitu deui anu sanesna. Pembinaan tur arahan janten konci dina ngabentuk karakter positif generasi penerus bangsa," ceuk Kapolsek Cigasong.

Kapolsek Cigasong oge cumeluk pentingna peran kolot dina nitenan jeung ngaping barudakna.

"Dipiharep supados sepuhna tiasa masihan perhatosan anu langkung ka paraputrana, supados tumuwuh janten generasi anu tanggel waler tur mibanda niley-niley positif," ceuk Kapolsek Cigasong IPTU Adeng.

Kasuksesan patroli Polsek Cigasong dina nyegah perang sarung jadi bukti komitmen Polres Majalengka dina ngajaga katartiban tur kaamanan di wilayahna, sakaligus ngabina generasi ngora keur ngajauhan perilaku negatif.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler